Urang Sunda araya? Upami araya, wajib
maraca nya lur! Budaya Sunda vérsus budaya Barat yeuh.
Sadar teu urang? Yén budaya barat
di jaman kiwari geus ngaracunan budaya urang, samalah sacara henteu langsung geus
ngalelepkeun kabudayaan urang.
Sadayana apal dance? Sumuhun éta geuning ibing ala
barat anu nuju ngetren bin populér di jaman kiwari.
Biasana nu resepeunana téh utamana ti kalangan rumaja jeung déwasa. Upami nu
resepna aki-aki jeung nini-nini mah arang nya! Mun baroga éncokna kanceuh atuh
lur! Hé hé....
Pertanyaan nu sanésna, apal
Jaipong? Walerannana pasti apal atuh nya! Upami teu apal, euleuh, kacida pisan
éta mah. Jaipong mah tos teu bireuk deui meureun nya. Sumuhun éta geuning ibing
tradisional has Jawa Barat. Jaipong mah ibingna ogé langkung artistik tibatan dance ala Barat, ku sabab gerakanana
kacida éndah tur énérgik. Ari dance ala
barat mah gerakanana riweuh teu puguh ceuk sim kuring mah, héboh lah kitu. Ku
sabab kitu téa jaipong mibanda ciri anu mandiri, dina unggal gerakna aya ajén
éstétis. Ngan hanjakal pisan tari Jaipong di jaman kiwari geus kaéléhkeun
popularitasna ku dance budaya Barat.
Malah mah henteu saeutik jalma di jaman kiwari mah nganggap Jaipong téh
katinggaleun jaman, tur kampungan cenah, kudu dilelempeng tah pola pikir anu
kitu.
Pola pikir modél kitu téh
dilantarankeun faktor didikan sepuh ka murangkalihna. Di jaman ayeuna heunteu
saeutik sepuh anu leuwih milih ngadaptarkeun jeung ngasupkeun murangkalihna ka téatér dance atawa balét, tibatan
ngasupkeun murangkalihna ka sanggar tari Jaipong. Ironis pisan nya.
Nu kadua, nu rék dipedar nya éta ngeunaan basa. Urang Sunda
pasti tiasa panginten nya nyarios ku basa Sunda mah, da basa mah geus jadi hiji
hal anu penting, anu dipaké sapopoé. Upami urang Sunda teu tiasa basa Sunda, sungguh terlalu...!
Tong ngaku pituin urang Sunda
lamun teu bisa basa Sunda! Di jaman kiwari henteu saeutik urang Sunda anu teu
bisa basa Sunda. Hal ieu ogé salasahijina mangrupa pangaruh didikan kolot ka
budakna. Urang Sunda ayeuna mah loba géngsina ngagunakeun basa Sunda téh ku
sabab cenah kampungan nora, kudu
dibasmi deui tah pola pikir cupet jiga kitu. Padahal mah basa Sunda téh ciri
jati diri urang Sunda. Moal bisa disebut urang Sunda lamun teu bisa jeung teu
maké basa Sunda. Tapi geuning di jaman kiwari mah loba pisan kolot urang Sunda anu
leuwih milih murangkalihna asup lés basa deungeun tibatan basana sorangan, bari
basa Sunda téa teu diajarkeun ka budakna. Kalah hantem dihayoh-hayoh sina
maraké basa Indonésia atawa basa Inggris sapopoé di imah. Pan geus salah fungsi
jeung kalungguhanana.
Urang kudu sing bisa nempatkeun
basa saluyu jeung fungsi katut kalungguhanana. Mana basa indung, mana basa
nasional, mana basa internasional. Kudu bisa kabéh ogé eta tilu katagori basa
téh, jeung kudu bisa nempatkeun dipakéna. Cing atuh urang Sunda, ari di imah
jeung di lingkungan kulawarga mah paké basa Sunda téh, apan basa indung, basa
gaul di lingkungan kulawarga. Ambéh tetep aya basa Sundana, ambéh tetep
langgeng.
Sakitu anu tiasa dipihatur, urang sami-sami ngajaga kabudayaan jeung
basa Sunda. Tanggung jawab urang sélér Sunda ngajaga sangkan basa-budaya Sunda
henteu dugi ka tilelep ku budaya barat jeung budaya sanésna. Cag!
(Sarah Sahira, kelas IX i SMPN 1
Warungkondang, lahir di Cianjur, 23 Desember 1997. Padumukan di Cipadang RT
01/RW 05 Désa Bangbayang, Warungkondang, Cianjur, Jawa Barat. Email Sarah_Sahira@ymail.com twitter @sarahsyahirasya)
Fikri moch yusup kelas IX.8
BalasHapusHatur nuhun,ibu.