Bagéa, anaking, kanca-mitra, dulur-baraya. Sumangga sindang di blog simkuring, pamugi aya mangpaatna...!

Rabu, 27 Desember 2023

CONTO NASKAH BIANTARA PIKEUN SD/SMP

Ku Imas Rohilah

Naskah 1

Assalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Ibu/Bapa Girang pangajén anu ku simkuring dipihurmat, Ibu/Bapa Guru pangaping anu ku simkuring dipihurmat, kanca mitra pamilon pasanggiri anu ku simkuring dipikareueus, kalih teu kantun, hadirin tamu uleman anu dipihurmat.

Sugrining puji urang sanggakeun ka Gusti Alloh Anu Maha Suci. Solawat sinareng salam mugia ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi Muhammad Sollallohu Alaihi Wasallam. Mugia sapaatna mayungan urang di yaumil ahir.

Séwu nuhun kasanggakeun, utamina ka Balai Bahasa Jawa Barat, saterasna ka Badan Bahasa anu parantos maparin kasempetan ka simkuring sumanggem. Simkuring seja aub dina Merdeka Belajar Episode ka-17 Revitalisasi Bahasa Daerah. Tangtos ieu kasempetan moal dimomorékeun.

Hadirin anu mulya, //laut Banda laut Seram/dijugjug jauh tur anggang/basa Sunda basa urang/dijungjung lungguh ku urang//

Ieu pisan anu bakal janten jejer dina ieu pihatur. Basa Sunda kudu dijungjung lungguh tur dimulyakeun. Carana kumaha? Énténg ongkoh bangga ongkoh. Énténgna da puguh deukeut, deukeut di lingkungan kulawarga. Di lingkungan kulawarga Sunda, anggo basa Sunda salaku basa komunikasi sadidinten, pan deukeut éta. Banggana, kantenan bangga. Margi ieu bakal ngarobih kabiasaan anu tos ngabaju. Anu sadidintenna nyarios basa Indonesia atanapi basa Inggris, tangtos sesah robihna upami kedah nganggo basa Sunda. Nanging ku leukeun mah tangtos bakal jadi kabiasaan. Éléh tumbal batan tuman. Muhun yaktos, anggo basa Sunda di lingkungan kulawarga. Ka indung, ka bapa, ka lanceuk, ka adi, ka dulur-dulur, sareng baraya. Éta salasahiji cara rumawat kana basa Sunda.

Tos teu sak deui, basa Sunda kedah didama-dama. Hayu jungjung lungguh ku cara diaranggo. Munggaran tangtos di lingkungan kulawarga. Salajengna masing nerekab ka lingkungan luar sareng réréncangan.

Hadirin anu mulya, moal panjang anu dicatur, rupina mung sakitu anu tiasa didugikeun. Hapunten anu kasuhun, bilih aya kalimah-kalimah anu kirang upami. Leresna hikmah pituduh ti Gusti Alloh, lepat sareng kirangna éstu kabodoan simkuring.

//Angeun kulur diuyahan/rasana pelem kacida/jeung dulur jeung réréncangan/nyarita ku basa Sunda//Dikinten buku saméja/ditawis teu diseratan/hapunten anu diteda/samukawis kalepatan//

Sampurasun, wassalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh.**


Naskah 2

Wilujeng siang, Sadérék sadayana, wilujeng tepang.

Ibu/Bapa Girang pangajén anu dipihurmat.

Pangaping pamilon anu dipihurmat, réréncangan sadayana anu dipikareueus, kalih teu kantun tamu uleman anu dipihurmat.

Langkung ti payun, hayu urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Alloh Subhanahu Wataala, Pangéran anu murbéng alam. Solawat sareng salam mugia teras ka jungjunan urang sadaya Kangeng Nabi Muhammad Sollallohu Alaihi Wasallam, mugia sapaatna mayungan urang sadayana di yaumil ahir.

Séwu nuhun kasanggakeun, utamina ka Balai Bahasa Jawa Barat anu parantos maparin kasempetan ka simkuring pikeun sumanggem. Simkuring seja aub dina Merdeka Belajar Edisi 17 Révitalisasi Bahasa Daerah. Tangtos ieu kasempetan téh moal dimomorékeun.

Hadirin hurmateun simkuring,

//Laut Banda laut Seram/dijugjug jauh tur anggang/basa Sunda basa urang/dijungjung luhur ku urang//. Ieu pisan nu janten jejer dina ieu pihatur. Basa Sunda kedah dijungjung lungguh, dimulyakeun ku urang, salaku urang Sunda.

Carana kumaha? Carana, basa Sunda kedah diulik dileukeunan. Di mana? Salah sawiosna di sakola. Cobi saliksik deui. Salami ieu urang diajar basa Sunda parantos jejem teu acan? Boa caliweura. Asal diuk ngajejengkruk di kelas. Ari ngarti mah henteu. Boa diajarna bari heureuy teu puguh. Ngagedékeun ngélég. Lamun diajar basa Sunda di kelas tos sakainget, komo deui di luar. Leuh seueur para rumaja, muhun pantaran urang, sasanggemna téh teu pararuguh. Basa kasar rabul tina bahamna. Mungkin éta téh jalaran teu terang, mana nu leres mana nu lepat. Da muhun, apan diajarna gé teu husu.

Tah kitu, Sadérék, upami urang muju diajar basa Sunda di sakola, bandungan masing saregep, bapa/ibu guru nuju ngawulang. Ulah kedul midamel tugas-tugasna. Upami aya kecap-kecap nu teu kahartios, kantun mukaan kamus. Leuh untung pisan, lamun di perpustakaan sakola Sadérék, koléksi bukuna euyeub ku buku-buku anu nganggo basa Sunda. Hayu jungjung lungguh basa Sunda ku cara diajar sing jejem, sing junun.

Hadirin, moal panjang anu dicatur. Rupina, mung sakitu anu kapihatur. Hapunten anu kasuhun bilih aya kecap-kalimah kirang utami.

Hatur nuhun, sampurasun.**

Naskah 3

Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh. Sampurasun.

Ibu/bapa Girang pangajén anu dipihurmat,

Pangaping pamilon oasanggiri anu dipihurmat, réréncangan sadayana anu dipikareueus, kalih teu kantun paratamu uleman anu dipihurmat.

Puji kalih sukur urang sami-sami sanggakeun ka Gusti Alloh Subhanahu Wa Ta’ala, Pangéran urang sadaya anu ngaping-ngajaring siang sinareng wengi. Solawat sinareng salam mugi nétés ka pangersa kakasih urang sadaya Kangeng Nabi Muhammad Sollallohu Alaihi Wasallam.

Hadirin hurmateun simkuring, //Papua jeung pulo Tidung/gunung Kawi jeung Pangrango/basa Sunda basa indung/pamugi kedah dianggo//

Hadirin anu mulya, widian simkuring dina kasempetan ieu ngadugikeun perkawis basa Sunda salaku basa indung urang Sunda. Leres pisan basa Sunda téh kedah dijungjung lungguh, kedah dimulyakeun ku urang, salaku urang Sunda.

 

Carana kumaha? Énténg bangga saleresna mah. Énténgna da puguh deukeut, aya dina diri urang masing-masing. Carana, ulah éra nyarita ku basa Sunda, ulah ngarasa géngsi. Ulah ngarasa handap, ulah leutik haté pédah maké basa Sunda. Da basa Sunda téh lambang jati diri jeung kareueus urang Sunda.

 

Lamun aya urang Sunda anu ngarasa géngsi ngagunakeun basa Sunda, teu sak deui, éta jalma cupet pikirna, heureut pandanganana, kuled uteukna, kosong mastakana. Mangga baé badé disebat ceplak pahang ogé. Da enya. Dangukeun sim kuring sakali deui: sing saha jalma-jalma urang Sunda anu ngarasa géngsi maké basa Sunda, saéstuna maranéhna cupet pikirna, heureut deuleuna, kurang élmuna, kuleud uteukna, kosong sirahna. Taya pulunganeunana!

 

Numawi sadérék sadaya. Tos teu sak deui, basa Sunda kedah didama-dama. Hayu jungjung lungguh basa Sunda ku cara diaranggo. Munggaran tangtos di lingkungan kulawarga. Salajengna masing nerekab ka lingkungan luar sareng réréncangan sadidinten.

 

Hadirin, moal panjang nu dicatur, rupina mung sakitu anu tiasa didugikeun. Hapunten anu kasuhun bilih aya kalimah-kalimah anu teureugeus, teu didingding kelir. Leresna hikmah pituduh ti Gusti Alloh, lepatna éstu kabodoan sim kuring.

//Nu sisi nu beulah dinya/nangtung baé di pipirna/Nu géngsi nyarios Sunda/Tangtos baé cupet pikirna//Saninten buah saninten/kawista jeung buah gedang/hapunten abdi hapunten/cumarita ceplak pahang//

Hatur nuhun. Wassalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.**


Tidak ada komentar:

Posting Komentar