Conto Naskah Drama Monolog pikeun Pangajaran Basa Sunda Kelas IX SMP
PEUTING JEMPLING, DI HIJI ROHANGAN, BURHAN KEUR MENEKUNG MUJASMÉDI. REUP PEUREUM MEUNANG SAWATARA WAKTU. TEU LILA KORÉJAT CENGKAT NGAGENTAK JIGA AYA NU NGAGEBAH.
Bieu mah asa aya nu ngageroan. Sada
sora indung-bapa kuring. Sada sora adi-adi kuring…. Sora-sora…. (SIRAHNA
DÉNGDÉK, LEUNGEUNNA NÉMPÉL NA CEULI KATUHU). Ah, jempling-jempling teuing atuh
wanci téh. Jam sabaraha ieu téh nya…? Guru, anjeun kitu nu datang téh? Atawa
Imam kitu, nu cikénéh ngageroan téh. Guru atawa Imam? Atawa
lain maranéhna? Rus-ras, hirup nu pacaruk jeung impian. Guru atawa Imam nu
cikénéh ngageroan kuring téh atuh? Si Éyang meureun, guru kuring. Kapan manéhna
mah sakti mandraguna. Tapi élmu nu katarima ku kuring ti Si Éyang can
sampurna. Can aya jalma nu bisa kasalametkeun ku kuring. Kuring can bisa
nulungan sasaha. Ah, anéh, naha aranjeun téh waka euweuh atuh. Padahal mah maot
téh engké wé mun kuring geus laksana sakumaha nu dipikahayang. Kuring hayang
bisa tutulung. Sanggeus kuring teu bisa nulungan indung-bapa kuring sorangan.
(GÉK DIUK ANTARÉ, SILA TUTUG) Ku
kuring geus dicaritakeun kapan Eyang, yén kolot kuring aya nu ngaheureuyan. Aya
nu neluh ceuk urang kampung mah. Teu apal nanaon, balilu, kuring mah. Ukur bisa
melongkeun kolot nu gering ngadadak. Utah-uger, teu bisa dicageurkeun ku
doktor. Kuring ukur bisa nyengceurikan. Aya nu ngawerejit cenah. Aya nu neluh
ceuk tatangga mah. Aya jalma nu hasud ka kolot kuring. Lamun seug kuring bisa
nyageurkeun Ema jeung Abah, meureun ayeuna téh aranjeunna araya kénéh di
kieuna. Saha atuh nu geus neluh kolot kuring téh?
(NGAHULENG RADA LILA) Hémeng,
sainget mah, kolot kuring téh asa teu barogaeun musuh. Naha maké jeung aya nu
neluh? Ti harita, kuring boga niat hayang boga pangabisa téh. Hayang bisa
nyageurkeun jalma nu keuna ku teluh. Kuring hayang jadi jalma nu bisa tutulung.
Itung-itung pangabakti ka kolot kuring sorangan. Aranjeunna aya di kalanggengan
alatan kuring teu bisa nulungan.
(JUNG
NANGTUNG, NITÉNAN KAAYAAN) Wanci terus mébérkeun jangjang jemplingna (TANGGAH
BARI PEUREUM, LEUNGEUNNA RANGGAH) Peuting nu ngawasa peteng. Peteng nu ngawasa
peuting. Peuting aing, peteng deungeun. Peuting aing gumalingging. Saban peteng
deungeun-deungeun. Peuting lain sapeuting-peutingna. Bur mancur
sukma nu ibur. Ngagulubur nyawa nu sirna. Sirna nganti di ajali. Sukma aing
sukma deungeun. Deuleu Si Raja Mandala. Déngé Si Ratu Srangéngé. Hibar lumar
sinar gumilar, sasoroting kamulyaan. Les…, aing tanpa karana, ngaraga meneng,
ngaraga wening, ilangna kasampuraan…. (BURHAN NGARUMPUYUK, NGALEMPRÉH TEU
EMPÉS-EMPÉS)
(Diropéa ku Imas Rohilah tina Sempalan Naskah Drama “Jeblog”Karangan Nunu Nazarudin Azhar)
Kamus Alit:
Werejit = sejenis teluh
Pacaruk = bercampur
Ahéng = anéh
Sakti mandraguna = sakti sekali
Antaré = lambat/pelan-pelan
Utah-uger = muntah-muntah
Sila tutug = duduk bersila dengan satu kaki ditekuk
Hémeng = heran
Kalanggengan = alam kubur
Peteng = gelap/kegelapan
Deungeun-deungeun = orang lain
Waruga = badan
Patelak = pertentangan
Sukma = jiwa
Ibur = ramai
Tidak ada komentar:
Posting Komentar