ku Imas Rohilah
1. Wangenan
1. Wangenan
Carita pondok sok diwancah carpon/tadok/cadok, nya éta karangan (tinulis) rékaan atawa fiksi dina wangun lancaran, prosa naratip. Galur caritana rélatip basajan lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa, museur kana hiji kajadian utama, mangrupa hiji episodeu. Palakuna ogé ukur dua/tilu. Ku lantaran kitu, ieu carita téh rélatip pondok. Umumna mah jejer, latar (sétting), jeung kajadian carita téh diolah tina alam kahirupan kiwari. Patali jeung situasi penerbitan buku kiwari, midangna carita pondok Sunda téh umumna mah dina majalah (heula), ti dinya kakara dikaluarkeun mangrupa buku (kumpulan carpon) (Iskandarwassid, 2003: 113).
2. Bédana Carita Pondok jeung Dongéng
Carita pondok téh aya sasaruaanana jeung dongéng. Boh dongéng boh carita pondok pada-pada carita anu parondok. Ngan baé lamun dina dongéng sok aya babagian anu pamohalan, dina carita pondok mah umumna euweuh. Tegesna eusi caritana téh kaharti ku akal. Palakuna, jalan caritana, tempat jeung waktu kajadianana diréka lir nu enya kajadian. Gelarna deuih anu béda téh. Dongéng mah umumna hasil sastra béh ditu, ari carita pondok hasil sastra kaayeunakeun. Cara nyebarna dongéng mah umumna ku lisan, ari carita pondok mah ku tulisan. Saperti umumna sastra lisan, dongéng mah teu kasebut ngaran anu ngarangna, disebutna ogé sastra balaréa. Ari carita pondok mah kanyahoan saha nu ngarangna da sok dituliskeun.
3. Sumebarna Carita Pondok
Buku kumpulan carita pondok anu mimiti judulna Dogdog Pangréwong dikaluarkeun ku Balé Pustaka taun 1930 anu ngarangna ukur ditulis aksara mimitina wungkul, GS. Jadi 6 taun leuwih ti heula tinimbang buku kumpulan carita pondok/cerpen dina basa Indonesa Teman Duduk karangan Muh. Kasim anu terbit taun 1936.
Ceuyahna carita pondok pangpangna sanggeus urang merdika. Carita pondok dimuat dina majalah-majalah saperti Warga (1951), Sunda (1952), Candra (1954), Kujang (1956), Manglé (1957), Kiwari (1957), Sari (1962), Langensari (1963), Mingguan Sunda (1965), Hanjuang (1971), Gondéwa (1972), Giwangkara (1973), Galura (1974) jeung lianna. Kiwari loba diterbitkeun dina wangun buku.
4. Sawatara Conto Buku Kumpulan Carita Pondok
No
|
Judul Buku Kumpulan carpon
|
Pangarang
|
Taun
|
1
|
Dogdog
Pangréwong
|
G.S
|
1930
|
2
|
Carita Biasa
|
R.A.F
|
1959
|
3
|
Dongéng
énténg ti Pasantrén
|
R.A.F
|
1961
|
4
|
Papacangan
|
Rusman
Sutiasumarga
|
1960
|
5
|
Hujan
Munggaran
|
Ayat
Rohaédi
|
1960
|
6
|
Néangan
|
Caraka
(Wiranta)
|
1962
|
7
|
Jurig
|
Tini
Kartini
|
1963
|
8
|
Paséa
|
Tini
Kartini
|
1965
|
9
|
Nyi
Karsih
|
Tini
Kartini
|
1984
|
10
|
Di
Luhureun Jukut Reumis
|
Yus
Rusyana
|
1965
|
11
|
Jajatén
Ninggang Papastén
|
Yus
Rusyana
|
1988
|
12
|
Béja
ti Maranéhna
|
Ki
Umbara (W. Ranusulaksana)
|
1964
|
13
|
Diwadalkeun
ka Siluman
|
Ki Umbara (W.
Ranusulaksana)
|
1965
|
14
|
Teu
tulus Paéh Nundutan
|
Ki Umbara (W.
Ranusulaksana)
|
1965
|
15
|
Kanyaah
Kolot
|
Karna Yudibrata
|
1985
|
16
|
Ceurik
santri
|
Usep Romli HM
|
1985
|
17
|
Halimun
Peuting
|
Iskandarwassid
|
1990
|
(Rusyana, 1992: 45)
d.
Palaku
Éta di luhur sakadar conto, kiwari ceuyah
buku-buku kumpulan carita pondok karya para pangarang séjénna boh entragan heubeul
boh entragan béh dieu saperti Aam Amilia, Godi Suwarna, Darpan Ariawinangun,
Usman Supéndi, Cécép Burdansyah, Dian Héndrayana, jlté. Lian ti kumpulan
carpon, anu mangrupa antologi carita pondok ogé jaman kiwari geus loba anu
terbit, di antarana karya-karya pinunjul anu dihijikeun dina antologi saperti Kanagan I, Kanagan II, Heulang nu Ngajak
Béngbat, Lir Cahya Nyorot Eunteung,
Campaka Mangkak, Ti Pulpén tepi ka
Pajaratan Cinta, jlté.
5. Unsur Intrinsik Carita pondok
Saperti
umumna carita fiksi, carita pondok ngandung unsur-unsur intrinsik (unsur jero)
anu nyampak dina téks karya. Unsur intrinsik carpon nya éta:
a.
Téma
Nya éta inti tangtungan atawa inti ageman anu
sipatna abstrak, dipageuhan dina racikan karangan rékaan pikeun ngayakinkeun nu
maca. Bisa jadi ku pangarang ditembrakkeun (ditulis), tapi mimindengna mah
implisit. Téma téh jadi pameungkeut sagemblengna carita. Atawa muncul tina
carita sagemblengna. Ku lantaran téma karangan téh mimindengna implisit, sok
dicindekkeun ku nu maracana. Istilah téma sakapeung mah sok dipaselupkeun jeung
motip (Iskandarwassid, 2003: 162).
b. Amanat
Nya éta pesen pangarang pikeun nu maca
karyana, bisa mangrupa panyaram bisa mangrupa pangjurung laku, conto amanat
panyaram, “Ulah kedul ari jadi murid.” Conto amanat pangjurung laku, “Kudu rajin
diajar ambéh pinter.” Amanat aya anu nembrak (éksplisit) anu anu nyamuni
(implisit). Amanat anu implisit dicindekkeun ku nu maca.
c.
Latar (Sétting)
Nya éta gambaran waktu, kaayaan pajamanan,
patempatan, lingkungan, suasana, jsté anu ngalantarankeun kajadian carita.
Tegesna mangrupa salasahiji komponén dina adegan karangan. Merenah henteuna
milih latar jeung ngadéskripsikeunana milu nangtukeun ajén karangan
(Iskandarwassid, 2003: 74). Sacara basajan, latar nya éta tempat jeung waktu
lumangsungna kajadian/peristiwa dina carita pondok.
Nya éta ngaran-ngaran anu ngalalakon dina
carita. Dumasar kana kalungguhan atawa pentingna dina carita , palaku téh
dibagi jadi tilu: 1) palaku utama atawa palaku kahiji protagonis, nya éta palaku
anu nyekel peran utama ti awal nepi ka ahir carita. 2) palaku kadua nya éta
palaku anu peranna marengan, mantuan, atawa jadi lawan palaku utama (anu jadi
lawan disebutna antagonis), jeung 3) palaku tambahan, nya éta para palaku anu
peranna teu pati penting. Dina carita heubeul, lian ti jalma, anu jadi palaku
téh bisa ogé sasatoan, buta, jin, jst (Iskandarwassid, 2003: 25).
e.
Alur/Plot
Nya éta rakitan (struktur) rupaning
kajadian carita nepi ka ngawujud jadi leunjeuran carita. Dina ngarakit kajadian
carita téh: nempatkeunana, ngatur heula-pandeurina, matalikeun hubungan antar
kajadian, jste. Unggal rakitan disusunna jeung dipidangkeunana téh pikeun
meunangkeun éfék-éfék émosional jeung kaéndahan. Kajadian carita raket pisan
patalina jeung palaku carita. Kajadian téh apan keur gambaran palaku atawa ari
palaku téh ngawatesanan kajadian (Iskandarwassid, 2003: 112).
f.
Gaya
Nya éta corak éksprési basa, boh dina
prosa boh dina puisi. Cara kumaha anu digunakeun ku pangarang dina midangkeun
omongan. Pasipatan gaya (basa) dina karya sastra atawa tina hiji pangarang bisa
dianalisis tina 1) diksina atawa pilihan kecapna, 2) ungkara atawa struktur
kalimahna 3) tina rupa-rupa babandingan jeung cara ngantebkeun harti 4) tina
pola wirahmana, purwakantina, jeung ciri-ciri wangunna nu séjén, 5) tina cara-cara
nimbulkeun éfék ku rakitan basa. (Iskandarwassid, 2003: 44).
g.
Puseur Panitén/Titik Caturan/Point of
View
Nya éta cara ku saha dicaritakeunana karangan. Aya
dua cara anu bisa digunakeun dina fiksi nya éta 1) caturan jalma katilu, juru
catur aya di luareun carita. Ngagunakeun kecap sulur ‘manéhna’ atawa
‘maranéhna’ 2) Caturan jalma kahiji, juru catur aya di jero carita, jadi palaku
carita, ngagunakeun kecap sulur ‘kuring’ (Iskandarwassid, 2003: 112).
Daptar Pustaka
Iskandarwassid.
2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung:
Geger Sunten.
Rusyana,
Yus. 1992. Panyungsi Sastra. Bandung:
Rahmat Cijulang.