Bagéa, anaking, kanca-mitra, dulur-baraya. Sumangga sindang di blog simkuring, pamugi aya mangpaatna...!

Selasa, 27 November 2018

Biantara

Ku Imas Rohilah

Wangenan Biantara
Nyaéta nyarita di hareupeun jalma réa kalayan maksud nepikeun informasi.

Ciri-ciri Biantara

Nu nyaritana saurang. Dina biantara anu nyarita téh ngan saurang, dibandungan ku pamiarsa nu ngaregepkeun.


Nu ngabandunganana lobaan, dina biantara, anu ngabandunganana/anu ngaregepkeunana/pamiarsana lobaan.

Aya informasi anu ditepikeun, biantara tujuanana pikeun nepikeun informasi, tangtu baé mangrupa informasi penting ceuk ukuran nu biantara jeung pamiarsana. Bandingkeun jeung nu gélo jojorowokan di lapang hareupeun jalma réa. Éta nu gélo teu bisa disebutkeun keur biantara sabab anu ditepikeunana ngacapruk, tanpa maksud jeung tujuan, lain hal anu penting.

Komunikasi saarah/sajalan. Dina biantara teu aya dialog anu inténs antara nu biantara jeung pamiarsana. Komunikasina ukur saarah/sajalan ti nu biantara ka  pamiarsa. Dina ayana dialog, paling ukur sakali dua kali, bari sakadar tanya-jawab rétoris, nyaéta ngajawab pertanyaan anu sabenerna henteu merlukeun jawaban.



 Jenis-jenis Biantara
Jenis-jenis biantara bisa ditingali tina jihat padikana/métodeuna ogé bisa ditingali tina jihat eusina.

Biantara tina jihat padikana aya opat rupa nyaéta (1) biantara naskah, nalika biantara aya naskah anu dibaca, bari éta naskah téh saméméhna disiapkeun heula kalayan asak; (2) biantara ngadadak , osok disebut biantara impromtu, nyaéta biantara anu ngadadak, teu siap-siap nyayagikeun heula naskah saméméhna, upamana nalika datang kana hajatan, diperedih ngadadak sangkan biantara atawa ngadadak kudu biantara sabab ngaganti batur anu aya halangan; (3) biantara ngapalkeun, ieu mah sabalikna tina biantara ngadadak, dina biantara ngapalkeun, disiapkeun heula naskahna, disusun kalawan asak, tuluy diapalkeun; dina prungna biantara, éta naskah téh kudu geus ngolotok apal; contona biantara barudak sakola anu miluan pasanggiri; (4) Biantara ékstémporan, biantara ékstémporan gé teu maké naskah, tapi naon-naon  bahan anu rék ditepikeun geus disiapkeun saméméhna, samalah aya anu sok dituliskeun poin-poin pentingna dina keretas sacewir leutik.

Biantara ditilik tina eusina, aya (1) Da’wah, ieu biantara eusina pangajaran agama, si’ar nitah milampah kahadéan jeung nyaram milampah kagoréngan, biantara ieu dipilampah ku para da’i, ustad atawa ulama. Hutbah bisa digolongkeun kana biantara ogé, hutbah dilaksanakeun dina acara ritual kaagamaan islam, nyaéta salat Jum’at jeung kawinan; (2) Kampanyeu, biantara ieu eusina ngajakan biluk/miluan kana program nu ditawarkeun, upamana partai pulitik, kagiatan sosial, jeung lianna; (3) Penyuluhan, biantara anu eusina pituduh milampah pagawéan saluyu jeung program pamaréntah, upamana penyuluhan kaséhatan atawa penyuluhan tatanén (4) biantara bodor (stand up comedy), jaman kiwari mah ilahar dina TV-TV hakekatna mah jalma ngabodor sosoranganan, eusina tangtu baé bobodoran, banyol, heureuy , atawa humor; (5) kuliah umum, nyaéta biantara anu eusina matéri-matéri akademik anu diayakeun ku paguron-paguron luhur, pamiarsana biasana loba pisan. Jeung réa-réa deui lian ti éta.

Sistimatika Biantara

Biantara téh kudu ngaleunjeur, kudu puguh éntép seureuhna. Ulah sambarangan nyarita, teu puguh susunanana, kudu puguh sistimatikana. Nu dimaksud sistimatika téh poko-poko babagian biantara ti awal tepi ka ahir.

Sistimatika biantara umumna jiga kieu:

I.              Bubuka

A.    Salam Bubuka:
1.      Salam kaagamaan (misilna Assalamualaikum Wr. Wb.)
2.      Salam Sunda (sampurasun, posisina bisa di awal bisa di tungtung biantara, tapi cukup di salasahijina)
B.     Puji ka nu Maha Kawasa  jeung solawat ka Kangjeng Nabi  (saluyu jeung ageman masing-masing)
C.    Salam hormat/salam pangbagéa nyaéta nataan jalma-jalma anu hadiur luyu jeung tingak kalungguhanana, ditataan ti nu pangkat pangluhurna tepi ka nu panghandapna
D.   Nganuhunkeun ka panata acara nu geus maparin kasempetan jeung ka nu ngondang
E.    Menta dihampura bisi nalika cumarita engké aya kakurangan

II.             Eusi:

A.   Bubuka Eusi
B.   Poko Eusi
C.   Panutup Eusi, kaasup di jerona kacindekan

III.          Panutup

A.    Ménta hampura bisi nalika nyarita tadi aya kakurangan
B.    Nganuhunkeun kana perhatian
C.    Salam panutup

Rinéka Basa dina Biantara

Ngarah eusi biantara gampang kahartina ku pamiarsa jeung sangkan biantara genah kareungeuna, dina biantara diperlukeun mamanis basa. Rinéka basa téh mamanis basa mangrupa hiasan kana ungkara-ungkara anu ditepikeun nalika biantara. Ngahias ungkara bisa dipilampah ku cara ngasupkeun paribasa, ngasupkeun babasan, ngatur purwakanti, ngasupkeun gaya basa (majas), atawa ngasupkeun sisindiran.

Najan rupa-rupa carana, tapi  ngahias ungkara basa teu meunang kaleuleuwihi, sabab eusi biantara bakal hampos, kasilep ku mamanis basa anu reumbeuy teuing. Engkéna nu ngupingkeun bakal ngarasa bosen.
Conto rinéka basa ku cara ngatur purwakanti katitén ieu: “Puji sukur sumangga urang sanggakeun ka Gusti Alloh anu Maha Gofur.” Aya purwakanti laras madya dina kecap ‘sumangga’ jeung ‘sanggakeun’, aya purwakanti laras wekas dina kecap ‘sukur’ jeung ‘gofur’

Hal-hal anu Perlu Ditukuhan dina Biantara

Aya sawatara hal anu perlu ditukuhan nalika biantara nyaéta volumeu sora, artikulasi, lentong, randegan, tekenan, témpo, gerak awak, jeung pasemon.

Volume sora nalika biantara kudu cukup, hartina cukup kakuping ku pamiarsa anu posisina panganggangna. Upama kira-kira moal kakuping, perlu diayakeun alat bantu pikeun narikkeun sora, sound system sapuratina. Volumeu sora ulah kaleuleuwihi tarik teuing, sabab moal puguh kakupingna, komo bari jejelengéngan teu puguh mah.

Artikulasi kudu jelas jeung merenah. Kaluarna sora tina alat-alat ucap kudu meneran. Contona lamun sora /m/ tangtu kudu dihasilkeun ku jalan ngarapetkeun biwir luhur handap. Sora /b/ jeung sora /d/ upamana, kudu jelas kakuping bédana.

Lentong kudu merenah. Nu dimaksud lentong téh nyaéta lagu kalimah. Aya lentong nu teugeug, aya lentong nu lemah-lembut, aya lentong nu némbongkeun sumanget nu ngabebela. Unggal-unggal wewengkon mibanda lentong anu rupa-rupa, upamana lentong urang tengah Cianjur bakal rada béda jeung lentong urang kidul Cianjur. Lentong bisa diulik, gunakeun lentong anu pas nalika biantara.

Randegan penting pisan pikeun diperhatikeun. Lamun biantara ngadulungsung tanpa aya randegan, mana teuing kasiksana boh nu biantara boh nu ngupingkeun. Ngarandeg/eureun/jeda téh kudu merenah tempatna. Palebah mana urang kudu eureun. Nalika latihan biantara, dina naskah, biasana randegan dicirian ku garis déngdék hiji (/) pikeun randegan sakeudeung, jeung garis déngdék dua (//) pikeun randegan anu panjang.

Tekenan/aksén kudu merenah. Nalika biantara perlu aya sawatara engang (suku kata) dina kecap-kecap anu perlu diteken ngucapkeunana. Pikeun nempatkeun tekenan kalawan merenah perlu latihan biantara anu lila.

Témpo atawa alon-gancangna biantara. Témpo biantara kudu diatur, ulah gancang teuing, ulah alon teuing. Gancang teuing matak capé ngupingkeunna, alon teuing matak kesel jeung bosen.

Gerak awak, téh gumulung antara sakabéh anggahota badan, tangtuna gé ulah kaleuleuwihi. Kumaha jeung iraha urang ngagideugkeun sirah, ngangkat leungeun, ngaléngkahkeun suku, jeung lianna, gumantung kana jenis biantara anu mana anu keur dipilampah jeung kumaha eusi biantarana.

Pasemon téh riuk raray, riuk pameunteu, riak wajah, atawa mimik nalika biantara. Pasemon dihasilkeun tina eusi , misilna, pasemon gumbira lamun eusi biantarana pikagumbiraeun. Éta hal perlu diulik jeung dilatih. Sabab sacara alamiah, aya jalma-jalma anu pasemonna kucem baé bawaan ti lahir sok sanajan suasana haténa keur bungah.)


(Gambar Pembina OSIS nuju biantara di antara murid-murid)


Conto Naskah 

Ieu aya conto naskah biantara, mangga tengetan!

Assalamualaikum Wr., Wb.
Sampurasun.....

Kalayan muji ka Yang Widi, ogé kalayan manah anu dumeuheus ka Jungjunan urang Kangjeng Nabi Muhammad SAW, sim kuring ngadeg dina ieu riungan anu kalintang mulya.

Ibu-Bapa réngréngan girang pangajén anu ku sim kuring dipihormat;
Ibu-Bapa réngréngan panatacalagara anu ku sim kuring dipihormat;
Ibu-bapa guru pangaping pasanggiri anu ku sim kuring dipihormat;
Réréncangan sadaya para pamilon pasanggiri anu ku sim kuring dipikareueus;

Atuh teu kinten sim kuring reueus sareng agulna, ku kituna langkung ti payun, sim kuring seja ngahaturkeun nuhun, ka Ibu-Bapa panatacalagara, ka réngréngan girang pangajén, ogé ka Ibu-Bapa guru pangaping, anu parantos maparin kasempetan kanggo ngadeg di dieu diajar wantér sareng diajar capétang.

Ibu-Bapa, dina ieu kasempetan, widian sim kuring ngadugikeun sasieureun-sabeunyeureun perkawis wewengkon sim kuring, Warungkondang. Taya bayana upami parantos wanoh, teras bogoh, lajeng hiji mangsa sindang ka Warungkondang.

Hadirin anu mulya, Cianjur kamashur katelah kota santri. Sesebatan éta téh jigana duméh seueur pasantrén di Cianjur. Kitu deui di wewengkon kacamatan Warungkondang. Di wewengkon Gentur, kacamatan Warungkondang aya pasantrén anu parantos ngadeg lami mangratus taun kapungkur. Ulama anu ngaheuyeuk éta pasantrén kasebat ulama jumhur, panaratasna katelah KH. Ahmad Satibi, sok disarebat Mama Gentur. Parantos teu aya ayeuna mah, parantos lawas tilar dunya, dipundut ku nu kawasa, lajeng putra-putuna anu neraskeun ngaheuyeuk pasantrén, ngatik élmu kaagamaan ka santri-santrina, di antawisna Kyai Haji Abdul Haq Nuh, anu sok katelah Aang Enuh.

Hadirin, kangaranan jalmi luhung ku élmu pangaweruh, sok sanaos parantos taya di kieuna, nanging jenenganana angger wangi mumbul ngawun-ngawun. Angger natrat dina angen-angen para muridna sareng para mustamina. Dugi ka ayeuna unggal taun, teu weléh diayakeun  acara pikeun miéling kajumhuranana. Sok disarebatna téh acara haol. Maksadna pikeun miéling wafatna Kiai Haji Mama Satibi. Saur pun guru mah sanés maksad badé ngultuskeun salasahiji tokoh, nanging maksadna pikeun ngaronjatkeun katakwaan di antawisna ku jalan wirid sareng dikir anu ngalantarankeun urang takorrub ka Alloh SWT.

Hadirin anu dipihormat, kagiatan haol biasana lumangsung dina unggal sasih jumadil ahir leresan minggon kadua. Lamina antawis saminggu, anu puncakna mah malem jumat. Kagiatan anu dilaksanakeun taya sanés wirid, solawatan, ngaos Qur’an sareng kagiatan-kagiatan sanés anu matak ngaraketkeun acining batin urang ka Alloh SWT.

Kancamitra anu ku sim kuring dipikareueus,
anu sararumping kana éta kagiatan teu kinten seueurna malih katingalna ti taun ka taun teu weléh nambihan. Aranjeunna sarumping ti suklakna ti siklukna, ti nu caketna ti nu tebihna, ti Cianjurna, ti luar kotana, samalah ti luar Jawa oge sarumping ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang, malah aya anu sumping indit sirib sapiri umpi, ngahaja nyéngsarkeun waktos tina kagiatan maneuh sadidinten kanggo ngaluuhan haol.

Hadirin, rupina ku sok seueurna jalmi anu sumping kana éta kagiatan haol, lembur Gentur janten ngempur, hurung nangtung siang leumpang. Kagiatan perékonomian masarakat nambihan. Anu awit mung ukur tatanén, kiwari nambihan janten dadagangan. Icalan naon baé payu saur pun paman téa mah, saurna deui tara kantos misleuk mulang modal, teu weléh ngaringkid bati.

Leres hadirin, aya anu ampir kahihilapkeun. Aya téknologi tradisional anu mashur ti Gentur nya éta lampu Gentur. Didamelna tina kaca sareng kuningan, carana dipatri dihias, diéndah-éndah janten barang guna sakaligus barang seni. Kapungkurna mah sok nganggo minyak tanah dianggo nyaangan para santri anu nuju ngaraos, nanging ku ayana listrik kiwari, cekap dianggo kap nutupan bohlam listrik. Ieu lampu nu awitna mah torojog ti lembur, kiwari tos manjing ngagantung, ngagamblék, naraplok di bumi-bumi agréng urang dayeuh, di kantor-kantor pausahaan sareng pamaréntahan, dalah di mancanagara, sapertos Amérika, Tunisia, Jepang ogé Jérman, diékspor ku para distributorna. Tah lampu Gentur éta gé diical ku parapadagang anu balantik nalika aya haol.

Hadirin anu mulya, sanés seja agul, seueur kénéh rupina pintonkeuneun perkawis wewengkon sim kuring. Nanging kalintang moal nyekapan upami panjang lebar dibéjérbéaskeun.

Ku sakitu, bilih catur tanpa bukur, ku sim kuring badé dicekapkeun, teundeun di handeuleum sieum, paranti nyokot ninggalkeun, bobo sapanon carang sapakan neda agung cukup lumur.

Saninten buah saninten, saninten di parapatan, hapunten abdi hapunten,
samudaya kalepatan. Ngagelik sorana suling, ngutiplak sorana kendang, pami emut ka sim kuring, diantos di Warungkondang.

Billahitaufik walhidayah, wassalamu’alaikum Wr.Wb.


186 komentar:

  1. RAFFA RAZIF MUROFIQ KELAS 9.7
    Hatur nuhun ibu.insyaallah ka hartos anu ku ibu di sampaikeun...

    BalasHapus
  2. Hatur nuhun bu, ngabantos pisan
    Syayidatul Zulfa, IX-2

    BalasHapus
  3. Siti nur ismayani kelas x-6
    Ngagampilken kana pelajarn pisan hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  4. Nahla Tahani IX.9
    Hatur nuhun, ibuu

    BalasHapus
  5. Rini Sulistiawati IX.9
    Hatur nuhun, ibu

    BalasHapus
  6. Riska Setiawati IX-9
    Hatur nuhun,ibu.

    BalasHapus
  7. Hantur nuhun ibu ngabantos pisan
    Elsa agustia 9.3

    BalasHapus
  8. Yoga Pratama Suhendro IX-2
    Hatur nuhun Bu.

    BalasHapus
  9. Nispi sonariyah lX-6
    Hatur nuhun bu di tampi😊

    BalasHapus
  10. Syahda Shofiyah IX.9
    Hatur nuhun,ibu.

    BalasHapus
  11. Adelia aulia putri IX.4
    Hatur nuhun,ibu.

    BalasHapus
  12. Siti naya khusaeri kelas IX-4
    hatur nuhun,ibu.

    BalasHapus
  13. Asti malio masruroh kelas 1X.3
    Hatur nuhun Ibu.

    BalasHapus
  14. Nazwa tri nanda gustari kelas IX.3
    hatur nuhun, ibu.

    BalasHapus
  15. Zahra laela zakia kelas IX.4
    Hatur nuhun, ibu

    BalasHapus
  16. Salma zakiah IX-4
    Hatur nuhun,ibu

    BalasHapus
  17. Dini wardini IX-4
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  18. Annisa Daniswara
    9-4

    Hatur nuhun ibu:)

    BalasHapus
  19. Risti siti utami 9.3
    Hatur nuhun, ibu

    BalasHapus
  20. Fathia zahra fitriani
    9.3
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  21. Moch fikri abdul azis 9.8
    Hatur nuhun bu

    BalasHapus
  22. Fuzi sri awaliah 9.8
    Hatur nhun ibu

    BalasHapus
  23. Nazwa Bariqoh Saniyah 9.1
    Hatur nuhun,ibu^^

    BalasHapus
  24. Siti juliani kelas 9.4
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  25. Syaima Yulianti 9.1
    Hatur nuhun ibuu~

    BalasHapus
  26. Siti Patimah Rukiah IX-5
    Hatur nuhun,ibu

    BalasHapus
  27. Dini Ariyani IX-4
    Hatur nuhun.ibu

    BalasHapus
  28. Rini maryam IX-4
    Hatur nuhun Ibu

    BalasHapus
  29. Syahla Ghaida Rachmani
    IX.4
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  30. Syahla Ghaida Rachmani
    IX.4
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  31. Syahla Ghaida Rachmani
    IX.4
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  32. Muhamad Saepul Hasril IX-4
    Hatur Nuhun ibu

    BalasHapus
  33. Riska Nur Rahmanita IX-6
    Hatur nuhun, ibu...

    BalasHapus
  34. Mida nurhamidah 96
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  35. Siti Annisa IX.9
    Hatur nuhun, ibu.

    BalasHapus
  36. Siti Annisa IX.9
    Hatur nuhun, ibu.

    BalasHapus
  37. Nina kurnia kls 9.2
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  38. GINA AGUSTINA IX-9
    Hatur nuhun , Ibu

    BalasHapus
  39. SITI WULIDAH HISANI IX-9
    Hatur nuhun, Ibu

    BalasHapus
  40. Muhamad Sidik Muldani 9.7
    Hatur nuhun,ibu.

    BalasHapus
  41. Wiwin wintarsih kelas 9.7
    Kahartos ibu hatur nuhun

    BalasHapus
  42. Ulfah Hasanah IX-3
    Hatur nuhun, Ibu.

    BalasHapus
  43. Siti Ratna Ningsih Ix-3
    Hatur nuhun pisan ibu

    BalasHapus
  44. Taufik Ismail IX.6
    Hatur nuhun, Ibu

    BalasHapus
  45. Mohamad irpan rutandi IX.2
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  46. Anita Restu Syafariani 92
    Hatur nuhun ibuu

    BalasHapus
  47. Nisa Ayudia Rahma IX-1
    Hatur nuhun ibu:)

    BalasHapus
  48. Rafli Muhamad 9.2
    Hatur nuhun,ibu:)

    BalasHapus
  49. Nisa Ayudia Rahma IX-1
    Hatur nuhun ibu:)

    BalasHapus
  50. Nisa Ayudia Rahma IX-1
    Hatur nuhun ibu:)

    BalasHapus
  51. M.Dimas sukma firmansyah 92
    Hatur nuhun ibuu

    BalasHapus
  52. Taufik Rizal 96
    Hatur Nuhun

    BalasHapus
  53. M.SYAWAL.AKBAR IX2
    HATUR NUHUN

    BalasHapus
  54. Nurkhozamah kelas 9.2
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  55. Nurwulan Fitriani IX-2
    Hatur nuhun ibuu

    BalasHapus
  56. Ajeng salma s n 9.2
    Hatur nuhun,ibu

    BalasHapus
  57. Siti Nur Halimah 9.2
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  58. Hilmi utami 9.2
    Hatur nuhun, ibu

    BalasHapus
  59. Siti Nur Halimah 9.2
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  60. Sri wahyuni 9.7
    Hatur nuhun ibuuu

    BalasHapus
  61. Resa auliani 9.7
    Hatur nuhun, ibu

    BalasHapus
  62. Dhella Maulida 9.7
    Hatur nuhun ibu❤

    BalasHapus
  63. Siti Nurazizah 9.7
    Hatur nuhun ibuu

    BalasHapus
  64. Mutiah Mutiara 9.2
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  65. Nopi nurpadilah 9.2
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  66. Abdul Rojakhilah IX_9
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  67. Ega Hermawan IX_9
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  68. Risman hakim kelas IX.9
    Hatur nuhun,ibu.

    BalasHapus
  69. M Padjhar ramdhani IX-9
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  70. Moch fikri abdul azis IX-8
    Hatur nuhun bu

    BalasHapus
  71. Angga aditya ramadani IX 9
    Hatur nuhun bu

    BalasHapus
  72. Angga aditya ramadani IX 9
    Hatur nuhun bu

    BalasHapus
  73. Angga aditya ramadani IX 9
    Hatur nuhun bu

    BalasHapus
  74. Najwa Arisani Fauziah kelas IX.5
    Hatur nuhun, ibu

    BalasHapus
  75. Najwa Arisani Fauziah kelas IX.5
    Hatur nuhun, ibu

    BalasHapus
  76. M Dimas Ramdhani IX.9
    Hatur nuhun,ibu.

    BalasHapus
  77. Devina virgiani agustina
    9.5
    Hatur nuhun ibuu

    BalasHapus
  78. Khoerunisa Amirul kelas IX.5
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  79. Ananda Chairunissa 9.8
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  80. Eny Nuraeni 9.1
    Hatur nuhun,Ibu.

    BalasHapus
  81. Dini Oktavia kelas IX.1
    Hatur nuhun, ibu.

    BalasHapus
  82. Syahrul M Noval S | IX~2
    Hatur Nuhun Ibu..

    BalasHapus
  83. M.Azi nurfaizal IX-8
    hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  84. Sadam 9.2
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  85. SOPI 9.1
    HATUR NUHUN IBU

    BalasHapus
  86. SEKAR 9.1
    Haturnuhun pisan ibj☺

    BalasHapus
  87. Ismatulloh mahdi 9.8
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  88. Nisa Rahmadini 9.5
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  89. AIRA NURAJIZAH 9.7
    Hatur nuhun ibu..

    BalasHapus
  90. Andini Aulia Rahmi-95
    Hatur nuhun bu

    BalasHapus
  91. Selvi Hana Oktaviana-95
    Hatur Nuhun ibu

    BalasHapus
  92. Siti rohimah IX-5
    Hatur nuhun,ibu

    BalasHapus
  93. Adelia Windi Utami 95
    Hatur nuhun bu

    BalasHapus
  94. RITA APRIYANTI 9.7

    Hatur nuhun ibuu

    BalasHapus
  95. HERLINA APRILIA NINGSIH 9.7

    htur nhun ibu

    BalasHapus
  96. D.hanisya AK 9.6
    Hatur nuhun ibuu

    BalasHapus
  97. Ripal abdurohman kelas 9.5 nhun bu")

    BalasHapus
  98. Ripal abdurohman kelas 9.5 nhun bu")

    BalasHapus
  99. Asri Rahmawati IX.3
    Hatur nuhun,ibu

    BalasHapus
  100. M rifqi hidayat kelas IX-6
    Hatur nuhun elmu na,ibu

    BalasHapus
  101. Wirandi tri laksono mukti IX-3 Hatur nuhum ibu

    BalasHapus
  102. Cindy arianti IX - 9
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  103. Firyaal Muadzaarah H IX-1
    hatur nuhun ibu, ngabantos pisan

    BalasHapus
  104. Firyaal Muadzaarah H IX-1
    hatur nuhun ibu, ngabantos pisan

    BalasHapus
  105. Yeni Suryani IX.8
    Hatur nuhun ibu,ngabantos pisan

    BalasHapus
  106. Siti julfa 9.5
    Hatur nuhun ibu,ngabantos pisan

    BalasHapus
  107. M.virgie a.m. 9.1
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  108. Wanda hamidah 9.9
    Hatur nuhun pisan ibu..

    BalasHapus
  109. Devia Rinzani Kelas IX.1
    Hatur nuhun ibuu~

    BalasHapus
  110. M rendi sugara 9.8
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  111. Dina Putri Iriani 9.1
    Hatur nuhun Ibu

    BalasHapus
  112. RAHMA SARITA DEWI 9.8

    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  113. Muhammad setyady IX-5
    HATUR NUHUN PISAN BU MATERINA

    BalasHapus
  114. Rapa Azmi Pahlevi
    Kelas 9.3
    Hatur nuhun,ibu

    BalasHapus
  115. Mohammad Raka Mahesa
    Kelas 9.3
    Hatur Nuhun,ibu.

    BalasHapus
  116. Mohammad Raka Mahesa
    Kelas 9.3
    Hatur Nuhun,ibu.

    BalasHapus
  117. Rian Afriansyah kelas IX.9
    Hatur nuhun, Ibu.

    BalasHapus
  118. Alek setyawan
    Kls.94
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  119. Desti Damayanti M Kelas 9.7 Hatur nuhun ibu kahartos anu ku ibu di dugikeun

    BalasHapus
  120. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  121. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  122. Bilqis R.A IX-1
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  123. Neng Dewi Yundarisma IX-1
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  124. MUHAMAD FIKRI IX.5
    HATUR NUHUN BU

    BalasHapus
  125. Muhamad ruslih ti kelas 98,hatur nuhun bu

    BalasHapus
  126. Muhamad ruslih ti kelas 98,hatur nuhun bu

    BalasHapus
  127. Raffi aria permana 9-5
    Hatur nuhun bu

    BalasHapus
  128. Raffi aria permana 9-5
    Hatur nuhun bu

    BalasHapus
  129. Muhamad Dani Ramadhan 95,nuhun bu

    BalasHapus
  130. Muhamad Dani Ramadhan 95,nuhun bu

    BalasHapus
  131. Ami amami anugrah 9.5
    Hatur nuhun ibu kahartos bu:)

    BalasHapus
  132. Eni suryati 9,2
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  133. Sandi muhamad saputra 9-5
    Hatur nuhun bu

    BalasHapus
  134. Deuis puspita sari IX.6
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  135. Rini Aprilyani IX.8
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  136. Ama Fatimah 9.8
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  137. Rini Aprilyani IX.8
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  138. Noviani Rahmah
    IX-1
    Hatur nuhun,ibu:)

    BalasHapus
  139. Muhamad Ramzi kelas IX.9
    Hatur Nuhun Ibu.

    BalasHapus
  140. Ardi Maulana Kelas IX-1
    Ibu Haturnhun

    BalasHapus
  141. Faruk muhammad alfarizi IX.4
    hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  142. Nadhif Aldenaf
    IX-2
    Hatur nuhun,ibu:)

    BalasHapus
  143. Muhamad fuji nugraha 9.2
    hatur nuhun,ibu

    BalasHapus
  144. Siti patimah 9-5
    Hatur nuhun ibu,

    BalasHapus
  145. Zahra Nuranbia 9-5
    Hatur nuhun ibu,

    BalasHapus
  146. Zahra Nuranbia 9-5
    Hatur nuhun ibu,

    BalasHapus
  147. ALIFIYA SEFTIKA PUTRI 9-1
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  148. M.Irgi iskandar kelas IX.6
    Hatur nuhun, Ibu.

    BalasHapus
  149. M.Irgi iskandar kelas IX.6
    Hatur nuhun, Ibu.

    BalasHapus
  150. M.Irgi iskandar kelas IX.6
    Hatur nuhun, Ibu.

    BalasHapus
  151. Nisa dewi agustiana kelas IX.5
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  152. Ridwan afandi kelas 9.8
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  153. Umar muhtar 9.2
    Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  154. M.faiz a.g kelas IX.9
    Hatur nuhun, Ibu.

    BalasHapus
  155. M.faiz a.g kelas IX.9
    Hatur nuhun, Ibu.

    BalasHapus
  156. Salma Salsabila kelas IX.3 Hatur nuhun ibu

    BalasHapus
  157. Siti nurcica IX.10 .hatur nuhun ibu 😊

    BalasHapus
  158. Kankan hermawanIX.10 hatur nuhun bu

    BalasHapus
  159. Kankan hermawan IX.10 hatur nuhun bu

    BalasHapus
  160. KANKANHERMAWAN IX .10
    Hatur nuhun ibu��

    BalasHapus
  161. Awal lugina 911. hatur nuhun ibu insyallah kahartos anu ku ibu di dugiken

    BalasHapus
  162. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  163. Siti Saadah Adawiah 9.4
    Hatur nuhun buu

    BalasHapus
  164. Artetha Islaminati 97
    Hatur nuhun ibuuuu:))))

    BalasHapus
  165. Artetha Islaminati 97
    Hatur nuhun ibuuuu:))))

    BalasHapus