Bagéa, anaking, kanca-mitra, dulur-baraya. Sumangga sindang di blog simkuring, pamugi aya mangpaatna...!

Selasa, 16 Januari 2024

DRAMA

 

Ku Imas Rohilah

Drama asalna tina kecap “draomai” anu hartina niru atawa niron-niron. Drama téh salasahiji wangun kasenian anu némbongkeun titiron paripolah jalma dina kahirupan nyata anu témbong dina laku, ucapan, pasemon, jeung lianna. Dina jaman Walanda, drama téh disebut toneel (tunil) hartina pintonan. Dina jaman Jepang istilah tunil diganti ku kecap “sandiwara’, kadieunakeun istilah nu umum dipaké téh nya drama.

Istilah drama jolna tina kabudayaan Barat, tina kabiasaan kagiatan sastra urang Yunani. Sakumaha ceuk Krauss, drama téh bentuk gambaran seni anu asalna tina kawih jeung ibing dina ibadahna urang Yunani Kuno. Dina prak-prakanana katitén jelas dialog anu dramatis, konflik, jeung pungkasan carita dipintonkeun dina panggung. Carita dina drama datang tina rasa suka jeung duka manusa anu diwujudkeun dina seni. Drama digolongkeun kana karya sastra lantaran ngagunakeun média basa dina nepikeun gagasan pangarang.

Dumasar kana wujudiahna, drama dibagi dua nyaéta drama minangka pintonan (drama panggung) jeung drama minangka naskah (drama closet/drama repertoar). Drama mangrupa pintonan téh mangrupa pagelaran anu bisa katingali, kaaprésiasi ku nu lalajo. Drama pintonan/panggung mangrupa gabungan tina sagala rupa cabang seni: seni sora, seni tari, seni musik, seni rupa, jeung seni sastra. Drama anu mangrupa naskah mah wujudna dina wangun tinulis, bisa kaaprésiasi ku jalan dibaca. Drama anu mangrupa naskah satuluyna bisa terus ngawujud jadi pintonan upama dipagelarkeun.

Cara nulis naskah drama béda jeung cara nulis jenis karya sastra nu lian. Dina naskah drama katingali aya dialog/wangkongan antara para palakuna. Téks dina naskah drama dibagi jadi dua bagian nyaéta téks utama jeung téks panyarta. Téks utama nyaéta omongan para tokoh, téks anu kudu diucapkeun ku para pamaén nalika éta naskah drama dipagelarkeun.

Téks utama dibagi jadi dua bagian nyaéta dialog jeung monolog. Téks panyarta nyaéta téks anu ngarojong kana téks utama. Saperti katerangan ngeunaan gerakan palaku, katerangan ngeunaan paroman palaku, katerangan ngeunaan latar, katerangan ngeunaan suasana,  katerangan ngeunaan ilustrasi pirigan musik, jeung lian ti éta. Téks panyarta mah sagala rupa téks anu aya dina naskah drama salian ti ucapan palaku. Ku ayana gabungan antara téks utama jeung téks panyarta, nu maca téks drama atawa nu bakal mentaskeun drama, bakal paham naon-naon anu kudu dipilampah.

            Dumasar kana eusina, drama dibagi jadi tilu: tragédi, komédi, jeung campuran antara tragédi komédi. Drama tragédi nyaéta lalakon drama anu eusina pikasediheun, pinalangsaeun, hal-hal anu tragis. Drama komédi eusina ngutamakeun banyol, pikaseurieun, tepikeun ka matak sééleun anu maca/atawa anu lalajo. Drama tragédi komédi mah eusina campuran antara pikasediheun anu direumbeuy ku hal-hal pikaseurieun. 

Dumasar kana heubeul-anyarna, drama dibagi jadi dua bagian: drama tradisional jeung drama modéren. Drama tradisional muncul tina kabiasaan asli urang Sunda, tata carana, alat-alatna, jeung caritana mintonkeun hal-hal tradisional. Conto drama tradisional nyaéta longsér jeung gending karésmén. Longsér dipintonkeun peuting-peuting dina kalang anu lega, dicaangan maké oncor (obor), dipirig ku gamelan tradisional Sunda. Antara pamaén jeung nu lalajo teu kahalangan ku tumpa-tumpana panggung. Biasana dipintonkeun pikeun ngareuah-reuah hajat atawa panén. Gending karésmén mah drama anu dialog-dialogna dikawihkeun atawa ditembangkeun, dipirig maké waditra gamelan diluyukeun jeung kawih/tembang anu dipintonkeun. Drama modéren mah geus loba pangaruh deungeun (tina téater), dipintonkeun sacara modéren dirojong ku alat-alat anu lengkep, naskahna ngahaja disiapkeun.

Unsur-unsur drama nyaéta téma, galur, palaku, latar/sétting, amanat, jeung dialog. Téma téh inti tangtungan carita, poko gagasan dina carita drama. Contona téma atikan, pulitik, kritik sosial, romantismeu cinta asih, jeung lian ti éta.  

Galur nyaéta jalan carita, sabab-akibat kajadian dina drama anu ngawujud jadi carita anu lengkep. Aya galur mérélé nyaéta galur kronologis, carita dimimitian ti kajadian awal, kajadian di tengah, kajadian ahir. Aya galur mundur: carita dimimitian ti kajadian ahir, kajadian di tengah, terus kana kajadian awal. Aya galur mobok tengah: carita dimimitian ti kajadian di tengah-tengah, kana kajadian ahir, mundur kana kajadian awal.

Palaku nyaéta anu ngalalakon dina drama. Nu ngalalakon téh bisa manusa, sasatoan, jeung mahluk lianna anu dipintonkeun niru-niru kalakuan jalma. Aya palaku protagonis, palaku antagonis, jeung palaku tritagonis. Palaku protagonis nyaéta palaku anu ngarojong, anu mageuhan, anu nguatkeun kana amanat drama. Palaku protagonis biasana watekna positif: bageur, daékan, jujur, soléh, jeung lian ti éta. Palaku antagonis téh sabalikna tina palaku protagonis. Palaku antagonis mah lalawanan jeung amanat drama. Biasana palaku antagonis watekna négatif: belegug, kedul, basilat (korup), euwah-euwah (bréngsék), jeung lian ti éta. Palaku tritagonis nyaéta palaku anu ngarojong ngadeudeul (membantu) palaku séjén. Boh mantuan palaku protagonis, boh mantuan palaku antagonis.

Latar nyaéta tempat, waktu, jeung suasana lumangsungna kajadian. Dina drama panggung, latar téh diatur maké properti jeung tata lampu. Pikeun nimbulkeun rupa-rupa suasana, diwuwuhan ku pirigan sora musik atawa waditra.

Amanat nyaéta pesen, naséhat, papatah pangarang drama/palaku drama anu hayang ditepikeun ka nu maca naskah drama atawa ka nu lalajo drama. Dina amanat aya kudu jeung aya ulah. Conto: kudu jujur, ulah basilat. Kudu pinter, ulah bodo. Kudu béréhan, ulah pelit. Kudu rikrik gemi, ulah awuntah. Kudu apik berséka, ulah jorok, jlté.

Dina kamekaranana, drama aya anu diwangun tina kaya sastra lianna, upamana tina sajak atawa tina carita pondok (cerpen). Prosés ngarobah jeung mentaskeun karya sastra jenis nu lian kana drama disebut dramatisasi.




Sawatara Istilah dina Drama
Adegan: Paguneman jeung laku lampah palaku drama anu museur (berpusat) kana hiji perkara. Biasana ganti adegan henteu ganti sétting.
Babak: Bagian tina pintonan.  Sababak diwangun ku sababaraha adegan. Ganti babak biasana ganti sétting jeung ganti jejer.
Dialog: Paguneman omongan timbal balik (silitémpas) antara hiji palaku jeung palaku lianna. Dialog dipilampah ku duaan atawa leuwih palaku.
Monolog: Nyarita sorangan ka diri sorangan, biasana eusina mangrupa implengan, sawangan, renungan, cita-cita, jeung sapapadana.
PrologOmongan bubuka, mangrupa pangjajap kana prakna pintonan drama.
Épilog: Omongan pamungkas (panungtung); eusina biasana koméntar atawa kacindekan ngeunaan carita drama.
SutradaraJalma nu tanggung jawab dina [pintonan drama: ngatur lajuna drama, laku pamaén, jeung lian ti éta.
SkénarioIstilah modéren pikeun naskah drama.
PalakuAnu ngalalakon dina drama.
Panata GendingAnu nyiptakeun gending pirigan (musik pengiring) dna pintonan drama.
Panata ArtistikJalma anu ngatur sétting, dina pintonan kaasup di jerona aya panata sora jeung panata cahaya.
KostumPapakéan katut asésoris anu dipaké dina pintonan drama saluyu jeung karakter palakuna.
PropertiAlat kalengkepan pikeun ngalengkepan sétting supaya jiga enya-enya dina kahirupan nyata. Conto adegan dangdan maké properti kaca eunteung, sisir, wedak, jeung botol minyak wangi.

Conto-conto Naskah Drama
Juragan Hajat karya Ibing Kusmayatna
Masyitoh karya Ajip Rosidi
Jeblog karya Nunu Nazarudin Azhar
Badog karya Dipa galuh Purba
Randu Jalaprang karya Tatang Sumarsono
Karikatur nu Gélo karya Arthur S. Nalan
Rorongo karya Arma Djunaedi
Lutung Kasarung karya R.T.A. Sunarya
Yaomal Kiamah karya Rahmatullah Ading Affandi
Cahaya Maratan Waja karya Yus Rusyana
Prabu Siliwangi karya Yoséph Iskandar
Bandung Lautan Api karya Rukasah S. W.
Juag Toéd karya Yoséph Iskandar
Raja Wales karya R. Hidayat Suryalaga
Cukang karya Dadan Sutisna
Inten Déwata karya Wahyu Wibisana
Prabu Tarusbawa karya Saini K. M.

***
(Tina rupa-rupa sumber)

Rabu, 27 Desember 2023

CONTO NASKAH BIANTARA PIKEUN SD/SMP

Ku Imas Rohilah

Naskah 1

Assalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Ibu/Bapa Girang pangajén anu ku simkuring dipihurmat, Ibu/Bapa Guru pangaping anu ku simkuring dipihurmat, kanca mitra pamilon pasanggiri anu ku simkuring dipikareueus, kalih teu kantun, hadirin tamu uleman anu dipihurmat.

Sugrining puji urang sanggakeun ka Gusti Alloh Anu Maha Suci. Solawat sinareng salam mugia ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi Muhammad Sollallohu Alaihi Wasallam. Mugia sapaatna mayungan urang di yaumil ahir.

Séwu nuhun kasanggakeun, utamina ka Balai Bahasa Jawa Barat, saterasna ka Badan Bahasa anu parantos maparin kasempetan ka simkuring sumanggem. Simkuring seja aub dina Merdeka Belajar Episode ka-17 Revitalisasi Bahasa Daerah. Tangtos ieu kasempetan moal dimomorékeun.

Hadirin anu mulya, //laut Banda laut Seram/dijugjug jauh tur anggang/basa Sunda basa urang/dijungjung lungguh ku urang//

Ieu pisan anu bakal janten jejer dina ieu pihatur. Basa Sunda kudu dijungjung lungguh tur dimulyakeun. Carana kumaha? Énténg ongkoh bangga ongkoh. Énténgna da puguh deukeut, deukeut di lingkungan kulawarga. Di lingkungan kulawarga Sunda, anggo basa Sunda salaku basa komunikasi sadidinten, pan deukeut éta. Banggana, kantenan bangga. Margi ieu bakal ngarobih kabiasaan anu tos ngabaju. Anu sadidintenna nyarios basa Indonesia atanapi basa Inggris, tangtos sesah robihna upami kedah nganggo basa Sunda. Nanging ku leukeun mah tangtos bakal jadi kabiasaan. Éléh tumbal batan tuman. Muhun yaktos, anggo basa Sunda di lingkungan kulawarga. Ka indung, ka bapa, ka lanceuk, ka adi, ka dulur-dulur, sareng baraya. Éta salasahiji cara rumawat kana basa Sunda.

Tos teu sak deui, basa Sunda kedah didama-dama. Hayu jungjung lungguh ku cara diaranggo. Munggaran tangtos di lingkungan kulawarga. Salajengna masing nerekab ka lingkungan luar sareng réréncangan.

Hadirin anu mulya, moal panjang anu dicatur, rupina mung sakitu anu tiasa didugikeun. Hapunten anu kasuhun, bilih aya kalimah-kalimah anu kirang upami. Leresna hikmah pituduh ti Gusti Alloh, lepat sareng kirangna éstu kabodoan simkuring.

//Angeun kulur diuyahan/rasana pelem kacida/jeung dulur jeung réréncangan/nyarita ku basa Sunda//Dikinten buku saméja/ditawis teu diseratan/hapunten anu diteda/samukawis kalepatan//

Sampurasun, wassalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh.**


Naskah 2

Wilujeng siang, Sadérék sadayana, wilujeng tepang.

Ibu/Bapa Girang pangajén anu dipihurmat.

Pangaping pamilon anu dipihurmat, réréncangan sadayana anu dipikareueus, kalih teu kantun tamu uleman anu dipihurmat.

Langkung ti payun, hayu urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Alloh Subhanahu Wataala, Pangéran anu murbéng alam. Solawat sareng salam mugia teras ka jungjunan urang sadaya Kangeng Nabi Muhammad Sollallohu Alaihi Wasallam, mugia sapaatna mayungan urang sadayana di yaumil ahir.

Séwu nuhun kasanggakeun, utamina ka Balai Bahasa Jawa Barat anu parantos maparin kasempetan ka simkuring pikeun sumanggem. Simkuring seja aub dina Merdeka Belajar Edisi 17 Révitalisasi Bahasa Daerah. Tangtos ieu kasempetan téh moal dimomorékeun.

Hadirin hurmateun simkuring,

//Laut Banda laut Seram/dijugjug jauh tur anggang/basa Sunda basa urang/dijungjung luhur ku urang//. Ieu pisan nu janten jejer dina ieu pihatur. Basa Sunda kedah dijungjung lungguh, dimulyakeun ku urang, salaku urang Sunda.

Carana kumaha? Carana, basa Sunda kedah diulik dileukeunan. Di mana? Salah sawiosna di sakola. Cobi saliksik deui. Salami ieu urang diajar basa Sunda parantos jejem teu acan? Boa caliweura. Asal diuk ngajejengkruk di kelas. Ari ngarti mah henteu. Boa diajarna bari heureuy teu puguh. Ngagedékeun ngélég. Lamun diajar basa Sunda di kelas tos sakainget, komo deui di luar. Leuh seueur para rumaja, muhun pantaran urang, sasanggemna téh teu pararuguh. Basa kasar rabul tina bahamna. Mungkin éta téh jalaran teu terang, mana nu leres mana nu lepat. Da muhun, apan diajarna gé teu husu.

Tah kitu, Sadérék, upami urang muju diajar basa Sunda di sakola, bandungan masing saregep, bapa/ibu guru nuju ngawulang. Ulah kedul midamel tugas-tugasna. Upami aya kecap-kecap nu teu kahartios, kantun mukaan kamus. Leuh untung pisan, lamun di perpustakaan sakola Sadérék, koléksi bukuna euyeub ku buku-buku anu nganggo basa Sunda. Hayu jungjung lungguh basa Sunda ku cara diajar sing jejem, sing junun.

Hadirin, moal panjang anu dicatur. Rupina, mung sakitu anu kapihatur. Hapunten anu kasuhun bilih aya kecap-kalimah kirang utami.

Hatur nuhun, sampurasun.**

Naskah 3

Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh. Sampurasun.

Ibu/bapa Girang pangajén anu dipihurmat,

Pangaping pamilon oasanggiri anu dipihurmat, réréncangan sadayana anu dipikareueus, kalih teu kantun paratamu uleman anu dipihurmat.

Puji kalih sukur urang sami-sami sanggakeun ka Gusti Alloh Subhanahu Wa Ta’ala, Pangéran urang sadaya anu ngaping-ngajaring siang sinareng wengi. Solawat sinareng salam mugi nétés ka pangersa kakasih urang sadaya Kangeng Nabi Muhammad Sollallohu Alaihi Wasallam.

Hadirin hurmateun simkuring, //Papua jeung pulo Tidung/gunung Kawi jeung Pangrango/basa Sunda basa indung/pamugi kedah dianggo//

Hadirin anu mulya, widian simkuring dina kasempetan ieu ngadugikeun perkawis basa Sunda salaku basa indung urang Sunda. Leres pisan basa Sunda téh kedah dijungjung lungguh, kedah dimulyakeun ku urang, salaku urang Sunda.

 

Carana kumaha? Énténg bangga saleresna mah. Énténgna da puguh deukeut, aya dina diri urang masing-masing. Carana, ulah éra nyarita ku basa Sunda, ulah ngarasa géngsi. Ulah ngarasa handap, ulah leutik haté pédah maké basa Sunda. Da basa Sunda téh lambang jati diri jeung kareueus urang Sunda.

 

Lamun aya urang Sunda anu ngarasa géngsi ngagunakeun basa Sunda, teu sak deui, éta jalma cupet pikirna, heureut pandanganana, kuled uteukna, kosong mastakana. Mangga baé badé disebat ceplak pahang ogé. Da enya. Dangukeun sim kuring sakali deui: sing saha jalma-jalma urang Sunda anu ngarasa géngsi maké basa Sunda, saéstuna maranéhna cupet pikirna, heureut deuleuna, kurang élmuna, kuleud uteukna, kosong sirahna. Taya pulunganeunana!

 

Numawi sadérék sadaya. Tos teu sak deui, basa Sunda kedah didama-dama. Hayu jungjung lungguh basa Sunda ku cara diaranggo. Munggaran tangtos di lingkungan kulawarga. Salajengna masing nerekab ka lingkungan luar sareng réréncangan sadidinten.

 

Hadirin, moal panjang nu dicatur, rupina mung sakitu anu tiasa didugikeun. Hapunten anu kasuhun bilih aya kalimah-kalimah anu teureugeus, teu didingding kelir. Leresna hikmah pituduh ti Gusti Alloh, lepatna éstu kabodoan sim kuring.

//Nu sisi nu beulah dinya/nangtung baé di pipirna/Nu géngsi nyarios Sunda/Tangtos baé cupet pikirna//Saninten buah saninten/kawista jeung buah gedang/hapunten abdi hapunten/cumarita ceplak pahang//

Hatur nuhun. Wassalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.**


Minggu, 10 Desember 2023

Fahri Karatéka Leubeut Préstasi

 











Fahri téh karatéka anu nyongcolang préstasina. Sababaraha piala tos kacangking ku Fahri. Ti nuju di SD mula. Basa nuju SD kelas 5, Fahri nyangking tilu kajuaraan dina Kelas Pra Pemula. Juara 1 O2SN Kacamatan Warungkondang, Cianjur. Juara 3 Perorangan O2SN Kabupaten Cianjur, Juara 3 Beregu O2SN Kabupaten Cianjur. Ayeuna Fahri tos di SMP préstasina mingkin nambihan, geura wé ieu:

Juara 1 Kata Perorangan SMP Sabuk Coklat Putra, Juli 2021

Juara 3 Karate Kata Perseorangan Putra O2SN Tingkat Kabupatén, Mei 2022
Juara 3 Kata Beregu Pemula Putra Sa-Jawa Barat, Agustus 2022
Juara 1 Karate Kelas Kata Putra O2SN Tingkat Kabupaten, Mei 2023
Juara 1 Kadet Kata Perseorangan Putra Sa-Jawa Barat, Juli  2023
Juara 2 Kadet Kata Beregu Putra Sa-Jawa Barat, Juli 2023
Juara 1 Kata Beregu  Kadet Putra Sa-Jabar, Juli 2023









Muhamad Fakhri Ramdani, nénéhna Fahri. Lahir di Cianjur, kaping 31 Agustus 2009. Fahri linggih di Cijoho, Warungkondang, Kabupatén Cianjur. Fahri téh putra bungsu, kameumeut Ibu Cicin sareng Bapa Saepudin. Ibu-ramana duanana guru. Ngarojong sareng ngajurung pisan kana kagiatan Fahri dina widang karaté.

Kiwari, Fahri nyuprih élmu di SMPN 1 Warungkondang, tos kelas IX. Sakola Dasarna di SDN Kadupugur, Warungkondang. Fahri mah teu kantos sakola di PAUD atanapi di TK. Langsung baé ka SD. Tapi kapinteranana teu kakantun ku murid-murid nu kantos sakola di TK atanapi di PAUD. Malah Fahri tiasa nyusul réréncanganana. Gancang pisan diajar macana, tiasa mapakan réréncanganana. Dina préstasi rapor gé, Fahri kantos nyangking réngking 2 di SD-na. Jadi sok sanaos sibuk dina latihan karaté, Fahri tetep tigin diajar widang akademik. 












Fahri tiasa nyangking rupining piala téh ku margi tigin latihan. Fahri maneuh latihan karaté di paguron karaté Inkanas (Institut Karate-Do Nasional) Cabang Cianjur anu lokasi latihanana di Kodim Cianjur. Latihanana saminggu dua kali. Fahri gé sok ngojay, paling copél sasasih sakali. Saurna mah sangkan salirana weweg, séhat, tiasa nyundang kana kagiatanana dina karaté.

Cita-cita Fahri, hoyong janten atlit karaté nasional anu leubeut ku préstasi. Hoyong tiasa nyeungitan Indonesia ku kamahéranana dina widang karaté. Atlit kameumeutna Ahmad Zigi Zaresta Yuda, karatéka anu tos sering tandang dina kalang-kalang karaté internasional.


















Artis idola Fahri, penyanyi jebolan Indonesian Idol season ka-12, Salma Salsabil Aliyyah. Perkawis katuangan, Fahri mah sagala seneng. Naon baé tuangeun anu raos, pasti Fahri moal nolak. Tuangeun tradisional atanapi tuangeun modéren, teu weléh hoyong ngaraosan.

Aya pangalaman anu moal kahihilapkeun ku Fahri nyaéta basa kajadian lini 5,6 MMI di Cianjur. Sanés ari trauma mah, cenah, mung pangalaman éta téh bakal nambihan kawaspadaan ka payunna.*

(Imas Rohilah, Désémber’ 2023, tina ngobrol singget sareng Muhamad Fakhri Ramdani