Bagéa, anaking, kanca-mitra, dulur-baraya. Sumangga sindang di blog simkuring, pamugi aya mangpaatna...!

Senin, 02 Februari 2026

LIBUR JEUNG ISUR

Carita Pondok

karya Nenda Telan Benua

Rapot Tigin hadé, peunteunna teu nguciwakeun. Tigin naék ka Kelas VI. Waktu pakanci nu dianti-anti geus nepi. Poé éta Tigin, Gemi adina, Kang Mukti lanceukna, Bu Kikin indungna, jeung Pa Maman bapana miang muru dulurna di lembur. Imahna dititipkeun ka tatanggana.

Mimiti miang mah Gemi jeung Tigin galécok wé sagala dicaritakeun. Unggal aya titingalian nu rada anéh jadi bahan obrolan. Sakapeung singceukeukeuk saleuseurian. Sakapeung Gemi ngajanggilek diheureuyan. “Tigin, boga adi ngan hiji-hijina téh hayoh wé diheureuyan.” Ceuk Bu Kikin.

“Ah, Tigin mah sirik hayang dipangmeulikeun jilbab,” ceuk Kang Mukti anu jongjon nyetiran.  Atuh beureukeuteuk Gemi seuri. Tigin jempé teu némbal. Tapi jempéna téh kateterusan teu cacarita deui. Teu ngaheureuyan Gemi deui.

“Ku naon jempling béo téh?” tanya bapana. Tigin teu nembal kénéh. Témbong beungeutna pias. Dirérét ku indungna, “Tigin lieur?” Bu Kikin muka tas, kop minyak kayu putih. Las-las diusapkeun kana punduk Tigin bari dipencetan lalaunan. Bray kérésék leutik dibukakeun, teu lila orolo Tigin utah, panonna cirambay. 

“Urang eureun heula atuh yu, di kebon entéh!” ceuk Bu Kikin. Teu lila ti dinya, reg Kang Mukti ngeureunkeun mobil di sisi jalan anu lalega. Saréréa kaluar. Jalan sepi, taya kandaraan liwat. Kebon entéh tumpa-tumpa. Héjo ngémploh satungtung deuleu. Jalan katémbong arula-arileu pungkal-péngkol. Kang Mukti ngalempengkeun awak, terus juprat-jeprét sagala dipotoan. Bu Kikin ngaluarkeun dahareun. Pa Maman nyawang pamandangan. Gemi cakah-cikih kawas nu heueuh mantuan indungna. Tigin mah ngajejentul wé na batu gedé nu ngajegir di dinya. Terusna saréréa murak bebekelan. Paronyo kacida.

***

Ampir lima jam lalampahan di jalan. Jog ka tempat nu dituju. Tigin jeung kulawargana dipapag ku kulawarga Wa Asép, lanceukna Pa Maman. Aya Isur, lanceuk misan Tigin, ayeuna geus di SMP kelas tujuh. Aya Téh Diah  lanceuk Isur, geus kuliah jiga Kang Mukti. Wa Ida cakah-cikih sagala diasorkeun bari galécok ngawarangkong.

Isukna Tigin jeung dulur-dulurna ngalabring ka sawah uwana nu teu jauh ti imahna. Sawahna umpak-umpakan paselang jeung kebon. Beulah kidul pasir, kebon awi ngadingding. Sora daunna suméar katebak angin. Tigin mah anteng ngokobé di susukan leutik. Resep mendetan cai nu canémbrang hérang.

“Tigin dieu, hayang nona teu?” Isur gugupay ti béh wétan. Sorana ngelewung kapantulkeun kana pasir. “Hayang nona teu teu teu...” cenah jiga nu maké ého. Tigin curinghak, kokocok, cengkat, terus hanjat ti susukan. Nona? Nona naon? Na pikir Tigin aya budak awéwé sapantaran manéhna. Tapi euweuh awéwé séjén lian ti Gemi, indungna, Wa Ida, jeung Téh Diah. 

“Hayoh, pasti néangan gadis!” Téh Diah nunjuk Tigin ngoconan.

“Kelas genep Tigin téh nya, ulah waka gudas-gadis ah!” saur Wa Asép. Tigin bingung, teu ngarti kana caritaan uwana. Hulang-huleng wé. Saréréa ngabarakatak. “Entong waka ka mamana, urang botram heula. Ngala hiris anggursi tah!” ceuk Wa Ida bari ngasongkeun ayakan leutik ka Tigin.

Téh Diah nyontoan ngalaan hiris, Tigin nurutan. “Ieu mah kumapalang, Gin. Tah ieu nu ngora. Nu ngora pisan ulah da semu pait.” Téh Diah mani tapis metikan hiris. “Lamun rék nu kolot, nu kolot sakalian, tah nu geus eusian,” bari némbongkeun hiris nu bonconot beuneur.” Entong dibetot kitu atuh Gin, dipetik....” Téh Diah nyontoan maké jempol jeung ramo. Bisaan téh Diah mah. Resep ogé  Tigin metikan hiris. Aya nu kembang kénéh pulasna karonéng.

“Tah ieu nona téh!” teu kanyahoan Isur geus aya tukangeun Tigin. “Hemh...,” cenah buah nona dipencét. Bray muka, jerona jiga manalika pulas bodas semu gading. Sikina ngalangkang harideung. “Naon ieu téh?” Buah nu wangunna jiga apel pulas bungur kolot téh diilikan. Daging buahna hipu. “Tuh tangkalna!” Isur nunjuk ka rada béh wétan. “Cobaan hég!” Ku Tigin diicip-icip, Tigin kalah nyengir. Rasana anéh ceuk Tigin mah.

“Nu ngeunah mah buah sarikaya. Mémang mirip jeung sarikaya mah,” saur Wa Ida. “Ulah salah, buah nona mah ubar,” saur Wa Asép. “Ti mimiti tangkalna, daunna, buahna mangpaat. Panyakit mah, diséntri, ubar cacing, turun panas, anti kanker, gagal ginjal, anu raheut, anu kaléob....”

“Hi hi hi..., Uwa dagang obat!” Gemi seuri. Wa Asép mésém. “Da nyaan,” saurna. “Huh, jauh lalakon tangkal nona éta téh.” Barabat Wa Asép ngadongéngkeun lalakon meunangkeun bibit tangkal nona tepi ka jadina. Tepi ka kaala buahna.

Cenah baréto keur leutik, Isur kungsi kaléob cai panas teu dihaja. Wa Ida rék nyician cai. Nyeumpal panci eusi cai panas. Isur nu keur ngélég jeung Téh Diah ngaderengdeng lumpat nyampeurkeun. Panci kadupak, képlok kana awak Isur pisan. Isur jejeritan panaseun, awakna kabanjur cai panas. Saréréa geumpeur.

Saréatna ku daun nona. Ditutuan heula daun nona téh, terus dibalurkeun. Cep tiis. Teu kungsi melendung kulit Isur anu kaléob téh. Ngan ari kijut saeutik mah aya kénéh lebah dada. Untung teu dina beungeut kijutna. Lamun teu katulungan saréatna ku daun nona mah, teuing kumaha kajadian saterusna. Harita mah aya di buruan imah cenah tangkal nona téh.

“Wah, Uwa mah geus pondok pangharepan harita, ningali Si Isur ngajehjer panaseun. Rék diodolan, entong cenah bisi inféksi, dikécapan komo, katambah kécapna gé kur aya sabotol leutik.

“Ha ha ha, sakantenan wé uyahan, Wa!” ceuk Tigin.

“Enya da teu uyahan.” Isur manyun.

Basa kuriak ngalegaan imah, tangkal nona kapaksa dituar. Ngan Wa Asép melak deui di pasir. Wa Asép néangan deui bibitna. Dipelakkeun, dipusti-pusti. Tepi ka ayeuna geus kaala buahna. Sing saha baé anu butuh kari ngala. Wa Asép ridoeun. “Di Jakarta mah buah nona téh di-SK-an, dinyatakan buah langka ku Gubernur Jakarta,” saur Wa Asép deui.

“Euleuh, enya nyah? Iraha tah Wa?” tanya Kang Mukti. “Taun sabaraha, 87 kitu. Enya taun 87.” Ceuk Wa Asép deui. “Jaman saha harita téh gubernurna, Wiyogo Atmodarminto, asa Suprapto..., poho deui lah,” Wa asép témbong uleng.

“Komo ayeuna taun 2017, langka pisan atuh nya,” saur Wa Ida. “Langka téh pan buahna saeutik, tara meuhpeuy. Katambah meureun da teu pati ngeunah jiga manalika, jadi haroréameun melakna.”

“Ari sarikaya Wa? Sami teu sareng nona?”

“Sok aya nu nyebutkeun sarua, padahal béda. Sarikaya mah mun geus asakna amis.”

“Aya teu Wa, tangkal sarikaya?” tanya Tigin. “Emh, ari ngareungeu amis mah nanyakeun,” ceuk Isur. Tigin nyéréngéh.

“Buah nona aya bibitna, Wa?” tanya Kang Mukti. “Urang melak di urang nya, Pa,” pokna deui ka Pa Maman. Pa Maman ngaheueuhan. “Aya, ké mun geus botram urang ka ditu!”

Eureuleu, eureuleu Tigin teurab. “Sedaap..., sedaaap....!” cenah bari ngacung-ngacung jempol. “Lain hantem waé teurab, maca hamdalah anggur!” ceuk indungna. “Alhamdulillah..., nuhun Wa, sing sering-sering wé,” Cenah ngaheureuyan uwana.

“Di dieu jeung Uwa atuh Tiginna ari hayang sering mah. Tah baturan Isur.” Saur Wa Ida. “Bisi kaléob deui nya Wa,” ceuk Tigin. “Enya, da ngoprékna mah tepi ka ayeuna teu ngurangan.” Saur Wa Ida.  Isur nyénghél wé bari nyeuhil.

***

Cacap saminggu Tigin sakulawarga liburan di imah Uwana. Ulin, ngélég jeung Isur, dulur misanna. Gupay pileuleuyan ti Wa Asép sakulawarga. Sedih jeung bagja pagalo. Sedih pisah jeung dulur-dulurna. Bagja tina rupa-rupa pangalaman. Tigin jeung kulawargana marulang. Nyorang jalan anu saméméhna diliwatan. Loba anu rék didongéngkeun ku Tigin ka babaturanana engké lamun panggih. Kabéh narémbongan dina pikiranana jiga  gambar pilem. Tapi moal dicaritakeun palebah utah mabok perjalanan mah. Tigin nyengir sorangan. Rék mupusti tangkal nona wéh, eukeur mah buah langka  katambah loba mangpaatna, kitu tékadna.***

Dicutat tina buku Rancagé Diajar Basa Sunda Kelas VI Kurikulum 2013 Revisi 2017.


Sabtu, 31 Januari 2026

Ngaronjatkeun Kaséhatan Masarakat

Ku: Imas Rohilah

Usaha pikeun ngaronjatkeun kaséhatan masarakat téh lega ambahanana. Di antarana ngeunaan gizi, sanitasi lingkungan, jeung olahraga.

Supaya séhat, urang kudu ngabiasakeun ngadahar kadaharan anu hadé. Kadaharan anu hadé tangtu nyumponan sarat gizi. Ari kadaharan anu nyumponan sarat  gizi, tinangtu ngandung unsur-unsur karbohidrat, protéin, lemak, vitamin, mineral, jeung cai.

Karbohidrat gunana pikeun sumber tanaga. Karbohidrat ayana dina sangu, jagong, hui, ogé roti. Protén mangrupa bahan utama pangwangun sél jeung zat-zat penting dina awak. Protéin bakal kapanggih dina daging, endog, susu, lauk, kacang, suuk, tahu, témpé, jeung nu séjénna. Lemak gunana di antarana pikeun nangtayungan organ-organ dina jero awak urang. Lemak bakal kapanggih dina daging, kalapa, lauk, jeung nu lianna. Vitamin gunana pikeun ngatur rupa-rupa kagiatan dina jero awak urang. Upamana ngatur tumuwuhna awak urang. Vitamin bakal kapanggih dina sayur-sayuran jeung bungbuahan. Mineral penting kacida pikeun awak urang. Ku ayana mineral urang bisa engapan. Mineral bakal kapanggih dina susu, sayur-sayuran, daging-dagingan, jeung nu lianna. Anu pamungkas, cai. Cai kacida pentingna pikeun awak urang. Kurang leuwih 70% awak urang diwangun ku cai. Cai gunana pikeun ngatur panas awak, miceunan racun tina awak, ngatur pungsi kulit, jeung lian ti éta. Urang sahenteuna perlu nginum dua léter cai dina sapoé. Éta téh sabanding jeung dalapan gelas sapopoé.

(Gambar buatan AI)

Sakabéh unsur gizi téh kudu kacumponan. Teu kudu nu mahal-mahal. Protéin teu kudu tina daging baé, bisa tina témpé-tahu anu hargana leuwih kahontal. Vitamin teu kudu tina buah impor nu marahal. Loba bungbuahan lokal anu aya di sabudeureun urang. Kayaning cau, jeruk Garut, danas Subang, salak Cinéam, jeung lian ti éta.

Hal satuluyna anu kudu jadi panitén, nyaéta sanitasi lingkungan. Anu dimaksud sanitasi lingkungan nyaéta usaha-usaha sangkan lingkungan urang séhat. Ieu kudu dimimitian ti lingkungan kulawarga. Imah téh kudu bareresih. Beresih tina rupa-rupa kokotor, kekebul, jeung runtah. Kokotor dina ubin sapukeun. Kaca-kaca anu calétré beresihan sina jadi hérang-méncrang. Simbut, sepré, anduk rutin diseuseuh saminggu sakali. Kekebul jeung runtah poma ulah dipiceun ka wahangan. Piceun kana tempatna, kana TPS. Sabada lingkungan kulawarga beresih, néma kana lingkungan RT jeung RW. Warga anu hadé tangtu bakal ilubiung upama aya gorol ngabersihan lingkungan. Ulah siliandelkeun sabab éta téh kapentingan saréréa.

(Gambar buatan AI)

Hal séjénna anu kudu diperhatikeun nyaéta olahraga. Upama hayang séhat, kudu olahraga. Olahraga téh bakal ngalancarkeun ngamalirna getih dina awak. Upama getih lancar,  sakabéh pungsi organ bakal jalan. Jantung bakal lancar ngompa oksigén. Upama urang rajin olahraga, jantung jeung paru-paru bakal kuat. Lian ti éta urang bakal meunang kasenangan jeung kabungahan tina olahraga. Moal setrés lamun mayeng olahraga mah.

Senam ogé hadé. Leumpang atawa lumpat ogé hadé pikeun kaséhatan. Ibu-ibu mah nyebutna jogging. Jogging isuk-isuk sabari nyeuseup hawa seger kana awak bakal cangker. Antara 20 – 30 menit leumpang unggal isuk, éta kabiasaan hadé. Indit-inditan ka nu deukeut-deukeut baé mah teu kudu numpak motor, teu kudu numpak mobil, leumpang alus pikeun kaséhatan.

(gambar buatan AI)
Cindekna, kudu jadi panitén urang saréréa ngeunaan gizi, sanitasi lingkungan, jeung olahraga. Taya lian sangkan kulawarga séhat, masarakat séhat, saréréa hirup raharja. (Diropéa tina rupa-rupa sumber)

Jumat, 30 Januari 2026

Pa Mochtar Kusumaatmadja

Ku: Imas Rohilah











(Gambar tina commons.wikimedia.org) 

Pa Mochtar Kusumaatmadja (dibaca Mohtar Kusumaatmaja) lahir di Jakarta, kaping 17 Pébruari 1929.

Dina taun 1955 Pa Mochtar namatkeun atikan di Universitas Indonesia. Lajeng neraskeun ka Universitas Yale di Amérika Serikat, tamat taun 1958. Neraskeun kana program doktor di Universitas Pajajaran, tamat taun 1962. Teras sakola deui di Universitas Harvard antawis taun 1964-1966. Neraskeun deui di Universitas Chicago antawis taun 1965-1966. Sadayana dina widang hukum.

Pa Mochtar aktip dina rupi-rupi organisasi, sapertos Komisi Hukum Internasional, Déwan Kelautan Nasional, sareng nu sanésna deui.

Ti ngawitan Universitas Padjajaran diadegkeun, Pa Mochtar tos ngadosénan di dinya. Taun 1969 anjeunna janten guru besarna. Taun 1970 jeneng rektorna. Pa Mochtar ogé kantos janten anggota Dewan Pertimbangan Agung. Kantos jeneng Menteri Kehakiman ti taun 1974 dugi ka taun 1978. Jeneng Menteri Luar Negeri  salami dua périodeu antawis taun 1978 dugi ka taun 1988. Anjeunna ogé kantos janten Ketua Komisi Demarkasi wates antara Irak-Kuwait. Pa Mochtar ngadegkeun kantor pengacara Mochtar, Karuwin, & Komar.

Pa Mochtar téh akademisi sareng ahli diplomasi. Nalika janten menteri luar negeri, anjeunna sering ngawakilan Indonésia dina rupi-rupi forum Internasional. Di antawisna ngawakilan Indonésia dina sidang PBB perkawis Hukum Laut Internasional di Jenewa sareng New York. Ngawakilan Indonésia dina Konferénsi Hukum Laut di Jenewa sareng Colombo.

Pa Mochtar Kusumaatmadja ageung jasana perkawis Wawasan Nusantara. Saur anjeunna nagara Républik Indonésia téh nagara kapuloan. Ku kituna laut-laut anu aya di antara pulo-pulo di Indonésia, mangrupa hak Indonésia sadayana. Teu meunang warga nagara lian sakohoyong asup.  Ku jasana Pa Mochtar, wilayah laut anu dikawasa ku Indonésia janten ngalegaan.

Pa Mochtar sering ngadugikeun gagasanana dina karangan. Buku karangan anjeunna di antawisna Pengantar Hukum Internasional, Hukum Laut Internasional, Bunga Rampai Hukum Laut, sareng nu sanésna.

(Gambar tina commons.wikimedia.org)

Pa Mochtar téh seneng pisan kana musik klasik. Anjeunna tos biasa ngupingkeun musik klasik karya-karya Mozart, Beethoven, atanapi Haydn. Upami nyaba ka mancanagara, anjeunna sok sumping kana pintonan musik klasik. Ku jalaran seneng musik klasik, anjeuna ngadegkeun grup Nusantara Chamber Orkestra.

Panineungan anu napel dina émutan Pa Mochtar nya éta piul pamaparin Ibu Sud. Ibu Sud téh réréncangan sakola biangna. Ibu Sud kawentar sering nyiptakeun lalaguan kanggo marurangkalih. Ibu Sud mahér ngését biola (piul). Nya Ibu Sud anu mirig lagu Indonésia Raya dina Kongres Pemuda  kaping 28 Oktober 1928.  Tah piul éta téh dipaparinkeun ku Ibu Sud ka Pa Mochtar dina taun 1994. Éta piul janten tawis katineung anu ageung ajénna. Dugi ka ayeuna Pa Mochtar teu uningaeun, ku naon éta piul dipaparinkeun ka anjeunna.

(Diropéa tina Setiawan, Hawe. 2005. “Pa Mochtar, Diplomasi, jeung Piuldina Cupumanik Nomer 25/2005. Bandung: Yayasan Kebudayaan Rancage jeung sumber lianna)