Bagéa, anaking, kanca-mitra, dulur-baraya. Sumangga sindang di blog simkuring, pamugi aya mangpaatna...!

Sabtu, 31 Januari 2026

Ngaronjatkeun Kaséhatan Masarakat

Ku: Imas Rohilah

Usaha pikeun ngaronjatkeun kaséhatan masarakat téh lega ambahanana. Di antarana ngeunaan gizi, sanitasi lingkungan, jeung olahraga.

Supaya séhat, urang kudu ngabiasakeun ngadahar kadaharan anu hadé. Kadaharan anu hadé tangtu nyumponan sarat gizi. Ari kadaharan anu nyumponan sarat  gizi, tinangtu ngandung unsur-unsur karbohidrat, protéin, lemak, vitamin, mineral, jeung cai.

Karbohidrat gunana pikeun sumber tanaga. Karbohidrat ayana dina sangu, jagong, hui, ogé roti. Protén mangrupa bahan utama pangwangun sél jeung zat-zat penting dina awak. Protéin bakal kapanggih dina daging, endog, susu, lauk, kacang, suuk, tahu, témpé, jeung nu séjénna. Lemak gunana di antarana pikeun nangtayungan organ-organ dina jero awak urang. Lemak bakal kapanggih dina daging, kalapa, lauk, jeung nu lianna. Vitamin gunana pikeun ngatur rupa-rupa kagiatan dina jero awak urang. Upamana ngatur tumuwuhna awak urang. Vitamin bakal kapanggih dina sayur-sayuran jeung bungbuahan. Mineral penting kacida pikeun awak urang. Ku ayana mineral urang bisa engapan. Mineral bakal kapanggih dina susu, sayur-sayuran, daging-dagingan, jeung nu lianna. Anu pamungkas, cai. Cai kacida pentingna pikeun awak urang. Kurang leuwih 70% awak urang diwangun ku cai. Cai gunana pikeun ngatur panas awak, miceunan racun tina awak, ngatur pungsi kulit, jeung lian ti éta. Urang sahenteuna perlu nginum dua léter cai dina sapoé. Éta téh sabanding jeung dalapan gelas sapopoé.

(Gambar buatan AI)

Sakabéh unsur gizi téh kudu kacumponan. Teu kudu nu mahal-mahal. Protéin teu kudu tina daging baé, bisa tina témpé-tahu anu hargana leuwih kahontal. Vitamin teu kudu tina buah impor nu marahal. Loba bungbuahan lokal anu aya di sabudeureun urang. Kayaning cau, jeruk Garut, danas Subang, salak Cinéam, jeung lian ti éta.

Hal satuluyna anu kudu jadi panitén, nyaéta sanitasi lingkungan. Anu dimaksud sanitasi lingkungan nyaéta usaha-usaha sangkan lingkungan urang séhat. Ieu kudu dimimitian ti lingkungan kulawarga. Imah téh kudu bareresih. Beresih tina rupa-rupa kokotor, kekebul, jeung runtah. Kokotor dina ubin sapukeun. Kaca-kaca anu calétré beresihan sina jadi hérang-méncrang. Simbut, sepré, anduk rutin diseuseuh saminggu sakali. Kekebul jeung runtah poma ulah dipiceun ka wahangan. Piceun kana tempatna, kana TPS. Sabada lingkungan kulawarga beresih, néma kana lingkungan RT jeung RW. Warga anu hadé tangtu bakal ilubiung upama aya gorol ngabersihan lingkungan. Ulah siliandelkeun sabab éta téh kapentingan saréréa.

(Gambar buatan AI)

Hal séjénna anu kudu diperhatikeun nyaéta olahraga. Upama hayang séhat, kudu olahraga. Olahraga téh bakal ngalancarkeun ngamalirna getih dina awak. Upama getih lancar,  sakabéh pungsi organ bakal jalan. Jantung bakal lancar ngompa oksigén. Upama urang rajin olahraga, jantung jeung paru-paru bakal kuat. Lian ti éta urang bakal meunang kasenangan jeung kabungahan tina olahraga. Moal setrés lamun mayeng olahraga mah.

Senam ogé hadé. Leumpang atawa lumpat ogé hadé pikeun kaséhatan. Ibu-ibu mah nyebutna jogging. Jogging isuk-isuk sabari nyeuseup hawa seger kana awak bakal cangker. Antara 20 – 30 menit leumpang unggal isuk, éta kabiasaan hadé. Indit-inditan ka nu deukeut-deukeut baé mah teu kudu numpak motor, teu kudu numpak mobil, leumpang alus pikeun kaséhatan.

(gambar buatan AI)
Cindekna, kudu jadi panitén urang saréréa ngeunaan gizi, sanitasi lingkungan, jeung olahraga. Taya lian sangkan kulawarga séhat, masarakat séhat, saréréa hirup raharja. (Diropéa tina rupa-rupa sumber)

Jumat, 30 Januari 2026

Pa Mochtar Kusumaatmadja

Ku: Imas Rohilah











(Gambar tina commons.wikimedia.org) 

Pa Mochtar Kusumaatmadja (dibaca Mohtar Kusumaatmaja) lahir di Jakarta, kaping 17 Pébruari 1929.

Dina taun 1955 Pa Mochtar namatkeun atikan di Universitas Indonesia. Lajeng neraskeun ka Universitas Yale di Amérika Serikat, tamat taun 1958. Neraskeun kana program doktor di Universitas Pajajaran, tamat taun 1962. Teras sakola deui di Universitas Harvard antawis taun 1964-1966. Neraskeun deui di Universitas Chicago antawis taun 1965-1966. Sadayana dina widang hukum.

Pa Mochtar aktip dina rupi-rupi organisasi, sapertos Komisi Hukum Internasional, Déwan Kelautan Nasional, sareng nu sanésna deui.

Ti ngawitan Universitas Padjajaran diadegkeun, Pa Mochtar tos ngadosénan di dinya. Taun 1969 anjeunna janten guru besarna. Taun 1970 jeneng rektorna. Pa Mochtar ogé kantos janten anggota Dewan Pertimbangan Agung. Kantos jeneng Menteri Kehakiman ti taun 1974 dugi ka taun 1978. Jeneng Menteri Luar Negeri  salami dua périodeu antawis taun 1978 dugi ka taun 1988. Anjeunna ogé kantos janten Ketua Komisi Demarkasi wates antara Irak-Kuwait. Pa Mochtar ngadegkeun kantor pengacara Mochtar, Karuwin, & Komar.

Pa Mochtar téh akademisi sareng ahli diplomasi. Nalika janten menteri luar negeri, anjeunna sering ngawakilan Indonésia dina rupi-rupi forum Internasional. Di antawisna ngawakilan Indonésia dina sidang PBB perkawis Hukum Laut Internasional di Jenewa sareng New York. Ngawakilan Indonésia dina Konferénsi Hukum Laut di Jenewa sareng Colombo.

Pa Mochtar Kusumaatmadja ageung jasana perkawis Wawasan Nusantara. Saur anjeunna nagara Républik Indonésia téh nagara kapuloan. Ku kituna laut-laut anu aya di antara pulo-pulo di Indonésia, mangrupa hak Indonésia sadayana. Teu meunang warga nagara lian sakohoyong asup.  Ku jasana Pa Mochtar, wilayah laut anu dikawasa ku Indonésia janten ngalegaan.

Pa Mochtar sering ngadugikeun gagasanana dina karangan. Buku karangan anjeunna di antawisna Pengantar Hukum Internasional, Hukum Laut Internasional, Bunga Rampai Hukum Laut, sareng nu sanésna.

(Gambar tina commons.wikimedia.org)

Pa Mochtar téh seneng pisan kana musik klasik. Anjeunna tos biasa ngupingkeun musik klasik karya-karya Mozart, Beethoven, atanapi Haydn. Upami nyaba ka mancanagara, anjeunna sok sumping kana pintonan musik klasik. Ku jalaran seneng musik klasik, anjeuna ngadegkeun grup Nusantara Chamber Orkestra.

Panineungan anu napel dina émutan Pa Mochtar nya éta piul pamaparin Ibu Sud. Ibu Sud téh réréncangan sakola biangna. Ibu Sud kawentar sering nyiptakeun lalaguan kanggo marurangkalih. Ibu Sud mahér ngését biola (piul). Nya Ibu Sud anu mirig lagu Indonésia Raya dina Kongres Pemuda  kaping 28 Oktober 1928.  Tah piul éta téh dipaparinkeun ku Ibu Sud ka Pa Mochtar dina taun 1994. Éta piul janten tawis katineung anu ageung ajénna. Dugi ka ayeuna Pa Mochtar teu uningaeun, ku naon éta piul dipaparinkeun ka anjeunna.

(Diropéa tina Setiawan, Hawe. 2005. “Pa Mochtar, Diplomasi, jeung Piuldina Cupumanik Nomer 25/2005. Bandung: Yayasan Kebudayaan Rancage jeung sumber lianna)