Bagéa, anaking, kanca-mitra, dulur-baraya. Sumangga sindang di blog simkuring, pamugi aya mangpaatna...!

Senin, 13 Januari 2014

Fiksimini Basa Sunda



Magénta
ku Imas Rohilah
 
Teregos jeung hélem padet na beungeutna. Jangjingna jékét gandola jeung légging sarwa kulit campego dina métik. Kolényay, konéng tonggong sukuna, magénta sapatuna, urat-urat semu biru katohyan saliwatan.  Keteg jantung reus sakedapan. Angen ngoléab, bajréd, busrat-basrét na kejem jalan. Manco deui kana lampu, tugur waktu. Selepung mangprung. Sebrut diudag. Teu tolih nu susumbar. Gilek ngénca, Sup ka mall, dituturkeun. Hélemna deuih nu inget téh, kayas. Tenga-tengo di parkiran, suwung. Sulusup ka konter-konter, sugan aya milik. Sirah kayas dikoréhan, bet susah pisan. Mending sungsi sapatuna.  Teu nelik sisi jeung gigir, husu tumungkul. Bray, bray warna-warna sapatu, hideung ilahar, bodas ilahar, coklat ilahar, marun ilahar, héjo, konéng, pérak, emas. Kasilep jadi ranyay na téténjoan, duh tarajé widadari. Nahnay. Gék nyanding manekin, “Wilujeng siang,” galéhgéh nakeran. Krep nu bajréd gumulung deui. Angen ngajetut. Sukuna ngolényay konéng. Tapi teu disapatu. 



Anting Gypsi
ku Imas Rohilah
 
Jen di nu ieu, nu séjén panjang antrian. Tapi éta nu hareupeun, karanjang sorongna mani metet. Si Étéhna pakupis jeung budak,  bacéprot curum-caram, “Sama Papah, sama Papah.” Tutunjuk ka lalaki nu ngajengjen hareupeunana. Ribet Étéh. Euleuh salah meunteun, lain ribet, tapi modis tur nyawéné. Kitu-kitu, tapi éta suku jéngké waé da sendalna jungkung, leungeun baju ngaléléké, pakupis deuih nyingkab-nyingkab buuk, can bulu mata palsu jeung anting gypsi sagedé geulang koroncong.
Réngsé prosési scanning barcode balanjaan, créng salakina babayar, lain créng kétang, sréét…. Si anting gypsi sakulawadet leungit na paningali, sedeng kesanna napel pageuh na uteuk, rahuuh….
Cag babawaan, ngalungsar. Kasaksén si cikal keur mangwuduankeun bapana nu nyangheuy na korsi roda, si bungsu pahibut mukaan balanjaan, si panengah imut ngasongan téh haneut, leguuk…. 


Every Minute of The Day, I Keep Loving You
ku Imas Rohilah
 
Simpé. Mangsa nu panggoréng-goréngna dina kahirupan kuring, sabab sakieu simpéna. Nyorangan, ngan sorangan. Keprul-keprul salju munggaran ngawurkeun kalongkéwang. Kalakay-kalakay sésa tingkoléang nebarkeun kalewang. Nahnay, haté nu nahnay. Leuseuh, jiwa nu leuseuh. Angin winter suméar, ngirimkeun nyenyepna hawa laut Atlantik. Kapeung ngadudud ngajaulkeun eusi angen. Kalan ngulikbek ngaheumbat-heumbat eusi dada. Ieu aya honeng, ieu aya kangen. Lawas ngalukut, tiis paripurna. Tapi keur saha?
“Come on, Dad!”  Rénjag! Salju napuk na pipina nu kebi nu angger kayas. Tetengger diusap, wilujeng leleson, Nung.
“Hayu, bageur!” Tapak-tapak sapatu ngajauhan makam, kalimpudan salju laun-laun.


Téngkor Kadelé 
ku Imas Rohilah

“Tong ameng sareng pameget, bisi pacampur getih!”
Berengbeng, srog, “Hayang..., ménta!” Kadelé dina téngkoran pamahanan Enin ledis. “Ih, lalaki wungkul nu dibéréna!” Babaturan awéwé méh parundung. “Atuda kapiheulaan!”
Balikna, “Yeuh, istri teu kéngéng jalingkak! Sing andalemi! Tangka kalotor kieu, tataékan boa!” Gewor-gewor, cai hérang ngaguyur awak.  Las-las, anduk leutik kana beungeut, lemes, seungit. Las deui anduk leutik nu séjén kana sabudeureun rarangan, lemes deuih.  Anduk panggedéna kana bagian awak nu can diandukan, rup sakalian disimbutkeun.
“Hiji wé atuh andukna, Enin?”
“ Sssst..., ambéh geulis!” Nompo, ngaharéwos. Damisna lemes, seungit.  Dugi ka pupusna Enin mah, damisna limit cahayaan.
Kalaksanakeun kabéh gé pépéling Enin téh. Nu inget mah.
“Makasih, demoh!” wel, cék meunang nandatangan kana sesela susu. “Jangan sama yang lain!” Ngiceupan. “Wani piro?” dikiceupan, las-las, tisu baseuh kana beuheung, baruruten.
“Beneran?” curinghak, dasina diudar deui. Padungdengan jeung rayuan, sapuk.
Deuh, genah! Mobil sport anyar, apartemén méwah! Waragad hirup? Teu ringrang sing!
 

Kamis, 09 Januari 2014

Sunda Vérsus Barat





Ku Sarah Sahira

Urang Sunda araya? Upami araya, wajib maraca nya lur! Budaya Sunda vérsus budaya Barat yeuh.
Sadar teu urang? Yén budaya barat di jaman kiwari geus ngaracunan budaya urang, samalah sacara henteu langsung geus ngalelepkeun kabudayaan urang.

Sadayana apal dance? Sumuhun éta geuning ibing ala barat anu nuju ngetren bin populér di jaman kiwari. Biasana nu resepeunana téh utamana ti kalangan rumaja jeung déwasa. Upami nu resepna aki-aki jeung nini-nini mah arang nya! Mun baroga éncokna kanceuh atuh lur!  Hé hé....

Pertanyaan nu sanésna, apal Jaipong? Walerannana pasti apal atuh nya! Upami teu apal, euleuh, kacida pisan éta mah. Jaipong mah tos teu bireuk deui meureun nya. Sumuhun éta geuning ibing tradisional has Jawa Barat. Jaipong mah ibingna ogé langkung artistik tibatan dance ala Barat, ku sabab gerakanana kacida éndah tur énérgik. Ari dance ala barat mah gerakanana riweuh teu puguh ceuk sim kuring mah, héboh lah kitu. Ku sabab kitu téa jaipong mibanda ciri anu mandiri, dina unggal gerakna aya ajén éstétis. Ngan hanjakal pisan tari Jaipong di jaman kiwari geus kaéléhkeun popularitasna ku dance budaya Barat. Malah mah henteu saeutik jalma di jaman kiwari mah nganggap Jaipong téh katinggaleun jaman, tur kampungan cenah, kudu dilelempeng tah pola pikir anu kitu.

Pola pikir modél kitu téh dilantarankeun faktor didikan sepuh ka murangkalihna. Di jaman ayeuna heunteu saeutik sepuh anu leuwih milih ngadaptarkeun jeung ngasupkeun murangkalihna ka téatér dance atawa balét, tibatan ngasupkeun murangkalihna ka sanggar tari Jaipong. Ironis pisan nya.

Nu kadua, nu rék  dipedar nya éta ngeunaan basa. Urang Sunda pasti tiasa panginten nya nyarios ku basa Sunda mah, da basa mah geus jadi hiji hal anu penting, anu dipaké sapopoé. Upami urang Sunda teu tiasa basa Sunda, sungguh terlalu...!

Tong ngaku pituin urang Sunda lamun teu bisa basa Sunda! Di jaman kiwari henteu saeutik urang Sunda anu teu bisa basa Sunda. Hal ieu ogé salasahijina mangrupa pangaruh didikan kolot ka budakna. Urang Sunda ayeuna mah loba géngsina ngagunakeun basa Sunda téh ku sabab cenah kampungan nora, kudu dibasmi deui tah pola pikir cupet jiga kitu. Padahal mah basa Sunda téh ciri jati diri urang Sunda. Moal bisa disebut urang Sunda lamun teu bisa jeung teu maké basa Sunda. Tapi geuning di jaman kiwari mah loba pisan kolot urang Sunda anu leuwih milih murangkalihna asup lés basa deungeun tibatan basana sorangan, bari basa Sunda téa teu diajarkeun ka budakna. Kalah hantem dihayoh-hayoh sina maraké basa Indonésia atawa basa Inggris sapopoé di imah. Pan geus salah fungsi jeung kalungguhanana.

Urang kudu sing bisa nempatkeun basa saluyu jeung fungsi katut kalungguhanana. Mana basa indung, mana basa nasional, mana basa internasional. Kudu bisa kabéh ogé eta tilu katagori basa téh, jeung kudu bisa nempatkeun dipakéna. Cing atuh urang Sunda, ari di imah jeung di lingkungan kulawarga mah paké basa Sunda téh, apan basa indung, basa gaul di lingkungan kulawarga. Ambéh tetep aya basa Sundana, ambéh tetep langgeng.

Sakitu anu tiasa dipihatur, urang sami-sami ngajaga kabudayaan jeung basa Sunda. Tanggung jawab urang sélér Sunda ngajaga sangkan basa-budaya Sunda henteu dugi ka tilelep ku budaya barat jeung budaya sanésna. Cag!

(Sarah Sahira, kelas IX i SMPN 1 Warungkondang, lahir di Cianjur, 23 Desember 1997. Padumukan di Cipadang RT 01/RW 05 Désa Bangbayang, Warungkondang, Cianjur, Jawa Barat. Email Sarah_Sahira@ymail.com  twitter @sarahsyahirasya)