ku Imas Rohilah
Tugas pangcétékna pikeun Pembina OSIS
nyaéta ngeprak barudak sangkan rapih jeung siap nalika upacara. Pangcétékna di antara
tugas-tugas nu lian. Komo ieu da prakna dibantuan ku pangurus OSIS utamana séksi
Pendidikan Pendahuluan Bela Negara. Tapi najan enya pangcétékna, teu wudu matak
jangar jeung cangkud tuur. Ngaranna ogé ngatur jelema, teu jiga ngatur meri
atawa embé. Meureun, mun geus ngalaman mah ngatur embé jeung meri. Sanajan
barudak sakola diseragamkeun bajuna, angger wé kahayangna mah béda-béda, teu bisa
dijebréd rata.
Caturkeun hiji waktu, ninggang Hari
Kartini. Barudak diwajibkun upacara kaasup guruna. Sanggeus bél panjang
sababaraha kali, barudak nu hideng buriak ka lapang, nu teu hideng ngarélég baé
di kelasna, malah aya nu noyod di tukangeun sakola, ocon jeung padabaturna.
Saperti biasa saban kelas
dikurilingan, bisi aya budak nu melid embung upacara. Tinggal nyieuh-nyieuh
sina ka lapang. Di lapangna mah geus teu kudu dipikiran, diurus ku barudak pangurus
OSIS. Kelas hiji-dua, kabéh matak bungah, teu aya nu melid, teu aya nu
pura-pura gering, kabéh geus ka lapang. Kelas tilu, nyéta abong anak jelema,
mingkin lila diurus téh lain mingkin iceus, kalah mingkin luar-léor kawas oray
loba huluna.
Élji lalandianana. Boga panon sipit
nyepring, irungna mancung, ceulina rada rebing. Kaasup pantes budak téh, ngan hanjakal
bandelna béakeun ku sorangan. Ti mimiti ngaroko, baju kaluar, bolos, kabur, teu
migawé PR, niron bari ngancam, peletak-peletuk ngomong teu puguh di kelas,
nyingsatkeun erok budak awéwé, saré di kelas, ngaleungitkeun buku perpustakaan,
embung dicukur, majeg-malak, gelut, ngagambaran buku pakét ku gambar porno,
jeung lianna aya di manéhna. Sababaraha kali indung-bapana diangkir ku guru BP
ka sakola. Saminggu dua minggu aya hasilna, ka dituna kitu deui. Pipusingeun
guru-guru.
Liga ngaran resmina mah. Teuing
bapana purah nongton bola meureun. Boga hasna téh sok sportif, dina unggal
‘karya’ bandelna, sok aya wé inisial LG. “Bu Imas jiga batok, by LG” dina bor
rohangan karawitan, salasahiji karyana. Loba nu lian nu matak murel jeung
beureum beungeut. Perjangjian panungtung jeung kolotna maké materéy. Mun sakali
deui kabandelanana teu meunang pangampura, kolotna kudu nyabut Élji ti sakola.
Dikaluarkeun kasarna mah.
Dititah naék ka lapang, Élji kalah
garayam-gereyem, teuing ngomong naon, teu kaharti, biwirna nyangked, panon
sipitna ménéléng, ari leungeun siga sakadang bos nangkeup harigu, gado wéh
dangah saeutik. Ceuk pangrasa kuring harita manéhna ngaléléwéanan. Mudigdig
napsu téh. Aya masalah dina sistem limbik. Otak kénca teu metu, nu jalan otak
katuhu, ‘pembajakan’ néokortéks téa meureun ieu téh. Keuhheueueulll…!
Mémangna aing teu wani siah Sélji? Bari
durugdug tuturubun nyusul budak nu leuwih ti heula mangprét. Untungna
‘pembajakan’ néokortéks teu saratus persén, otak masih kénéh jalan. “Mémangna
Ibu teu wani?!”ari lumpat mah angger teu ngagancangan.
Heueuh budak sotéh umurna, dicalana
pondok balaha-boloho, ari awakna geus halughug ngaleuwihan guruna, komo
lumpatna mah. Jeung budak téh pinter balucat-balicet, persis jiga keur
ngaleueurna, ripuh kuring nu ngudag. Berengbeng lumpat ka pasir. Aya kénéh pasir
di dieu mah, moal éléh ku Hollywood, éndah, paragi ngalangeu bari nyawang
barudak nu keur baroga kagiatan. Éta budak lumpat ka dinya. Ajleng-ajlengan, tasna
kulawat-kulawit. Inget kénéh jigana kana topina mah, dikiwir-kiwir wé ku leungeun
kéncana, dipaké sieun murag jigana.
Ari keur normal mah naék kana pasir
téh kudu kakarayapan sok muntang kana tangkal-tangkal sadagori nu jadi ku manéh.
Ieu mah henteu. Asa jadi jagoan kieu ieu téh. Jiga détéktif awéwé na
pilem-pilem. O enya, jiga Cindy Wrothrock, jiga Sandra Bullock, ehm, Sandra
belok. Hak sapatu opat sénti, erok panjang, teu ngahalangan. Asa téréh tepi ka
luhur pasir téh. Tapi keukeuh si ontohod Élji teu kasusul. Geus turun deui ngan
sakolépat. Kuring gé teu éléh kahayang mah. Tuturubun deui nyusul pejuh. Jeung
ieu kembang dom-doman narapel kana erok, mani rocop, gétek, semu peurih kana
bitis.
Karasa ayeuna mah hah-héh-hoh. Élji
katingali ngulawit tasna wungkul ka gigireun rohangan kelas dua, disusul. Awas
siah mun beunang, moal asa-asa! Ka mana mangkeluk
téh? Euweuh. Culang-cileung. Enya pinter. Mun penjahat kelas internasional mah
néangan suaka pulitik meureun, lumpatna ka warung. Ka warung batur, luareun
sakola, puguh can bogaeun pager sakolana. Katémbong tonggong Élji ngolépat ka
tukangeun panto warung. Bener diplomatis mikirna budak téh. Kuring kateug
peuntaseunana. Nu keur ngariung di warung marelong wé ka kuring, teuing
mangkarunyakeun, muga-muga lain mupuas. Cindekul wé tungtungna mah di kantor
bari mépés késang. Upacara laju, kuring teu milu.
Cenah Elji gé teu burung milu
upacara. Sanggeus réngsé upacara, manéhna dikurilingkeun sababaraha kali di
lapang. Ceuk pamikir, moal beunang ku dihukum kitu budak éta mah. Kahayang
kuring harita, asongan surat pamungkas. Bijilkeun. Tapi budak téh mani
tinyungsruk-nyungsruk ceurik ka kuring jeung ka guru-guru séjén hayang terus
sakola. Seug atuh Ji, hayang sakola kénéh mah.
Datang ka imah nyanghunjar lambar, jol
si cikal, kelas tilu SD. Pipina jéér, beungkeut buukna baseuh ku késang. Sarua
tas upacara manéhna gé.
“Mamah mani seueur?” panonna colohok.
“Mamah upacara dimana?” tanyana deui bari ngenyotan és lilin. Leungeun kéncana hideng pabuis nurutan polah
kuring nyabutan dom-doman tina erok. És lilinna nyakclakan sakapeung kana erok
kuring.
“Nyandak mangkok, jung!”
Budak ngojéngkang sakilat. Hayang
jadi guru cenah mah budak téh. Teuing masih kénéh hayangeun jadi guru, mun
ngeunteung ka indungna nu jiga kieu. Dom-doman sésa tadi nyabutan di sakola dikumpul-kumpul,
mani tiungku-ungku, sup-sup kana mangkok leutik bawana.
“Urang sayur nya, Néng.” budak ngahéhéh.
Gebeg, reuwas kareureuhnakeun. Sora
motor mani ngagoronggong ngareureuwas. Sada eureun hereupeun imah. Cengkat tina
nyanghunjar. Ditempo ti tukangeun hordéng. Lalaki sembada turun nyetandarkeun
motor. Buukna hérang ngariab jiga buuk Ian Antono.
Kacamata hideung, kaos bodas dijakétan, ngaliglag teu diselétingkeun kabéh.
Nu diboncéngna rumaja, awéwé lenjang.
Apal ka nu ieu mah, keur kuliah di kaguruan. Sarua dikacamata
hideung, buukna nu galing muntang kaanginkeun. Apal pisan rigigna. Ah, Si Tétéh.
Budak ieu meureun nu sok galécok dicaritakeun ku manéhna ari mulang téh.
“Mamah, Aa mah lucu, wisuda téh
rambutna dibeungkeut ku tali warna-warni,” cenah dua minggu ka tukang.
“Aktip Aa mah di kampus téh, Mamah,”
pokna deui.
“Hoyong ka dieu cenah, kéngéng teu Mah?” panonna ngénclong kebek pangharepan
nunungguan jawaban kuring.
“Apan nembé seméster dua Tétéhna gé.”
Budak ngahéhéh. Si Mamah tinggaleun jaman cenah meureun, barudak SMP waé geus
baroga kabogoh, maenya ieu nu geus mahasiswa teu meunang. Heueuh dicaram-caram gé komo bari keras nyaramna, sieun pelengkung bekas
nyalahan. Dititipkeun wé antukna mah, teu weléh ka Nu Kagungan, puguh budak
jauh di pangumbaraan. Diunggeukan téh teu sirikna luncat Si Tétéh.
Teu buru-buru kaluar, barudak diantep
sina arasup.
“Téh?” panon ngaguliksek. Ditingali
pangheulana lebah dada jeung beuteungna. Kabiasaan kuring éta mah. Aéh lain
suudon, ieu mah kahariwang indung. Budak sakitu cangker jeung seger, maenya ah!
“Mah, Aa.” Si Tétéh metot leungeun
kuring ngawanohkeun budak sembada.
Si buuk hérang ngariab, nyampoyong
sasalaman rengkuh, “Ibu,” cenah, sorana ngebas beresih.
Dilelek-lelek, “Élji,” biwir
ngarenyu.
“Mamah tos kenal?”
“Puguh wé, geus dicirian ti
baheula…,” bari haté mah galécok, pigurueun euy?
“Nuju nganggur, Ibu,” Élji ngahéhéh.
Lentongna mangpéngkeun kasalempang.
“Keun baé da moal langsung boga gawé,”
cekéng. Seug Dak, jadi guru, jadi guru atuh. Baé, mending gé gondrong Élji mah
kasép, mun Ibu jadi Menteri Pendidikan mah dimeunangkeun guru gondrong.***
(Tina Manglé taun 2002)