Bagéa, anaking, kanca-mitra, dulur-baraya. Sumangga sindang di blog simkuring, pamugi aya mangpaatna...!

Selasa, 27 November 2018

Bulu Dada Yaksa


Carita pondok
Ku Imas Rohilah
Yaksa téh buta, awakna badag kacida. Rupana pikasieuneun. Yaksa aya nu bageur, aya ogé anu jahat, sakumaha jelema. Yaksa anu bageur sok nyaahan ka budak. Ari yaksa anu jahat mah kadaharanana budak leutik. Yaksa anu bageur mah biasana buukna tara gimbal, sedengkeun yaksa anu jahat buukna gimbal jeung sihungan. Tapi kalolobaan yaksa dadana baruluan. Buluna hareuras sagedé-gedé harupat salak. Cenah lamun urang bisa nyabut bulu dada yaksa, urang bakal bisa ngaleungit.” Éta téh ceuk dongéng Mang Uri. Mang Uri katelah tukang lohong, karesepna diriung-riung ku barudak, lamun keur ngariung teu elat ngadongéng. Kadang-kadang pikaseurieun, kadang-kadang pikasieuneun dongéngna téh.
Sanggeus ngareungeu dongéng éta, Mamat mikir, hayang teuing bisa ngaleungit. Meureun senang, moal dititah ku ema, moal kudu indit sakola. Lah, da haroréam, cararapé sakola waé téh, pikirna. Mending gé nénéangan yaksa. Ké mun kapanggih rék ménta bulu dadana, ambéh bisa ngaleungit, pikirna. Kamana néanganana nya? Mamat nepungan deui Mang Uri, “Mang Uri, ari yaksa dimana ayana?” tanyana.
“Jauuh... di alak paul,” jawab Mang Uri.
“Alak paul téh dimana?”
“Di tungtung langit,” jawab Mang Uri deui sangeunahna bari ngalinting ududeun.
“Mun hayang ka tungtung langit jalan mana Mang?” tanya Mamat deui.
“Rék nanahaon ka tungtung langit?” Mang Uri nyéréngéh.
“Hayang panggih jeung yaksa, rék ménta bulu dadana, ambéh bisa ngaleungit.”
“Ah, Si Sarmat mah sok kamana waé kahayang téh.”
“Mang kumaha carana?” tanya Mamat maksa.
“Engké dibéjaan carana, tapi manéh kudu daék sakola jeung kudu daék mantuan indung manéh baranggawé.” Ceuk mang Uri.
Ah, mang Uri mah, apan matak hayang bisa ngaleungit ogé ambéh teu kudu indit sakola, ambéh teu kudu baranggawé. Tapi kétang, kajeun capé heula mah, padu engké ku Mang Uri dibéjaan carana tepung jeung yaksa, pikir Mamat deui.
“Heug Mang, engké mah uing daék sakola, engké béjaan carana, nya!”
“Enya,” Mang Uri nyéréngéh deui.
“Ké minggu hareup nya Mang! Ceuk Mamat. “Enya bawél, bawa yeuh ka indung manéh sakalian ari rék balik mah.” Mang Uri ngasongkeun bungkusan. “Naon ieu téh Mang?”
“Papais nangka keur indung manéh. “
“Ari keur urang mana?”
“Heueuh engké ménta ka indung manéh!”
**
Minggu hareupna Mamat datang deui ka Mang Uri. “Mang kumaha carana hayang tepung jeung yaksa téh?”
“Heuh?” Mang Uri ngahuleng, “Saratna geus dilaksanakeun can?” tanya Mang Uri deui.
“Sakola? Apan osok sakola éta gé.”
“Lain éta wungkul.
“Naon deui atuh?”
“Geus ngawaro can k a indung manéh?”
“Nya enya atuh,” témbal Mamat.
“Ah, wadul, kamari indung manéh ngobrolkeun ka Emang, cenah manéh mah kedul tara beunang dititah.”
“Enya heug atuh, tapi Mang Uri ulah ngabohong nya, mun uing geus ngawaro ka ema, béjaan carana nya!” Geus ngomong kitu mah berengbeng Mamat lumpat nyusul baturna indit ka garung rék maén bal.
Mamat kamalinaan ulin maén bal. Geus burit can balik kéneh. Indungna geus lengo deui-lengo deui. “Kamana Si Sarmat cenah, mani euweuh titaheun ieu téh, Sujang, ningali Si Mamat teu? Tanya indungna ka Si Ujang nu kakara balik tas ngaji soré.
“Tadi mah di garung maén bal.” Jawab Ujang.
“Budak bedegong, batur mah ngaji, ari ieu kalah ulin!” indung Mamat ngagedig néang Mamat ka garung. Kasampak téh mani beyetuk ku kebul keur hantem saleuseurian jeung baturna bari nyépakan bal.
“Balik!” bari dijiwir ceulina.
“Adadadaw... Ma, nyeri atuh...!”
“Tingali geus burit, geus rék magrib, buru-buru ka cai, awas mun engké peuting teu ngaji!”
Peutingna Mamat ngaji ka Haji Sodik, daék sotéh pédah hayang dibéjaan carana tepung jeung yaksa.
“Euuy... dagoan! Ceuk Mamat ka baturna nu geus ti hareula. Manéhna lumpat tipaparétot nyusul babaturanana. Can gé kasusul, gedeblug labuh, titajong, puguh gé jalanna poék. Mamat kokoséhan dina leutak hésé rék hudang. Tah aya akar, gap muntang kana akar, kakara gé rék gap, akar téh bet maju. ”Hah, maju? Naon nya?” Mamat tanggah. “Emh... jeung bau deuih... hah? Naon éta?” kusak-kusek, Mamat kokoséhan hayang hudang, tapi leungeunna kalah kadempét ku catang. Catang nahaon ieu téh bet maju? Disasar ku leungeun kéncana, catang téh ngangkat. “Adduh!” Mamat ngajerit pigeulangna ayeuna mah nu kadempét téh. Tapi teu lila catang ngangkat deui, Mamat buru-buru ngejat. Tuluy hudang, samping jeung kopéahna teuing nyangsang dimana.
Jarigjeug, jarigjeug leumpang. Kakara gé sababaraha léngkah, geus jeduk deui Mamat tidagor, ampir manéhna ngajengkang. Tangkal naon ieu téh ku gedé-gedé teuing? Mamat panasaran, disasar deui. Geus kolot jigana mah tangkal téh, ieu areuyna geuning mani sakieu lobana. Can gé béak kapanasaranana, Mamat ngarénjag reuwas, sabab kadéngé nu seuri mani nyakakak, tarik kacida, sorana handaruan, kaayaan di sakurilingna jadi inggeung jiga aya lini.
“Eudeuk naon siah, mangkluk, maké ngélekéték suku aing!” cenah. Kaayaan jadi caang ayeuna mah, sabab panonna hurung nyaangan sakuriling. Ayeuna Mamat jadi sidik kana kaayaan. Ieu yaksa téh geuning, kabeneran. Uing rék naék kana awakna rék ngala bulu dadana. Teu mikir panjang deui, térékél Mamat nérékélan bitis yaksa téa. Leungeunna muntang kana bulu bitisna nu sagedé-gedé areuy caringin. Tayohna yaksa téh gétékeun kacida. Sukuna téténjrag bari seuseurian. Mamat nu leutik digibrig-gibrig. “Siah, meugeus tong ngélékéték ka kami, géték!” cenah sorana handaruan. Mamat ngarasa soak, tapi ngawayahnakeun manéh terus nérékél, ayeuna geus tepi kana pingpingna. Mamat ukur bisa ngagulantung, sabab pingping yaksa gedé kacida, teu katangkeup ku awak Mamat nu leutik.
“Halik siah nyingkah, aing géték! Hah hah hah hah....” Yaksa terus téténjrag, kukurilingan. Alam inggeung, tapi Mamat teu miroséa, geus sababaraha kali labuh kagibrigkeun ku yaksa, tapi terus nérékél deui naék. Kudu beunang tah bulu dadana, ambéh uing bisa ngaleungit, ambéh teu kudu sakola, ambéh teu kudu ngaji, ambéh teu dititahan waé ku ema, pikirna.
”Héh mangkluk! Rék eureun moal ngélekéték kami hah?” yaksa nyentak ka Mamat. Unggal leungeunna rék néwak unggal Mamat nyingcet. “Heug, asal tedunan heula kahayang uing,” ceuk Mamat. “Na hayang naon sia téh budak pentil?” yaksa téténjrag bari ajrag-ajragan. “Ménta bulu dada salambar, uing hayang bisa ngaleungit.”
“Lah teu pira kahayang téh, ngaleungit mah gampang, saha ngaran manéh?” tanya yaksa
“Mamat,” jawabna.
“Mamat? Hah hah ... ngan saeutik ngaran téh. Mamat... Mamat... hah hah hah....” yaksa gagalakgakan seuseurian.
“Mamat...! Mamat ieuh...! Hudang, ngaji...! Lain kalah molor!”
Mamat ngulisik, terus gigisik. Rarat-rérét. Horéng tayoh ku capé beurangna ulin, Mamat kasaréan di pangajian.
“Hayoh, wudu heula ka dituh! Batur mah ngaderes ngaji, manéh kalah saré!” Haji Sodik  nyarékan Mamat. Mamat indit ka cai bari lulungu.*** (Dimuat dina Mangle taun 1996)

Kampung Adat Sunda

ku Imas Rohilah


Wangenan

Kampung adat nyaéta wewengkon anu sacara fisik jeung sosial mibanda tatanan anu mandiri, béda jeung wewengkon-wewengkon lianna, utamana ku lantaran miara tata kahirupan warisan tradisi luuhurna. Kampung Adat Sunda nyaéta kampung adat anu aya di tatar Sunda.

Ciri-ciri Umum Kampung Adat

Bentuk bangunan di kampung adat masih kénéh tradisional, tuhu kana aturan karuhun, tur umumna ngagunakeun bahan-bahan tradisional, anu loba ngamangpaatkeun bahan hasil alam. Saperti awi, kiray, injuk, kai, batu, jsté.

Aya aturan-aturan sosial anu ditukuhan warisan luluhurna, misalna dina cara tatanén, cara ngurus lingkungan alam, cara barangpaké, jst.

Aya pantangan-pantangan atawa kapamalian anu kudu ditukuhan, lamun dirempak dianggap bakal ngabalukarkeun mamala keur sakumna pangeusi kampung.

Aya sistim réligi anu tangtu, sok sanajan geus asup agama Islam, tapi urang kampung adat sok tukuh kana aturan karuhunna dina sistem kapercayaanana.

Aya upacara-upacara adat anu tangtu diwariskeun sacara turun-tumurun.

Aya sistim sosial anu tangtu, umumna béda jeung sistim sosial di luar wewengkonna. Upamana pamingpin puncerna téh saha, cara milihna kumaha, pasaratanana kumaha.

Conto-conto Kampung Adat

Kampung adat Sunda téh loba, sumebar di sakuliah tatar Sunda di antarana:
-          Kampung adat Sindangbarang di Bogor
-          Kampung adat kasepuhan Ciptagelar di Sukabumi
-          Kampung Ciptarasa di Sukabumi
-          Kampung Sirnarasa di Sukabumi
-          Kampoung Dukuh di Garut
-          Kampung Pulo di Garut
-          Kampung Mahmud di Bandung
-          Kampung Kuta di Ciamis
-          Kampung Adat Cikondang di Bandung
-          Kampung Cireundeu di Kota Cimahi
-          Kampung Naga di Tasikmalaya
-          Kampung Urug di Bogor
-          Kampung Baduy di Kanékés, Banten
-          Kampung Adat Cisungsang di Lebak, Banten
-          Kampung Rancakalong di Sumedang
-          Kampung Cigugur di Kuningan
-          Jlté

Conto Kampung Adat Sunda, bisa ditingali ku nuturkeun link ieu


Biantara

Ku Imas Rohilah

Wangenan Biantara
Nyaéta nyarita di hareupeun jalma réa kalayan maksud nepikeun informasi.

Ciri-ciri Biantara

Nu nyaritana saurang. Dina biantara anu nyarita téh ngan saurang, dibandungan ku pamiarsa nu ngaregepkeun.


Nu ngabandunganana lobaan, dina biantara, anu ngabandunganana/anu ngaregepkeunana/pamiarsana lobaan.

Aya informasi anu ditepikeun, biantara tujuanana pikeun nepikeun informasi, tangtu baé mangrupa informasi penting ceuk ukuran nu biantara jeung pamiarsana. Bandingkeun jeung nu gélo jojorowokan di lapang hareupeun jalma réa. Éta nu gélo teu bisa disebutkeun keur biantara sabab anu ditepikeunana ngacapruk, tanpa maksud jeung tujuan, lain hal anu penting.

Komunikasi saarah/sajalan. Dina biantara teu aya dialog anu inténs antara nu biantara jeung pamiarsana. Komunikasina ukur saarah/sajalan ti nu biantara ka  pamiarsa. Dina ayana dialog, paling ukur sakali dua kali, bari sakadar tanya-jawab rétoris, nyaéta ngajawab pertanyaan anu sabenerna henteu merlukeun jawaban.

Senin, 26 November 2018

Novel Sunda

ku Imas Rohilah

Wangenan

Novel nyaéta karangan prosa fiksi (lancaran hayalan), pangaruh sampeuran ti Éropah, gelar dina wangun tinulis, ukuranana rélatif panjang, eusina nyaritakeun hal-hal anu ilahar kajadian dina kahirupan sapopoé. Novel Sunda munggaran, Baruang ka nu Ngarora medal taun 1914, karangan Daéng Kanduruan Ardiwinata. Novel Indonesia munggaran, Azab dan Sengsara medal taun 1920 karangan Merari Siregar. Genep taun leuwih ti heula novel Sunda tinimbang novel Indonesia


Ciri-ciri Novel

a.      Lancaran (prosa)

Novel ditulis dina wangun lancaran, lain wangun ugeran (puisi), ku kituna cara nulisna diparagraf-paragraf diwuwuhan ku dialog/guneman saluyu jeung kaperluan. Lain dipada-pada jiga dina sajak.

b.      Fiksi

Novel mangrupa karangan fiksi, hartina naon-naon anu dicaritakeun dina novel mangrupa hasil imajinasi pangarangna, lain fakta atawa lain kanyataan, sok sanajan kitu, sababaraha novel ditulis dumasar kana sajarah.

c.      Karya sastra sampeuran ti Éropah

Novel lain karya sampakan, tapi karya sampeuran, pangaruh tina karya sastra di Éropah. Nalika Éropah ngajajah urang, nu dibawa lain pangaruh mangrupa banda alam fisik wungkul, tapi ogé kakayaan alam pikiran kaasup karya sastra.

d.    Gelar sacara tinulis

Novel gelar mimiti sacara tinulis, diketik atawa dicitak, samalah kiwari geus ceuyah novel-novel dina wujud digital.

e.     Galurna rélatif ruwed

Galur dina novel rélatif ruwed, palakuna bisa ngalaman rupa-rupa kajadian, boh kajadian anu tumiba/dilakonan ku fisikna boh kajadian anu tumiba/dilakonan ku pikiran jeung rarasaanana.

f.      Ukuranana rélatif panjang

Ukuran novel jauh leuwih panjang manan carita pondok (cerpen). Dina kabeungharan sastra, aya anu disebut novelét jeung roman. Dina sastra Sunda teu dipisah-pisah antara novel, novelét, jeung roman, kabéhanana sarua, éta-éta kénéh.

g.     Palakuna rélatif loba

Ku lantaran panjang téa, palaku dina novel rélatif loba, saluyu jeung kajadian-kajadian anu lumangsung dina novel. 

h.     Nyaritakeun hal-hal anu ilahar dina kahirupan sapopoé

Anu dicaritakeun dina novel éstuning kajadian-kajadian sapopoé anu ilahar kaalaman ku manusa. Dina sababaraha novel aya dicaritakeun sasatoan atawa mahluk-mahluk lian ti manusa, tapi angger dina enas-enasna mah éta téh mangrupa répréséntasi pangalaman manusa.

i.       Ngaran pangarang natrat kanyahoan

Ngaran pangarang novel natrat kanyahoan, dituliskeun dina buku novelna, ieu saluyu jeung tradisi tulis/citak dina alam kahirupan modéren, saluyu ogé jeung kamekaran jiwa manusa anu rasa ‘memiliki’-na mingkin dieu mingkin gedé.  


Kampung Mahmud


Kampung Mahmud téh ayana di Kabupatén Bandung, perenahna di RW 04 Désa Mekar Rahayu, Kacamatan Margaasih. Ieu kampung téh misah ti kampung-kampung séjénna. Sanajan misah, teu matak hésé komunikasi jeung masarakat kampung lianna lantara aya jambatan anu ngahubungkeun kampung Mahmud jeung daérah-daérah séjénna. Ieu kampung kawilang strategis sabab teu pati jauh ti kota Bandung. Dijugjug maké angkot jurusan Kampung Mahmud ti terminal Tegallega, ngaliwatan jalur Tegallega, Bypass, Holis, Cigondéwa, langsung eureun di terminal Kampung Mahmud.

Lokasi kampung Mahmud padeukeut jeung walungan Citarum, kalawan wates-wates: beulah kalér: Désa Rahayu jeung Désa Cigondéwa; beulah kidul: Désa Pameuntasan jeung Désa Daraulin; beulah kulon: Désa Nanjung;  jeung beulah wétan: Désa Margahayu.

Nurutkeun masarakat di dinya, ieu kampung diadegkeun dina abad ka-15 Maséhi ku Sembah Éyang Abdul Manaf, turunan Syarif hidayatulloh, wali ti Cirebon. Kapungkur, Éyang Abdul Manaf angkat ka Mekah ngantunkeun lemburna. Linggih di Mekahna lami pisan. Nanging dina hiji mangsa, Éyang Abdul Manaf ngaraos hoyong mulih. Sateuacan mulih ngantunkeun Mekah, anjeunna ngadudu’a di Gubah Mahmud caket Masjidilharam. Dina du’ana anjeunna neneda sangkan tiasa mulih ka sarakan anu teu teu kantos karanjah ku penjajah. Lian ti kitu, ti Gubah Mahmud, anjeunna mekel taneuh sakeupeul. Sadugina ka lembur, anjeunna milari tempat anu saluyu sareng pituduh nalika di Gubah Mahmud. Nya anjog ka sisi walungan Citarum. Taneuh anu sakeupeul téh diawurkeun di dinya. Teras anjerunna ngadegkeun masjid. Tepi ka ayeuna éta masjid aya, ngaranna Masjid Paimbaran.

Pikeun urang Kampung Mahmud, munggah haji téh mangrupa ibadah anu utama. Urang Kampung Mahmud teu asa-asa ngajual tanah katut sawah sangkan bisa  munggah haji. Jalma anu geus ngalaksanakeun ibadah haji darajatna dianggap leuwih luhur, tur diarajénan ku balaréa.
Urang kampung Mahmud kacida ngamulyakeunana kana bulan-bulan jeung poé-poé Islam, saperti bulan Mulud, Rinadon, Sawal, jeung Sapar. Dina ngagormat poé-poé islam, jiga nu keur hajat. Dahareun sok leuwih onjoy tinimbang poé-poé lianna. Angot lamun lebaran, silianteuran kadaharan jadi hiji tradisi nu tara ditinggalkeun.

Makam Karuhun di Kampung Mahmud

Aya tilu makam anu sok dijarahan ku masarakat Kampung Mahmud jeung saluareunana nyaeta Makam Éyang Abdul Manaf, Makam Sembah Éyang Dalem Abdullah Gedug, jeung Makam Sembah Agung Zaenal.

Jalma anu rék jarah kudu dina kaayaan beresih, éstuning kudu boga wudu, maké pakéan anu rapih jeung nutuan orat. Anu jarah bakal diaping ku kuncén. Mimitina ngadu’a diluluguan ku kuncén, saterusna mah jalma-jalma nu jarah ngadaru’a sorangan.






Pantrangan di Kampung Mahmud

Sababaraha pantrangan di Kampung Mahmud di antarana: Teu meunang jarah dina poé Juma’ah sabab poé Juma’ah mah poé pikeun ibadah; teu meumang nyieun imah anu permanén (ditémbok); teu meunang maké kaca pikeun bahan bangunan; teu meunang nabeuh goong; teu meunang ngingu soang; teu meunang nyieun sumur, jeung pantrangan-pantrangan lianna.


(Téks dicutat jeung diropéa tina https://su.wikipedia.org/wiki/Kampung_Mahmud  dianjangan tanggal 22 Novémber 2018 tabuh 09.30 WIB; gambar dikunjal tina m.tarungnews.com)

Kampung Adat Sindangbarang


Kampung Adat Sindangbarang téh perenahna di Sindangbarang, Désa Pasireurih, Kacamatan Tamansari, Kabupatén Bogor Barat. Anggangna kira-kira 5 kilométer ti Kota Bogor. Kawilang babari upama urang hayang ngajugjug ka ieu tempat. Bisa tumpak angkot jurusan Sindangbarang, turun di pertelon. Ti dinya mah kari tumpak ojég. Jalanna kawilang nanjak sarta loba péngkolan. Tapi upama geus anjog ka Kampung Budaya, urang dipapagkeun ku pamandangan alam anu matak waas. Leuweung maleukmeuk di jauhna. Imah-imah panggung parentul. Ngajajar asri tur hégar katénjona. Aya Imah Gedé, nyaéta imah pupuhu kampung nu nampeu ka lahan nu lega ngagemblang, kawas alun-alun. Di sisi ieu lahan ngadarangong leuit nu suhunanana nyarungcung éndah pisan. Tangkal kalapa jeung awi tingrunggunuk di sawatara tempat. Aya batu ngadarungkuk di buruan Imah Gedé, diriung ku kekembangan.

Kumaha kasang tukangna ieu kampung budaya Sindangbarang téh? Ceuk katerangan ti Ahmad Mikami Sumawijaya, nu kapapancénan jadi Pupuhu Kampung, Kampung Sindangbarang téh geus aya ti jaman Karajaan Pajajaran. Dina naskah Pantun Bogor ditétélakeun yén di ieu kampung aya 33 pundén batu nu undak-undakan. Ieu pundén téh minangka tempat paranti muja semédi urang Pajajaran. Rakéan Darmasiksa nu harita nyekel kakawasaan di Pakuan Pajajaran, maréntahkeun sangkan nyieun pundén batu di Sindangbarang. Dina carita pantun Bogor ditétélakeun; “Ulah Sindangbarang geusan tata pangkat diganti deui. Sang Pamanah Sang Darmajati, tanah lemah tutup bumi, tutup buana dat mulusna.” Tina éta ungkara katémbong yén Sindangbarang téh dikaramatkeun,dianggap tempat suci. Malah dianggap papayung buana sangka tetep mulus rahayu.

Kampung Sindangbarang aya di wewengkon nu tanahna subur. Ku sabab kitu hasil tatanén teu weléh cukul. Rahayat hirup tengtrem tur raharja.   Saban taun sok diayakeun upacara adat “Sérén Taun”. Minangka tanda sukur ka Gusti Nu Maha Suci, ngeunaan hasil tatanén, sarta miharep hasil nu leuwih punjul dina taun hareup. Tapi éta tradisi téh henteu terus manjang. Kira-kira dina taun 70-an upacara “Sérén Taun” geus teu  dilaksanakeun deui, sarta imah-imah panggung mimiti lus-les laleungit. Éta  sababna pikeun ngariksa budaya titinggal karuhun, dina taun 2006  Kampung Sindangbarang dirékonstruksi deui. Diadegkeun deui dumasar  kana katerangan nu kaunggel dina Pantun Bogor. Nya jleg baé ahirna jadi
Kampung Budaya Sindangbarang, kawas anu témbong ayeuna.

Di bagian lahan anu rada luhur, aya Imah Gedé, tempat matuhna Pupuhu Kampung. Wangunanana gedé, lalega, dipasieup ku suhunan julang ngapak. Gigireunana aya imah Girang Serat, tempat pamatuhan girang serat, nyaéta jalma anu pancénna purah mantuan Pupuhu Kampung dina ngokolakeun adat jeung kahirupan di Sindangbarang. Teu jauh ti dinya aya deui Saung Talu. Ieu mah wangunan paranti mintonkeun rupa-rupa kasenian. Éta wangunan téh tiluanana aya di sisi alun-alun anu lega, tempat paranti lumangsungna upacara adat Sérén Taun. Salian ti upacara taunan, urang Sindangbarang ogé sok ngayakeun salametan dina malemam 14 purnama. Ngirim du’a ka karuhun sarta ménta kasalametan ka Gusti Nu Maha Suci, sangkan rahayat tetep raharja. Minangka  sasajénna maranéhna sok nyadiakeun kuéh tujuh rupa, minangka perlambang tujuh lapis bumi, jeung kembang tujuh rupa, perlambang tujuh lapis langit. Salian ti éta aya ogé parukuyan, kopi pait, kopi amis, surutu, jeung sajabana.

Perkara imah jeung bagian-bagianana keur urang Sindangbarang mah miboga harti anu mandiri. Bagian tengah disebutna ‘buana panca tengah’ nyaéta tempat cicingna manusa. Bagian handap atawa kolong imah, disebutna ‘buana handap’, tempat cicingna bangsa lelembut, jurig atawa siluman. Ari bagian luhur nyaéta suhunan, disebutna ‘buana luhur’, tempat cicingna karuhun. Kitu deui hateup injuk. Ieu ogé aya pakaitna jeung kaperayaan urang dinya. Ceuk katerangan ti kolot-kolot baheula anu terus turun-tumurun, para déwa atawa karuhun sok nurunkeun piwejang téh dina tangkal kawung. Éta sababna kawung dianggap tangkal anu suci turta injukna sok dipaké hateup keur niungan imah. Maksudna malar anu ngeusina meunang panangtayungan jeung katingtriman.

Di luhur Imah Gedé bagian hareup aya Warogé anu ngagantung.Warogé téh gambar, simbul tina jangjawokan Sunda baheula anu diukir dina kai. Gunana pikeun panulak bala sangkan henteu diganggu ku bangsa lelembut nu boga maksud jahat. Warogé téh asalna tina kecap daruga atawa darugi, robahan tina kecap durga atawa durgi. Dina mitologi Hindu, durga téh Dewi Uma anu disupata ku Batara Guru tepi ka wujudna robah jadi raksési nu pikasieuneun. Durga dibuang ka leuweung Sétra Ganda Mahayu, karajaan siluman tempat kumpulna roh-roh jahat. Déwi Darugi kawin jeung Batara Kala sarta duanana jadi mahluk jahat. Éta mitologi téh dipercaya ku Urang Sunda baheula. Nyi Darugi jeung Batara Kala sok datang sarta nganggangu manusa. Éta sababna di imah kudu dipasaang warogé minangka taméng panulak bala. Warogé sok digambar dina awi sarta ditancebkeun di juru-juru imah.

Gambar atawa simbul dina warogé téh miboga ngaran jeung harti masing-masing. Haranghasuan (warogé simbul seuneu), gunana pikeun ngalolongkeun panon lelembut nu niat ngaganggu pakampungan atawa lahan tatanén. Ratuning Tutulak (warogé simbul taneuh), pikeun panulak bala tina gangguan manusa atawa jin nu niat jahat. Watu Panggilang (warogé simbul batu), panulak bala tina gangguan mahluk gaib nu aya dina batu. Wangapah (warogé simbul cai), panulak bala tina gangguan mahluk gaib nu aya di cai. Wawayangan (warogé simbul angin), panulak bala tina gangguan mahluk gaib nu aya di awang-awang.

Urang Sindangbarang téh ngagem agama Islam sarta tukuh kana adat titinggal karuhun. Éta sababna dina ngalaksanakeun kawajiban agama loba kacampuran ku adat kabiasaan. Ari pakasaban sapopoéna aya anu tatanén, melak paré jeung sajabana. Aya ogé anu jadi wiraswasta nyaéta nyarieun batik jeung sapatu. Sapatu ti Sindangbarang dijual ka Pasar Anyar Bogor jeung ka Pasar Pagi atawa Jatinegara, Jakarta. Tadina mah kawilang loba anu nyaireun sapatu téh. Ngan tuluy malencar, muka usaha di tempat séjén. Ari batik mah umumna sok dijarual di Sindangbarang baé, ka wisatawan nu daratang ka dinya. Ieu batik tradisional nu henteu ngagunakeun bahan kimia téh hargana kawilang mahal, baju upamana, hargana bisa tepi ka 150 rébu.    
Kasenian ogé dipiara. Barudak loba anu dialajar nabeuh gamelan atawa tari. Saban malem minggu kolot-kolot sok nabeuh gamelan di Saung Talu. Tapi kasenian nu kawilang unik mah nyaéta “parebut séeng”. Ieu kasenian téh saenyana kaasup penca. Diayakeunana upama aya jajaka anu rék ngalamar mojang. Tah, si jajaka téh kudu némbongkeun kamahéran menca sarta kudu bisa ngarebut sééng ti hiji lalaki. Upama sééng bisa karebut, mojang anu dipikahayang bisa dikawin. Tepi ka ayeuna éta tradisi “parebut sééng” téh masih aya. Ngan ayeuna mah béda. Keurna sééng teu bisa karebut, si jajaka angger bisa ngalamar. Pangna kitu lantaran kungsi aya kajadian riributan ku sabab si jajaka teu bisa ngarebut sééng sarta teu bisa ngalamar mojang anu dipikabogohna.


Aya deui tradisi nu ahéng di Sindangbarang téh, nyaéta upacara melak batu, anu ilahar sok disebut Makukeun. Ieu upacara téh ngaruntuy. Dimitian ku Ngunduh Watu, nyaéta néangan atawa milihan batu di walungan. Upama geus manggih, sok tuluy meuleum menyan sarta sasadu ka lelembut nu ngageugeuh walungan yén éta batu téh rék dipindahkeun. Batu anu dipilih téh batu anu teuas sarta alus rupana jeung wangunna. Éta batu téh disebut Ungkal Biang (ungkal = batu, biang = indung), batu indung.  Geus kitu ditéma ku Ngunduh Matur, nyaéta néangan tatangkalan anu bakal dipelak di sabudeureun batu. Éta batu jeung tatangkalan tuluy dipelak deukeut Imah Gedé, kalawan maké upacara nu disebut Makukeun
téa. Salian ti meuleum menyan, aya sasajénna anu disadiakeun nyaéta: rujak tujuh rupa (rujak dawegan, bonténg, caruluk, peuyeum, honjé, cau emas, jeung cuing), kembang tujuh rupa (campaka, kananga, kacapiring, tanjung, malati, kamuning, jeung érmawar), jeung seupaheun. Réngsé melakkeun batu tuluy dipungkas ku murak tumpeng anu geus didu’aan saméméhna. Brak dalahar, balakecrakan. Ari maksudna, melak batu téh malar lembur jeung pangeusina jadi kukuh. Tetep renggenek sarta tuhu ngariksna adat titinggal karuhun.


(Diropéa tina Pamekar Diajar Basa Sunda Kelas IX, Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kaca 26-31)