Bagéa, anaking, kanca-mitra, dulur-baraya. Sumangga sindang di blog simkuring, pamugi aya mangpaatna...!

Kamis, 15 September 2011

Carita Pondok

ku Imas Rohilah

1. Wangenan

Carita pondok sok diwancah carpon/tadok/cadok,  nya éta karangan (tinulis) rékaan atawa fiksi dina wangun lancaran, prosa naratip. Galur caritana rélatip basajan lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa, museur kana hiji kajadian utama, mangrupa hiji episodeu. Palakuna ogé ukur dua/tilu. Ku lantaran kitu, ieu carita téh rélatip pondok. Umumna mah jejer, latar (sétting), jeung kajadian carita téh diolah tina alam kahirupan kiwari. Patali jeung situasi penerbitan buku kiwari, midangna carita pondok Sunda téh umumna mah dina majalah (heula), ti dinya kakara dikaluarkeun mangrupa buku (kumpulan carpon) (Iskandarwassid, 2003: 113). 

2. Bédana Carita Pondok jeung Dongéng 
Carita pondok téh aya sasaruaanana jeung dongéng. Boh dongéng boh carita pondok pada-pada carita anu parondok. Ngan  baé lamun dina dongéng sok aya babagian anu pamohalan, dina carita pondok mah umumna euweuh. Tegesna eusi caritana téh kaharti ku akal. Palakuna, jalan caritana, tempat jeung waktu kajadianana diréka lir nu enya kajadian. Gelarna deuih anu béda téh. Dongéng  mah umumna hasil sastra béh ditu, ari carita pondok hasil sastra kaayeunakeun. Cara nyebarna dongéng mah umumna ku lisan, ari carita pondok mah ku tulisan. Saperti umumna sastra lisan, dongéng mah teu kasebut ngaran anu ngarangna, disebutna ogé sastra balaréa. Ari carita pondok mah kanyahoan saha nu ngarangna da sok dituliskeun. 

3. Sumebarna Carita Pondok 
Buku kumpulan carita pondok anu mimiti judulna Dogdog Pangréwong dikaluarkeun ku Balé Pustaka taun 1930 anu ngarangna ukur ditulis aksara mimitina wungkul, GS. Jadi 6 taun leuwih ti heula tinimbang buku kumpulan carita pondok/cerpen dina basa Indonesa Teman Duduk karangan Muh. Kasim anu terbit taun 1936. 

Ceuyahna carita pondok pangpangna sanggeus urang merdika. Carita pondok dimuat dina majalah-majalah saperti Warga (1951), Sunda (1952), Candra (1954), Kujang (1956), Manglé (1957), Kiwari (1957), Sari (1962), Langensari (1963), Mingguan Sunda (1965), Hanjuang (1971), Gondéwa (1972), Giwangkara (1973), Galura (1974) jeung lianna. Kiwari loba diterbitkeun dina wangun buku. 

4. Sawatara Conto Buku Kumpulan Carita Pondok

No
Judul Buku Kumpulan carpon
Pangarang
Taun
1
Dogdog Pangréwong
G.S
1930
2
Carita Biasa
R.A.F
1959
3
Dongéng énténg ti Pasantrén
R.A.F
1961
4
Papacangan
Rusman Sutiasumarga
1960
5
Hujan Munggaran
Ayat Rohaédi
1960
6
Néangan
Caraka (Wiranta)
1962
7
Jurig
Tini Kartini
1963
8
Paséa
Tini Kartini
1965
9
Nyi Karsih
Tini Kartini
1984
10
Di Luhureun Jukut Reumis
Yus Rusyana
1965
11
Jajatén Ninggang Papastén
Yus Rusyana
1988
12
Béja ti Maranéhna
Ki Umbara (W. Ranusulaksana)
1964
13
Diwadalkeun ka Siluman
Ki Umbara (W. Ranusulaksana)
1965
14
Teu tulus Paéh Nundutan
Ki Umbara (W. Ranusulaksana)
1965
15
Kanyaah Kolot
Karna Yudibrata
1985
16
Ceurik santri
Usep Romli HM
1985
17
Halimun Peuting
Iskandarwassid
1990
(Rusyana, 1992: 45) 

Éta di luhur sakadar conto, kiwari ceuyah buku-buku kumpulan carita pondok karya para pangarang séjénna boh entragan heubeul boh entragan béh dieu saperti Aam Amilia, Godi Suwarna, Darpan Ariawinangun, Usman Supéndi, Cécép Burdansyah, Dian Héndrayana, jlté. Lian ti kumpulan carpon, anu mangrupa antologi carita pondok ogé jaman kiwari geus loba anu terbit, di antarana karya-karya pinunjul anu dihijikeun dina antologi saperti Kanagan I, Kanagan II, Heulang nu Ngajak Béngbat, Lir Cahya Nyorot Eunteung, Campaka Mangkak, Ti Pulpén tepi ka Pajaratan Cinta, jlté. 

5. Unsur Intrinsik Carita pondok 
Saperti umumna carita fiksi, carita pondok ngandung unsur-unsur intrinsik (unsur jero) anu nyampak dina téks karya. Unsur intrinsik carpon nya éta: 

a.       Téma 
Nya éta inti tangtungan atawa inti ageman anu sipatna abstrak, dipageuhan dina racikan karangan rékaan pikeun ngayakinkeun nu maca. Bisa jadi ku pangarang ditembrakkeun (ditulis), tapi mimindengna mah implisit. Téma téh jadi pameungkeut sagemblengna carita. Atawa muncul tina carita sagemblengna. Ku lantaran téma karangan téh mimindengna implisit, sok dicindekkeun ku nu maracana. Istilah téma sakapeung mah sok dipaselupkeun jeung motip (Iskandarwassid, 2003: 162).   
b.      Amanat 
Nya éta pesen pangarang pikeun nu maca karyana, bisa mangrupa panyaram bisa mangrupa pangjurung laku, conto amanat panyaram, “Ulah kedul ari jadi murid.” Conto amanat pangjurung laku, “Kudu rajin diajar ambéh pinter.” Amanat aya anu nembrak (éksplisit) anu anu nyamuni (implisit). Amanat anu implisit dicindekkeun ku nu maca. 
c.       Latar (Sétting) 
Nya éta gambaran waktu, kaayaan pajamanan, patempatan, lingkungan, suasana, jsté anu ngalantarankeun kajadian carita. Tegesna mangrupa salasahiji komponén dina adegan karangan. Merenah henteuna milih latar jeung ngadéskripsikeunana milu nangtukeun ajén karangan (Iskandarwassid, 2003: 74). Sacara basajan, latar nya éta tempat jeung waktu lumangsungna kajadian/peristiwa dina carita pondok.
d.      Palaku 
Nya éta ngaran-ngaran anu ngalalakon dina carita. Dumasar kana kalungguhan atawa pentingna dina carita , palaku téh dibagi jadi tilu: 1) palaku utama atawa palaku kahiji protagonis, nya éta palaku anu nyekel peran utama ti awal nepi ka ahir carita. 2) palaku kadua nya éta palaku anu peranna marengan, mantuan, atawa jadi lawan palaku utama (anu jadi lawan disebutna antagonis), jeung 3) palaku tambahan, nya éta para palaku anu peranna teu pati penting. Dina carita heubeul, lian ti jalma, anu jadi palaku téh bisa ogé sasatoan, buta, jin, jst (Iskandarwassid, 2003: 25). 
e.      Alur/Plot  
Nya éta rakitan (struktur) rupaning kajadian carita nepi ka ngawujud jadi leunjeuran carita. Dina ngarakit kajadian carita téh: nempatkeunana, ngatur heula-pandeurina, matalikeun hubungan antar kajadian, jste. Unggal rakitan disusunna jeung dipidangkeunana téh pikeun meunangkeun éfék-éfék émosional jeung kaéndahan. Kajadian carita raket pisan patalina jeung palaku carita. Kajadian téh apan keur gambaran palaku atawa ari palaku téh ngawatesanan kajadian (Iskandarwassid, 2003: 112). 
f.        Gaya 
Nya éta corak éksprési basa, boh dina prosa boh dina puisi. Cara kumaha anu digunakeun ku pangarang dina midangkeun omongan. Pasipatan gaya (basa) dina karya sastra atawa tina hiji pangarang bisa dianalisis tina 1) diksina atawa pilihan kecapna, 2) ungkara atawa struktur kalimahna 3) tina rupa-rupa babandingan jeung cara ngantebkeun harti 4) tina pola wirahmana, purwakantina, jeung ciri-ciri wangunna nu séjén, 5) tina cara-cara nimbulkeun éfék ku rakitan basa. (Iskandarwassid, 2003: 44).
g.       Puseur Panitén/Titik Caturan/Point of View 
Nya éta cara ku saha dicaritakeunana karangan. Aya dua cara anu bisa digunakeun dina fiksi nya éta 1) caturan jalma katilu, juru catur aya di luareun carita. Ngagunakeun kecap sulur ‘manéhna’ atawa ‘maranéhna’ 2) Caturan jalma kahiji, juru catur aya di jero carita, jadi palaku carita, ngagunakeun kecap sulur ‘kuring’ (Iskandarwassid, 2003: 112). 

Daptar Pustaka 
Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. 
Rusyana, Yus. 1992. Panyungsi Sastra. Bandung: Rahmat Cijulang.

Senin, 11 Juli 2011

Tulung Indung

ku Imas Rohilah

Tulung indung
Aya jurig nyiliwuri
Aya ririwa mindarupa
Ngéngkang-ngéngkang ngahalangan téténjoan
Ayang-ayang gung nyeceléh, nyacampah, surakna ayeuh-ayeuhan
Tulung indung
Ranggéténg huntuna
Ngelél létahna
Nyuriwidil biwirna ngenyé ngajebéngan
Jurig nyiliwuri
Ririwa salinrupa
Ngingintil na saban ketak
            Sieuh!
Ka euweuh
Palias pagilinggisik
Halik!
Ka taya
Palias patumpang sora
Sang andereweng ngajeten
Seretu teu metu
Supata teu meta
            Rang ataran....
Rang ayonan....
Batok nangkub kebek mulek
Bet mata dijual ka peda
Lain jurig lain ririwa!
Puguh ménak terusing andanawarih
Wéya geulis, ka dieu kana pangkonan
Ulah pundung, Mbu kangen mirungrum
Hengén kasép, ka dieu kana lahunan
Ulah ilang, Mbu honeng ngaminyakan jeung nyisiran
Baeu ka dieu sumanding na angin ririh
Geulis-Kasép, lain meujeuh sasapihan
Baring supagi
Mun geus seubeuh panggaléntor
Cacap sono gulet guntreng bagujregan
Bral keupat eundang nyongsoéng ka tebéh teuing
                                                            Patrem, Cjr ’11

Jumat, 08 Juli 2011

Tajug

                               Ku Imas Rohilah

Meunang mun leumpang
nyoréang ka tukang?
Ulah bisi titajong!
Na ludeung mun jejem
mapay tatapakan
muru tajug pangreureuhan?
                        Des’10

Rélik Huntu Beurit

ku Imas Rohilah

Rélik-rélik huntu beurit
Keretas nyangsaya ngalungsar
Nyanghunjar lambar
Hapeuk saab
Nahnay
Kalam garing mangsina
                                           Cjr’11

Puah!

ku Imas Rohilah 

: Indonésia
Tingkuliat jiwa-jiwa rangkebong
Tingkeureuceum
Indung beurang siang
Srangéngé anjang-anjangan
Di buruan
Cita-cita ngarorongkong
Sadami-sadami rénghapan deui
Hurip waras dipuah dijampé
Pamunah lungsé
Cug-ceg sapaculna sagarpuhna
Mitembeyan lemah angar
Ditugar kajeun ngageduk
Engké gé gecruk
Sugan baé Nyai Sri teu jalir jangji
Monténgkeun kapercayaan diri
Ngamalir na bébécék-bébécék nu narumpi
Dina tuna-tuna harti
Sugan baé Nyi Pohaci henteu lali
Merebey kesang sabulu-bulu katunaan
Juuh cimata panas na juru-juru kasangsaraan
Baeu hijikeun pabinihan, hayu cébor
Susuganan Nyi Sanghiyang kersa lugay
Dikotrét mangsa bihari
Seug medal lambaran weweg
Jilid panceg
Kabaca gedukna
Kapireng berebeyna
Karasa juuhna
Nyi Pohaci Sanghiyang Sri
Mo enya rek lanca-linci
                                                Cjr’96