Ku Imas Rohilah
Drama asalna
tina kecap “draomai” anu hartina niru atawa niron-niron. Drama téh salasahiji
wangun kasenian anu némbongkeun titiron paripolah jalma dina kahirupan nyata
anu témbong dina laku, ucapan, pasemon, jeung lianna. Dina jaman Walanda, drama
téh disebut toneel (tunil) hartina
pintonan. Dina jaman Jepang istilah tunil diganti ku kecap “sandiwara’,
kadieunakeun istilah nu umum dipaké téh nya drama.
Istilah drama jolna tina kabudayaan Barat, tina kabiasaan kagiatan sastra urang Yunani. Sakumaha ceuk Krauss, drama téh bentuk gambaran seni anu asalna tina kawih jeung ibing dina ibadahna urang Yunani Kuno. Dina prak-prakanana katitén jelas dialog anu dramatis, konflik, jeung pungkasan carita dipintonkeun dina panggung. Carita dina drama datang tina rasa suka jeung duka manusa anu diwujudkeun dina seni. Drama digolongkeun kana karya sastra lantaran ngagunakeun média basa dina nepikeun gagasan pangarang.
Dumasar kana wujudiahna, drama dibagi dua nyaéta drama minangka pintonan (drama panggung) jeung drama minangka naskah (drama closet/drama repertoar). Drama mangrupa pintonan téh mangrupa pagelaran anu bisa katingali, kaaprésiasi ku nu lalajo. Drama pintonan/panggung mangrupa gabungan tina sagala rupa cabang seni: seni sora, seni tari, seni musik, seni rupa, jeung seni sastra. Drama anu mangrupa naskah mah wujudna dina wangun tinulis, bisa kaaprésiasi ku jalan dibaca. Drama anu mangrupa naskah satuluyna bisa terus ngawujud jadi pintonan upama dipagelarkeun.
Cara nulis naskah drama béda jeung cara nulis jenis karya sastra nu lian. Dina naskah drama katingali aya dialog/wangkongan antara para palakuna. Téks dina naskah drama dibagi jadi dua bagian nyaéta téks utama jeung téks panyarta. Téks utama nyaéta omongan para tokoh, téks anu kudu diucapkeun ku para pamaén nalika éta naskah drama dipagelarkeun.
Téks utama dibagi jadi dua bagian nyaéta dialog jeung monolog. Téks panyarta nyaéta téks anu ngarojong kana téks utama. Saperti katerangan ngeunaan gerakan palaku, katerangan ngeunaan paroman palaku, katerangan ngeunaan latar, katerangan ngeunaan suasana, katerangan ngeunaan ilustrasi pirigan musik, jeung lian ti éta. Téks panyarta mah sagala rupa téks anu aya dina naskah drama salian ti ucapan palaku. Ku ayana gabungan antara téks utama jeung téks panyarta, nu maca téks drama atawa nu bakal mentaskeun drama, bakal paham naon-naon anu kudu dipilampah.
Dumasar kana eusina, drama dibagi jadi tilu: tragédi, komédi, jeung campuran antara tragédi komédi. Drama tragédi nyaéta lalakon drama anu eusina pikasediheun, pinalangsaeun, hal-hal anu tragis. Drama komédi eusina ngutamakeun banyol, pikaseurieun, tepikeun ka matak sééleun anu maca/atawa anu lalajo. Drama tragédi komédi mah eusina campuran antara pikasediheun anu direumbeuy ku hal-hal pikaseurieun.
Unsur-unsur drama nyaéta téma, galur, palaku, latar/sétting, amanat, jeung dialog. Téma téh inti tangtungan carita, poko gagasan dina carita drama. Contona téma atikan, pulitik, kritik sosial, romantismeu cinta asih, jeung lian ti éta.
Galur nyaéta jalan carita, sabab-akibat kajadian dina drama anu ngawujud jadi carita anu lengkep. Aya galur mérélé nyaéta galur kronologis, carita dimimitian ti kajadian awal, kajadian di tengah, kajadian ahir. Aya galur mundur: carita dimimitian ti kajadian ahir, kajadian di tengah, terus kana kajadian awal. Aya galur mobok tengah: carita dimimitian ti kajadian di tengah-tengah, kana kajadian ahir, mundur kana kajadian awal.
Palaku nyaéta anu ngalalakon dina drama. Nu ngalalakon téh bisa manusa, sasatoan, jeung mahluk lianna anu dipintonkeun niru-niru kalakuan jalma. Aya palaku protagonis, palaku antagonis, jeung palaku tritagonis. Palaku protagonis nyaéta palaku anu ngarojong, anu mageuhan, anu nguatkeun kana amanat drama. Palaku protagonis biasana watekna positif: bageur, daékan, jujur, soléh, jeung lian ti éta. Palaku antagonis téh sabalikna tina palaku protagonis. Palaku antagonis mah lalawanan jeung amanat drama. Biasana palaku antagonis watekna négatif: belegug, kedul, basilat (korup), euwah-euwah (bréngsék), jeung lian ti éta. Palaku tritagonis nyaéta palaku anu ngarojong ngadeudeul (membantu) palaku séjén. Boh mantuan palaku protagonis, boh mantuan palaku antagonis.
Latar nyaéta tempat, waktu, jeung suasana lumangsungna kajadian. Dina drama panggung, latar téh diatur maké properti jeung tata lampu. Pikeun nimbulkeun rupa-rupa suasana, diwuwuhan ku pirigan sora musik atawa waditra.
Amanat nyaéta pesen, naséhat, papatah pangarang drama/palaku drama anu hayang ditepikeun ka nu maca naskah drama atawa ka nu lalajo drama. Dina amanat aya kudu jeung aya ulah. Conto: kudu jujur, ulah basilat. Kudu pinter, ulah bodo. Kudu béréhan, ulah pelit. Kudu rikrik gemi, ulah awuntah. Kudu apik berséka, ulah jorok, jlté.
Dina kamekaranana, drama aya anu diwangun tina kaya sastra lianna, upamana tina sajak atawa tina carita pondok (cerpen). Prosés ngarobah jeung mentaskeun karya sastra jenis nu lian kana drama disebut dramatisasi.