Bagéa, anaking, kanca-mitra, dulur-baraya. Sumangga sindang di blog simkuring, pamugi aya mangpaatna...!

Senin, 13 Januari 2014

Fiksimini Basa Sunda



Magénta
ku Imas Rohilah
 
Teregos jeung hélem padet na beungeutna. Jangjingna jékét gandola jeung légging sarwa kulit campego dina métik. Kolényay, konéng tonggong sukuna, magénta sapatuna, urat-urat semu biru katohyan saliwatan.  Keteg jantung reus sakedapan. Angen ngoléab, bajréd, busrat-basrét na kejem jalan. Manco deui kana lampu, tugur waktu. Selepung mangprung. Sebrut diudag. Teu tolih nu susumbar. Gilek ngénca, Sup ka mall, dituturkeun. Hélemna deuih nu inget téh, kayas. Tenga-tengo di parkiran, suwung. Sulusup ka konter-konter, sugan aya milik. Sirah kayas dikoréhan, bet susah pisan. Mending sungsi sapatuna.  Teu nelik sisi jeung gigir, husu tumungkul. Bray, bray warna-warna sapatu, hideung ilahar, bodas ilahar, coklat ilahar, marun ilahar, héjo, konéng, pérak, emas. Kasilep jadi ranyay na téténjoan, duh tarajé widadari. Nahnay. Gék nyanding manekin, “Wilujeng siang,” galéhgéh nakeran. Krep nu bajréd gumulung deui. Angen ngajetut. Sukuna ngolényay konéng. Tapi teu disapatu. 



Anting Gypsi
ku Imas Rohilah
 
Jen di nu ieu, nu séjén panjang antrian. Tapi éta nu hareupeun, karanjang sorongna mani metet. Si Étéhna pakupis jeung budak,  bacéprot curum-caram, “Sama Papah, sama Papah.” Tutunjuk ka lalaki nu ngajengjen hareupeunana. Ribet Étéh. Euleuh salah meunteun, lain ribet, tapi modis tur nyawéné. Kitu-kitu, tapi éta suku jéngké waé da sendalna jungkung, leungeun baju ngaléléké, pakupis deuih nyingkab-nyingkab buuk, can bulu mata palsu jeung anting gypsi sagedé geulang koroncong.
Réngsé prosési scanning barcode balanjaan, créng salakina babayar, lain créng kétang, sréét…. Si anting gypsi sakulawadet leungit na paningali, sedeng kesanna napel pageuh na uteuk, rahuuh….
Cag babawaan, ngalungsar. Kasaksén si cikal keur mangwuduankeun bapana nu nyangheuy na korsi roda, si bungsu pahibut mukaan balanjaan, si panengah imut ngasongan téh haneut, leguuk…. 


Every Minute of The Day, I Keep Loving You
ku Imas Rohilah
 
Simpé. Mangsa nu panggoréng-goréngna dina kahirupan kuring, sabab sakieu simpéna. Nyorangan, ngan sorangan. Keprul-keprul salju munggaran ngawurkeun kalongkéwang. Kalakay-kalakay sésa tingkoléang nebarkeun kalewang. Nahnay, haté nu nahnay. Leuseuh, jiwa nu leuseuh. Angin winter suméar, ngirimkeun nyenyepna hawa laut Atlantik. Kapeung ngadudud ngajaulkeun eusi angen. Kalan ngulikbek ngaheumbat-heumbat eusi dada. Ieu aya honeng, ieu aya kangen. Lawas ngalukut, tiis paripurna. Tapi keur saha?
“Come on, Dad!”  Rénjag! Salju napuk na pipina nu kebi nu angger kayas. Tetengger diusap, wilujeng leleson, Nung.
“Hayu, bageur!” Tapak-tapak sapatu ngajauhan makam, kalimpudan salju laun-laun.


Téngkor Kadelé 
ku Imas Rohilah

“Tong ameng sareng pameget, bisi pacampur getih!”
Berengbeng, srog, “Hayang..., ménta!” Kadelé dina téngkoran pamahanan Enin ledis. “Ih, lalaki wungkul nu dibéréna!” Babaturan awéwé méh parundung. “Atuda kapiheulaan!”
Balikna, “Yeuh, istri teu kéngéng jalingkak! Sing andalemi! Tangka kalotor kieu, tataékan boa!” Gewor-gewor, cai hérang ngaguyur awak.  Las-las, anduk leutik kana beungeut, lemes, seungit. Las deui anduk leutik nu séjén kana sabudeureun rarangan, lemes deuih.  Anduk panggedéna kana bagian awak nu can diandukan, rup sakalian disimbutkeun.
“Hiji wé atuh andukna, Enin?”
“ Sssst..., ambéh geulis!” Nompo, ngaharéwos. Damisna lemes, seungit.  Dugi ka pupusna Enin mah, damisna limit cahayaan.
Kalaksanakeun kabéh gé pépéling Enin téh. Nu inget mah.
“Makasih, demoh!” wel, cék meunang nandatangan kana sesela susu. “Jangan sama yang lain!” Ngiceupan. “Wani piro?” dikiceupan, las-las, tisu baseuh kana beuheung, baruruten.
“Beneran?” curinghak, dasina diudar deui. Padungdengan jeung rayuan, sapuk.
Deuh, genah! Mobil sport anyar, apartemén méwah! Waragad hirup? Teu ringrang sing!
 

3 komentar: