Bagéa, anaking, kanca-mitra, dulur-baraya. Sumangga sindang di blog simkuring, pamugi aya mangpaatna...!

Minggu, 03 Oktober 2021

TUKANG ENDOG

Naskah Drama Monolog pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Kelas IX 

(TUKANG ENDOG KEUR NGAREUREUH HANDAPEUN  TANGKAL KAI BARI NGAGEBERAN AWAKNA KU DUDUKUY.  ENDOGNA DUA TOLOMBONG, LOBA KÉNÉH NU CAN PAYU. TENG LAMUNANANANA PANJANG, NGOMONG SORANGAN)

Lah, kieu rasana jadi jalma sangsara. Saban poé ripuh kudu nananggung endog ka mana-mana. Leuheung mun payu. Lamun henteu? Nya ngan ukur meunang kacapé. Awak asa raremuk satulang sandi, deuh....!

 (NGAHULENG DEUI)

Tapi jelema mah apan kudu sabar. Saha nu  nyaho isuk pagéto mah urang meunang milik gedé. Enya urang rék sabar baé, ah. Gusti Alloh bakal nyaaheun ka jalma nu sabar mah.

(RIUKNA UJUG-UJUG GUMBIRA BANGUN MEUNANG KABUNGAH)

Saha nu nyaho, isukan mah endiog urang payu dua tolombong. Ku urang moal dibeulikeun kana endog deui, tapi rék dibeulikeun kana hayam bibit. Engké hayamna diurus, bakal anakan, reuay ngalobaan, ngaratuuuus...!

Engké lamun hayamna geus loba, ku urang rék dijual kabéh, urang rék meuli domba. Heueuh, rék diurus sing tulatééén.... ngarah téréh anakan, ngalobaan.

 

(JEN NANGTUNG BARI TUTUNJUK)

Tuh tingali...! domba urang geus reuay baranahan, di pasir di tegalan urang sorangan anu ngangonan. Huuuh... nu bikang, nu jalu. Nu bodas, nu belang. Ieu domba urang rék dijual kabéh. Ladangna rék dibeulikeun kana sapi.

 

(SEURI NGABARAKATAK BARI TUTUNJUK DEUI)

Ha... ha... ha.... tingali urang ayeuna geus boga sapi! Wah, geus kaitung beughar boga sapi mah. Sapi urang baranahan, loba anakna. Sapi urang téréh garedé da alus rawat. Adeuh... lalintuh da hadé parab. Tah déngékeun disadana ogé emoh...emoh...emoh..., cenah. Ku urang mun geus loba rék dijual. Ladangna rék dibeulikeun kana mobil. Moal asa-asa, Lamborghini! Deuleukeun Lamborghini! Lamborghini Gallardo pulas hideung Batman, sakalian Lamborghini Super SUV! Mobil Raffi Ahmad léwaaat...!

 

(GÉK DIUK, LEUNGEUNNA PEPETA  CETAAN NYETIR MOBIL)

Deuh..., urang si ganteng nyetiran Lamborghini. Gigireun si rancunit tanding Miléa. Ikbal Dilan? Tai kuku!  Rék opatan sakaligus sugan nu jiga Jennie Blackpink? Hayu...!

Lah Aay... tong ngoconan waé atuh, apan Akang keur nyetiran.... Tuh... hah...! Budak meuntas. Waduuh...!  Tenang, urang nu ganteng tapis nyetiran. Budak meuntas ngadadak mah biasa!

(SUKUNA NÉJÉH SAKALIGUS, CETAAN NGERÉM, NGAJEJEK ENDOG DINA TOLOMBONG. ATUH TOLOMBONG TIGULING, ENDOGNA PRA-PRÉ PAREUPEUS. TUKANG ENDOG REUWAS. SADAR TINA LAMUNAN. TULUY NGOMONG BARI CEURIK)

Emh, endog urang peupeus satolombong! Endog urang pareupeus! Hu hu hu (CEURIK GAGAURAN) endog urang pareupeus...! Satolombong... satolombong...!

(TERUS CEURIK BARI MULUNGAN ENDOG)


(Diropéa tina Mahér Basa Sunda Kelas IX)

NGÉLMU

Conto Naskah Drama Monolog pikeun Pangajaran Basa Sunda Kelas IX SMP

PEUTING JEMPLING, DI HIJI ROHANGAN, BURHAN KEUR MENEKUNG MUJASMÉDI. REUP PEUREUM MEUNANG SAWATARA WAKTU. TEU LILA KORÉJAT CENGKAT NGAGENTAK JIGA AYA NU NGAGEBAH.

Bieu mah asa aya nu ngageroan. Sada sora indung-bapa kuring. Sada sora adi-adi kuring…. Sora-sora…. (SIRAHNA DÉNGDÉK, LEUNGEUNNA NÉMPÉL NA CEULI KATUHU). Ah, jempling-jempling teuing atuh wanci téh. Jam sabaraha ieu téh nya…? Guru, anjeun kitu nu datang téh? Atawa Imam kitu, nu cikénéh ngageroan téh. Guru atawa Imam? Atawa lain maranéhna? Rus-ras, hirup nu pacaruk jeung impian. Guru atawa Imam nu cikénéh ngageroan kuring téh atuh? Si Éyang meureun, guru kuring. Kapan manéhna mah sakti mandraguna. Tapi élmu nu katarima ku kuring ti Si Éyang can sampurna. Can aya jalma nu bisa kasalametkeun ku kuring. Kuring can bisa nulungan sasaha. Ah, anéh, naha aranjeun téh waka euweuh atuh. Padahal mah maot téh engké wé mun kuring geus laksana sakumaha nu dipikahayang. Kuring hayang bisa tutulung. Sanggeus kuring teu bisa nulungan indung-bapa kuring sorangan.

(GÉK DIUK ANTARÉ, SILA TUTUG) Ku kuring geus dicaritakeun kapan Eyang, yén kolot kuring aya nu ngaheureuyan. Aya nu neluh ceuk urang kampung mah. Teu apal nanaon, balilu, kuring mah. Ukur bisa melongkeun kolot nu gering ngadadak. Utah-uger, teu bisa dicageurkeun ku doktor. Kuring ukur bisa nyengceurikan. Aya nu ngawerejit cenah. Aya nu neluh ceuk tatangga mah. Aya jalma nu hasud ka kolot kuring. Lamun seug kuring bisa nyageurkeun Ema jeung Abah, meureun ayeuna téh aranjeunna araya kénéh di kieuna. Saha atuh nu geus neluh kolot kuring téh?

(NGAHULENG RADA LILA) Hémeng, sainget mah, kolot kuring téh asa teu barogaeun musuh. Naha maké jeung aya nu neluh? Ti harita, kuring boga niat hayang boga pangabisa téh. Hayang bisa nyageurkeun jalma nu keuna ku teluh. Kuring hayang jadi jalma nu bisa tutulung. Itung-itung pangabakti ka kolot kuring sorangan. Aranjeunna aya di kalanggengan alatan kuring teu bisa nulungan.

(JUNG NANGTUNG, NITÉNAN KAAYAAN) Wanci terus mébérkeun jangjang jemplingna (TANGGAH BARI PEUREUM, LEUNGEUNNA RANGGAH) Peuting nu ngawasa peteng. Peteng nu ngawasa peuting. Peuting aing, peteng deungeun. Peuting aing gumalingging. Saban peteng deungeun-deungeun. Peuting lain sapeuting-peutingna. Bur mancur sukma nu ibur. Ngagulubur nyawa nu sirna. Sirna nganti di ajali. Sukma aing sukma deungeun. Deuleu Si Raja Mandala. Déngé Si Ratu Srangéngé. Hibar lumar sinar gumilar, sasoroting kamulyaan. Les…, aing tanpa karana, ngaraga meneng, ngaraga wening, ilangna kasampuraan…. (BURHAN NGARUMPUYUK, NGALEMPRÉH TEU EMPÉS-EMPÉS)

(Diropéa ku Imas Rohilah tina Sempalan Naskah Drama “Jeblog”Karangan Nunu Nazarudin Azhar)


Kamus Alit:

Teluh = santet
Werejit = sejenis teluh
Pacaruk = bercampur
Ahéng = anéh
Sakti mandraguna = sakti sekali
Antaré = lambat/pelan-pelan
Utah-uger = muntah-muntah
Sila tutug = duduk bersila dengan satu kaki ditekuk
Hémeng = heran
Kalanggengan = alam kubur
Peteng = gelap/kegelapan
Deungeun-deungeun = orang lain
Waruga = badan
Patelak = pertentangan
Sukma = jiwa
Ibur = ramai


Kamis, 07 Maret 2019

Élji

Carita Pondok
ku Imas Rohilah
Tugas pangcétékna pikeun Pembina OSIS nyaéta ngeprak barudak sangkan rapih jeung siap nalika upacara. Pangcétékna di antara tugas-tugas nu lian. Komo ieu da prakna dibantuan ku pangurus OSIS utamana séksi Pendidikan Pendahuluan Bela Negara. Tapi najan enya pangcétékna, teu wudu matak jangar jeung cangkud tuur. Ngaranna ogé ngatur jelema, teu jiga ngatur meri atawa embé. Meureun, mun geus ngalaman mah ngatur embé jeung meri. Sanajan barudak sakola diseragamkeun bajuna, angger wé kahayangna mah béda-béda, teu bisa dijebréd rata.
Caturkeun hiji waktu, ninggang Hari Kartini. Barudak diwajibkun upacara kaasup guruna. Sanggeus bél panjang sababaraha kali, barudak nu hideng buriak ka lapang, nu teu hideng ngarélég baé di kelasna, malah aya nu noyod di tukangeun sakola, ocon jeung padabaturna.
Saperti biasa saban kelas dikurilingan, bisi aya budak nu melid embung upacara. Tinggal nyieuh-nyieuh sina ka lapang. Di lapangna mah geus teu kudu dipikiran, diurus ku barudak pangurus OSIS. Kelas hiji-dua, kabéh matak bungah, teu aya nu melid, teu aya nu pura-pura gering, kabéh geus ka lapang. Kelas tilu, nyéta abong anak jelema, mingkin lila diurus téh lain mingkin iceus, kalah mingkin luar-léor kawas oray loba huluna.
Élji lalandianana. Boga panon sipit nyepring, irungna mancung, ceulina rada rebing. Kaasup pantes budak téh, ngan hanjakal bandelna béakeun ku sorangan. Ti mimiti ngaroko, baju kaluar, bolos, kabur, teu migawé PR, niron bari ngancam, peletak-peletuk ngomong teu puguh di kelas, nyingsatkeun erok budak awéwé, saré di kelas, ngaleungitkeun buku perpustakaan, embung dicukur, majeg-malak, gelut, ngagambaran buku pakét ku gambar porno, jeung lianna aya di manéhna. Sababaraha kali indung-bapana diangkir ku guru BP ka sakola. Saminggu dua minggu aya hasilna, ka dituna kitu deui. Pipusingeun guru-guru.
Liga ngaran resmina mah. Teuing bapana purah nongton bola meureun. Boga hasna téh sok sportif, dina unggal ‘karya’ bandelna, sok aya wé inisial LG. “Bu Imas jiga batok, by LG” dina bor rohangan karawitan, salasahiji karyana. Loba nu lian nu matak murel jeung beureum beungeut. Perjangjian panungtung jeung kolotna maké materéy. Mun sakali deui kabandelanana teu meunang pangampura, kolotna kudu nyabut Élji ti sakola. Dikaluarkeun kasarna mah.
Dititah naék ka lapang, Élji kalah garayam-gereyem, teuing ngomong naon, teu kaharti, biwirna nyangked, panon sipitna ménéléng, ari leungeun siga sakadang bos nangkeup harigu, gado wéh dangah saeutik. Ceuk pangrasa kuring harita manéhna ngaléléwéanan. Mudigdig napsu téh. Aya masalah dina sistem limbik. Otak kénca teu metu, nu jalan otak katuhu, ‘pembajakan’ néokortéks téa meureun ieu téh. Keuhheueueulll…!
Mémangna aing teu wani siah Sélji? Bari durugdug tuturubun nyusul budak nu leuwih ti heula mangprét. Untungna ‘pembajakan’ néokortéks teu saratus persén, otak masih kénéh jalan. “Mémangna Ibu teu wani?!”ari lumpat mah angger teu ngagancangan.
Heueuh budak sotéh umurna, dicalana pondok balaha-boloho, ari awakna geus halughug ngaleuwihan guruna, komo lumpatna mah. Jeung budak téh pinter balucat-balicet, persis jiga keur ngaleueurna, ripuh kuring nu ngudag. Berengbeng lumpat ka pasir. Aya kénéh pasir di dieu mah, moal éléh ku Hollywood, éndah, paragi ngalangeu bari nyawang barudak nu keur baroga kagiatan. Éta budak lumpat ka dinya. Ajleng-ajlengan, tasna kulawat-kulawit. Inget kénéh jigana kana topina mah, dikiwir-kiwir wé ku leungeun kéncana, dipaké sieun murag jigana.
Ari keur normal mah naék kana pasir téh kudu kakarayapan sok muntang kana tangkal-tangkal sadagori nu jadi ku manéh. Ieu mah henteu. Asa jadi jagoan kieu ieu téh. Jiga détéktif awéwé na pilem-pilem. O enya, jiga Cindy Wrothrock, jiga Sandra Bullock, ehm, Sandra belok. Hak sapatu opat sénti, erok panjang, teu ngahalangan. Asa téréh tepi ka luhur pasir téh. Tapi keukeuh si ontohod Élji teu kasusul. Geus turun deui ngan sakolépat. Kuring gé teu éléh kahayang mah. Tuturubun deui nyusul pejuh. Jeung ieu kembang dom-doman narapel kana erok, mani rocop, gétek, semu peurih kana bitis.
Karasa ayeuna mah hah-héh-hoh. Élji katingali ngulawit tasna wungkul ka gigireun rohangan kelas dua, disusul. Awas siah mun beunang, moal asa-asa! Ka mana mangkeluk téh? Euweuh. Culang-cileung. Enya pinter. Mun penjahat kelas internasional mah néangan suaka pulitik meureun, lumpatna ka warung. Ka warung batur, luareun sakola, puguh can bogaeun pager sakolana. Katémbong tonggong Élji ngolépat ka tukangeun panto warung. Bener diplomatis mikirna budak téh. Kuring kateug peuntaseunana. Nu keur ngariung di warung marelong wé ka kuring, teuing mangkarunyakeun, muga-muga lain mupuas. Cindekul wé tungtungna mah di kantor bari mépés késang. Upacara laju, kuring teu milu.
Cenah Elji gé teu burung milu upacara. Sanggeus réngsé upacara, manéhna dikurilingkeun sababaraha kali di lapang. Ceuk pamikir, moal beunang ku dihukum kitu budak éta mah. Kahayang kuring harita, asongan surat pamungkas. Bijilkeun. Tapi budak téh mani tinyungsruk-nyungsruk ceurik ka kuring jeung ka guru-guru séjén hayang terus sakola. Seug atuh Ji, hayang sakola kénéh mah.
Datang ka imah nyanghunjar lambar, jol si cikal, kelas tilu SD. Pipina jéér, beungkeut buukna baseuh ku késang. Sarua tas upacara manéhna gé.
“Mamah mani seueur?” panonna colohok. “Mamah upacara dimana?” tanyana deui bari ngenyotan és lilin.  Leungeun kéncana hideng pabuis nurutan polah kuring nyabutan dom-doman tina erok. És lilinna nyakclakan sakapeung kana erok kuring.
“Nyandak mangkok, jung!”
Budak ngojéngkang sakilat. Hayang jadi guru cenah mah budak téh. Teuing masih kénéh hayangeun jadi guru, mun ngeunteung ka indungna nu jiga kieu. Dom-doman sésa tadi nyabutan di sakola dikumpul-kumpul, mani tiungku-ungku, sup-sup kana mangkok leutik bawana.
“Urang sayur nya, Néng.” budak ngahéhéh.
Gebeg, reuwas kareureuhnakeun. Sora motor mani ngagoronggong ngareureuwas. Sada eureun hereupeun imah. Cengkat tina nyanghunjar. Ditempo ti tukangeun hordéng. Lalaki sembada turun nyetandarkeun motor. Buukna hérang ngariab jiga buuk Ian Antono. Kacamata hideung, kaos bodas dijakétan, ngaliglag teu diselétingkeun kabéh.
Nu diboncéngna rumaja, awéwé lenjang. Apal ka nu ieu mah, keur kuliah di kaguruan. Sarua dikacamata hideung, buukna nu galing muntang kaanginkeun. Apal pisan rigigna. Ah, Si Tétéh. Budak ieu meureun nu sok galécok dicaritakeun ku manéhna ari mulang téh.
“Mamah, Aa mah lucu, wisuda téh rambutna dibeungkeut ku tali warna-warni,” cenah dua minggu ka tukang.
“Aktip Aa mah di kampus téh, Mamah,” pokna deui.
“Hoyong ka dieu cenah, kéngéng teu Mah?” panonna ngénclong kebek pangharepan nunungguan jawaban kuring.
“Apan nembé seméster dua Tétéhna gé.” Budak ngahéhéh. Si Mamah tinggaleun jaman cenah meureun, barudak SMP waé geus baroga kabogoh, maenya ieu nu geus mahasiswa teu meunang. Heueuh dicaram-caram gé komo bari keras nyaramna, sieun pelengkung bekas nyalahan. Dititipkeun wé antukna mah, teu weléh ka Nu Kagungan, puguh budak jauh di pangumbaraan. Diunggeukan téh teu sirikna luncat Si Tétéh.
Teu buru-buru kaluar, barudak diantep sina arasup.
“Téh?” panon ngaguliksek. Ditingali pangheulana lebah dada jeung beuteungna. Kabiasaan kuring éta mah. Aéh lain suudon, ieu mah kahariwang indung. Budak sakitu cangker jeung seger, maenya ah!
“Mah, Aa.” Si Tétéh metot leungeun kuring ngawanohkeun budak sembada.
Si buuk hérang ngariab, nyampoyong sasalaman rengkuh, “Ibu,” cenah, sorana ngebas beresih.
Dilelek-lelek, “Élji,” biwir ngarenyu.
“Mamah tos kenal?”
“Puguh wé, geus dicirian ti baheula…,” bari haté mah galécok, pigurueun euy?
“Nuju nganggur, Ibu,” Élji ngahéhéh. Lentongna mangpéngkeun kasalempang.
“Keun baé da moal langsung boga gawé,” cekéng. Seug Dak, jadi guru, jadi guru atuh. Baé, mending gé gondrong Élji mah kasép, mun Ibu jadi Menteri Pendidikan mah dimeunangkeun guru gondrong.*** (Tina Manglé taun 2002)