Magénta
ku Imas Rohilah
Teregos
jeung hélem padet na beungeutna. Jangjingna
jékét gandola jeung légging sarwa kulit campego dina métik. Kolényay, konéng tonggong sukuna,
magénta sapatuna, urat-urat semu biru katohyan saliwatan. Keteg jantung reus sakedapan. Angen ngoléab,
bajréd, busrat-basrét na kejem jalan. Manco deui kana lampu, tugur waktu. Selepung mangprung. Sebrut diudag. Teu tolih nu susumbar. Gilek ngénca, Sup ka mall, dituturkeun. Hélemna deuih nu
inget téh, kayas. Tenga-tengo di
parkiran, suwung. Sulusup ka konter-konter, sugan aya milik. Sirah kayas
dikoréhan, bet susah pisan. Mending sungsi sapatuna. Teu nelik sisi jeung gigir, husu tumungkul. Bray,
bray warna-warna sapatu, hideung ilahar, bodas ilahar, coklat ilahar, marun
ilahar, héjo, konéng, pérak, emas. Kasilep jadi ranyay na téténjoan, duh tarajé
widadari. Nahnay. Gék nyanding manekin, “Wilujeng siang,” galéhgéh nakeran. Krep
nu bajréd gumulung deui. Angen ngajetut. Sukuna ngolényay konéng. Tapi teu
disapatu.
Anting Gypsi
ku Imas Rohilah
Jen di nu
ieu, nu séjén panjang antrian. Tapi éta nu hareupeun, karanjang sorongna mani metet.
Si Étéhna pakupis jeung budak, bacéprot
curum-caram, “Sama Papah, sama Papah.” Tutunjuk ka lalaki nu ngajengjen
hareupeunana. Ribet Étéh. Euleuh salah meunteun, lain ribet, tapi modis tur
nyawéné. Kitu-kitu, tapi éta suku jéngké waé da sendalna jungkung, leungeun
baju ngaléléké, pakupis deuih nyingkab-nyingkab buuk, can bulu mata palsu jeung
anting gypsi sagedé geulang koroncong.
Réngsé prosési
scanning barcode balanjaan, créng salakina babayar, lain créng kétang, sréét…. Si
anting gypsi sakulawadet leungit na paningali, sedeng kesanna napel pageuh na
uteuk, rahuuh….
Cag babawaan, ngalungsar. Kasaksén si cikal keur
mangwuduankeun bapana nu nyangheuy na korsi roda, si bungsu pahibut mukaan
balanjaan, si panengah imut ngasongan téh haneut, leguuk….
Every Minute of The Day, I Keep Loving You
ku Imas Rohilah
Simpé. Mangsa nu panggoréng-goréngna dina
kahirupan kuring, sabab sakieu simpéna. Nyorangan, ngan sorangan. Keprul-keprul
salju munggaran ngawurkeun kalongkéwang. Kalakay-kalakay sésa tingkoléang nebarkeun
kalewang. Nahnay, haté nu nahnay. Leuseuh, jiwa nu leuseuh. Angin winter
suméar, ngirimkeun nyenyepna hawa laut Atlantik. Kapeung ngadudud ngajaulkeun
eusi angen. Kalan ngulikbek ngaheumbat-heumbat eusi dada. Ieu aya honeng, ieu
aya kangen. Lawas ngalukut, tiis paripurna. Tapi keur saha?
“Come on, Dad!”
Rénjag! Salju napuk na pipina nu kebi nu angger kayas. Tetengger diusap,
wilujeng leleson, Nung.
“Hayu, bageur!” Tapak-tapak
sapatu ngajauhan makam, kalimpudan salju laun-laun.
Téngkor Kadelé
ku Imas Rohilah
“Tong ameng sareng pameget, bisi pacampur getih!”
Berengbeng, srog, “Hayang..., ménta!” Kadelé dina téngkoran
pamahanan Enin ledis. “Ih, lalaki wungkul nu dibéréna!” Babaturan awéwé méh
parundung. “Atuda kapiheulaan!”
Balikna, “Yeuh, istri teu kéngéng jalingkak! Sing andalemi!
Tangka kalotor kieu, tataékan boa!” Gewor-gewor, cai hérang ngaguyur awak. Las-las, anduk leutik kana beungeut, lemes,
seungit. Las deui anduk leutik nu séjén kana sabudeureun rarangan, lemes
deuih. Anduk panggedéna kana bagian awak
nu can diandukan, rup sakalian disimbutkeun.
“Hiji wé atuh andukna, Enin?”
“ Sssst..., ambéh geulis!” Nompo, ngaharéwos. Damisna lemes,
seungit. Dugi ka pupusna Enin mah,
damisna limit cahayaan.
Kalaksanakeun kabéh gé pépéling Enin téh. Nu inget mah.
“Makasih, demoh!” wel, cék meunang nandatangan kana sesela
susu. “Jangan sama yang lain!” Ngiceupan. “Wani piro?” dikiceupan, las-las,
tisu baseuh kana beuheung, baruruten.
“Beneran?” curinghak, dasina diudar deui. Padungdengan jeung
rayuan, sapuk.
Deuh, genah! Mobil sport anyar, apartemén méwah! Waragad
hirup? Teu ringrang sing!